Search

Tuesday, April 17, 2012

Layang Muslimin Muslimat Jilid II

Sinom
1. Ieu teh sambungannana, neraskeun Raden Muslimin, sinareng Raden
Muslimat, eukeur mufakat bab ilmi, tina teu acan sisip, panarosna tacan
tutup, narosna masih kebat, ku rakana teu di penging, terus bae dijawab
sakuat-kuat.
2. Tina ba’da shalat Isya, meh bae cacap sawengi, liren dina tabuh opat,
lajeng arangkat ka cai, rakana sareng rai, pada naretepan shubuh,
saparantos naretepan, ajeng marulih ka bumi, tuang leueut papayunpayun
duaan.
3. Kocap Raden Muslimat, ka rakana madep deui, hormat tilawat ka raka,
madep tungkul sarta ta’dim, miunjukna langkung ajrih, mugi engkang
ulah bendu, reh na rai kumalancang, kumawantun naros deui, isin na
mah kang rai teh sakalintang.
4. Tina langkung panasaran, ku rai tacan kapikir, dina pasal Sembahyang,
ibadah ka Maha Suci, naha kalebet wajib, atawa kalebet fardhu, lima
waktu sapoena, pada dilakonan sami, kusadaya nu kasebat kaom Islam.
5. Lajeng ngajawab rakana, ka raina naros deui, naha dina sembahiyang,
kumaha dina Usshalli, basana anu kauni, naha wajib naha fardhu, nu
mimiti nganiatan, raina lajeng ngalahir, basana maha fardhu bae
disebatna.
6. Usshalli fardhu Isya, atawa fardhu shubhi, ceuk rakana geuning eta,
fardhu disebatna sidik, teu Usshalli wajib shubhi, fardhu bae nu kasebut,
sanajan saterasna, fardhu basana teh geuning, ceuk raina leres kitu
disebatna.
7. Mung naha kuma bedana, fardhu sinareng wajib, saur raka tangtu beda,
basana ge dua rupi, dua tapi sing ngahiji, hijikeun masingna gulung,
kieu katerangannana, wajib mun dina baba ilmi, wajib eta parentahan
Gusti Allah.
8. Dina hadist geus kasebat, Wa kawa ‘Idul Imani, wajibul wajib terasna,
anjalna unggel dalil, kabeh umatna Gusti, wajib kudu pada weruh,
nganyahokeun kana iman, nyaeta iman sajati, ari iman hiji Nurna Gusti.
9. Eta tanda kanyataan, kanyataan aya Aing, Hakekat Muhammadiyyah,
Johar Awal eta nami, jatining syahadat deui, atawa sagara hirup,
hirupna sagala rupa, saeusina tujuh bumi, taya lian asalna teh ngan hiji.
10. Tina Hakekat Muhammad, nyaeta utusan Aing, ngajadikeun alam
dunya, sarawuh eusina deui, tapi teu pisah jeung Aing, jeung
Layang Muslimin Muslimat
44
Muhammad teu pajauh, sasatna geus sa dzat, Aing jeung Muhammad
pasti, moal aya Aing mun taya Muhammad.
11. Kitu deui sabalikna, Muhammad ge moal bukti, lamun teu aya Aing
mah, ibarat panas jeung api, gulung ngajadi hiji, moal aya sifat hurung,
lamun hanteu aya panas, panas ge pon kitu deui, moal aya mun sifat
seuneu ilang.
12. Tah kitu rai leresna, nu ngaran wajib teh rai, sadayana umat-umat, wajib
ma’rifatna pasti, kana dzatna Maha Suci, nyaeta nu kasebut, hakekat
Muhammad tea, kapan Muhammad teh tadi, awal akhir didamel ku
Gusti Allah.
13. Miwarangna Gusti Allah, ka sadaya umat Gusti, sanes bae ka umatna,
wungkul ka umat Jeng Nabi, Muhammad Rasulullahi, tapi kasadaya
makhluk, sakur nu boga Agama, wajib kudu kataringgali, kana eta
sajatina Iman tea.
14. Wajib pisan ma’rifatna, ka Aing kalawan yakin, supaya barisa mulang,
baralik deui ka Aing, da maneh asal ti Aing, jalanna maneh teh kudu,
nganyahokeun heula dzatna, nyaeta utusan Aing, nu kasebut hakekat
Muhammad tea.
15. Mun geus yakin ka Muhammad, ka Aing geus tangtu yakin, sabab Aing
teu papisah, ibarat gula jeung amis, cai jeung tiisna deui, ombak
reujeung cai laut, tah kitu ibaratna, poma rai sing kaharti, Gusti Allah
akrobna reujeung Muhammad.
16. Ceuk raina nuhun pisan, perkawis wajib kaharti, kantun eta fardhuna,
parentahna saha deui, perkawis fardhu teh rai, parentahna Kangjeng
Rasul, nya Kangjeng Nabi Muhammad, miwarang ibadah misti, sabab
makhluk kaulana Gusti Allah.
17. Kudu pisan tumarima, jadi kaulana Gusti, nu matak fardhu nyembahna,
bedana kaula Gusti, upama urang teu bakti, teu ibadah ka Yang Agung,
atuh jadi nyaruaan, ka Gusti nu Maha Suci, henteu aya luhur handap
jadi papak.
18. Jadi hanteu tumarima, ieu teh wujud jasmani, kamurahan Gusti Allah,
nu matak urang di dohir, kudu nurut saur Nabi, kudu ngalakonan
rukun, rukun nu lima perkara, Syahadat Shalat teh misti, Jazakatna
Puasa Munggah Hajina.
19. Fardhu teh kudu lakonan, parentahna Kangjeng Nabi, tapi kudu jeung
wajibna, parentahna Maha Suci, nya anu kasebat tadi, dua-dua kudu
paju, supaya urang sampurna, salamet lahir jeung batin, parentahna
duanana kacumponan.
20. Ceuk raina aduh engkang, estu nyerep kana ati, eta kasauran engkang,
moal lepat kitu pasti, tapi rai naros deui pasal wajib jeung fardhu, dines
mana mistina, dipigawena kujalmi, dines fardhu atawa dines wajibna,
21. Ceuk rakana mun can terang, enya meureun dines wajib, da eta mah
parentahan, notok ti Gusti Yang Widi, pikeun ka sadaya jalmi, yen kudu
Layang Muslimin Muslimat
45
pada marafhum, ka asal maneh sorangan, sabab mun teu tingali, tangtu
moal bisa balik ka asalna.
22. Lamun hanteu bisa pulang, ka asal urang sajati, tangtuna teh nyawa
urang, balikna teh enggeus pasti, kana dadamelan deui, dadamelan
Maha Agung, boh Naraka boh Sawarga, tunggal dadamelan Gusti teu
nyumponan lafad nu sok disebat.
23. Inna lillahi kasebat, jeung waina illaihi, raji’un saterasna, sundana asal ti
Gusti, kudu balik deui misti, ka Gusti nu Maha Agung, geuning lain ka
Sawarga, da Sawarga mah geus yakin, jalan turun urang rek ka alam
dunya.
24. Enya eta kani’matan, Ibu Rama waktu tadi, enya eta Sawarega, bener
gening unggel Hadist, kabeh jalmi ti Sawargi, nyatana ti ni’mat kitu, tina
rasana syahadat, sa’adatna waktu tadi, Ibu Rama nalika patemon rasa.
25. Kapan sidik Sawarega, jalan rek ka dohir, numawi tekad engkang mah,
moal kadinya balik, eta mah Sawaregi, rek dipake jalan wungkul, jalan
balik ka Allah, nyaeta sagara hurip, hirup Allah nu langgeng teu keuna
ku ruksak.
26. Kapan tadi Ibu Rama, pang ngaraos ni’mat pasti, kumargi aya hirupna,
nyaeta dzatna Yang Widi, numawi engkang mah rai, hayang balik teh ka
hirup, geuning sakitu sirnana, waktu urang memeh bijil, taya rasa
ngeunah teu ngeunah ge lepat.
27. Ceuk raina naha engkang, eta perkawis Sawargi, lebah mana ka
sorangna, rakana ngajawab deui, lebah waktu sakaratil, mistina urang
teh kudu, nampa rebu kani’matan, kani’matan rama tadi, da tadi ge
datangna ti ka’nimatan.
28. Ceuk raina nya paingan, wajib ma’rifat ka Gusti, wajib teh nu pang
dinesna, fardhu nuturkeun pandeuri, paingan fardhu mah, aya keneh
kaol kitu, lamun jalma nu teu kuat, hanteu wenang munggah haji, di
angingkeun hanteu kedah jarah ka Mekkah.
29. Zakat ge ari geus nisab, nu teu nisab mah teu misti, najan dina
sembahyang, saperti mungguhing istri, mun keur kotoran mah anging,
sanajan hanteu milaku, ngalakonan sembahyang, diwenangkeun unggel
Hadist, hanteu kudu ngalakonan sembahyang.
30. Dina perkara wajib mah, teu aya kaolan deui, kedah bae sadayana,
nyaho kana dzatna Gusti, mangsa-mangsa teu tinggali, tangtu moal bisa
wangsul, ka asal purwa daksina, teu bisa mulih ka jati, hanteu bisa
mulang ka asal sorangan.
31. Nyaur deui Den Muslimat, perkawis bieu kaharti, aya deui nu can
paham, ka engkang rek naros deui, kumargi hayang kaharti, mugi ku
engkang piwuruk, naha dina Sembahyang teu aya wajibna deui, fardhu
bae teu nganggo aya wajibna.
32. Rakana enggal ngajawab, saniskara hal ge rai, wajib teh geus tangtu
aya,komo dina hal Agami, ibadah ka Maha Suci, pasal sembahyang teh
Layang Muslimin Muslimat
46
tangtu, malah wajibna teh opat, hiji nangtung nu utami, dua ruku
dongko ulah sambewara.
33. Nomer tilu sujud tea, kaopat lungguh geus pasti, sakitu eta wajibna, ari
fardhuna mah rai, kudu ngucapkeun misti, sakur-sakur nu perlu, saperti
maca Fatihah, Atahiyat,kitu deui, jaba eta naon bae anu lumbrah.
34. Tah kitu ngaran fardhuna, tapi nu kuat mah wajib, fardhu ibarat
sambara, wajib ibarat daging, sambara mun teu aya daging, geus tangtu
mubadir lapur, hanteu aya gunana, moal katuang geus pasti, talunganan
aya daging teu sambara.
35. Sok rajeun kening di tuang, hanteu nepi ka mubadir, mung rasana
kurang ngunah, tapi aya oge hasil, mangfaatna kana diri, jadi kuat
hanteu lesu, matak seger karasana, ibarat kitu rai, anu mawi ceuk
engkang wajib the kuat.
36. Kitu deui hal Sembahyang, upama teu nganggo wajib, batal teu aya
gunana, geura kieu saupami, rai maca Usshalli, maca Fatihah anu alus,
nepi kana tahiyatna, terus aweh salam deui, tapi rai keur maca eta
Tahiyat.
37. Salirana gogleran, ebog dina tengah bumi, kumaha ceuk anu ninggal,
disebut eta kang rai, eukeur ngalakunan wajib, Sembahyang lima waktu,
ceuk raina tangtu moal, nyebat keur shalat ka rai, ceuk rakana sidik
sare’atna batal.
38. Geura mun bener wajibna, nangtung rukuna sing bukti, sujud
lungguhna katinggal, raka’atna kitu deui, kajeun teuing dina ati,
ngahariring lagu pucung, tatapi ceuk anu ninggal, tetep moal samara
deui, kang rai the keur midamel Sembyang.
39. Sumuhun saur raina, ku kang rai geus kaharti, pasal wajib jeung
fardhuna, mung aya keneh saeutik, naon anu jadi margi, dina shalat lima
waktu, aya wajibna opat, kumaha asalna deui, haying terang da
meureun aya asalna.
40. Rakana enggal ngajawab, kieu asalna the rai, eta pasal Sembahyang,
wajibna opat perkawis, sasat ngamulyakeun Gusti, ngadegkeung Asma
Yang Agung, nyaeta huruf lafad, nangtung teh nya huruf Alif, kaduana
ruku teh huruf Lam awal.
41. Sujud Lam akhir nyatana, lungguh He teu salah deui, dupi takbiratul
Ikhram, nyatana nya huruf tasjid, jadi geuning eta sidik, Alif Lam Lam
He geus dumuk, lafad jenengan Allah, moal samar puguh yakin, ceuk
raina nuhun parantos kapaham.
42. Mung eta Asmana Allah, Alif Lam Lam He nu tadi, timana asal usulna,
da eta mah lafad tadi, saparantosna di dhohir, sangeus aya dunya
dumuk, kumaha ti Kadimna, rai paparin mangarti, hayang erang timana
eta jadina.
43. Rakana lajeng ngajawab, duh eta mah rai penting, hana rai tutuluyan,
hayoh bae ngabeberik, pun engkang mah rada risi, rada paur arek
Layang Muslimin Muslimat
47
nyebut, kapan eta mah rasiah, ulah lalawora rai, tadi Guru nasehat
kabina-bina.
44. Tapi sugan geus ugana, enggeus idin Maha Suci, sangkan ulah ka
jongjonan, manusa di jaman akhir, hantem asma nu di aji, kitab Qur’an
digugulung, eusina teu diteangan, hanteu dirasakeun dalil, dilenyepan
disurupkeun ku salira.
45. Keukeuh ngajina kaluar, dirina diluli-luli, paalus-alus ibadah,
nyembahna ka Maha Suci, laguna diaranggit, lagam Mesir nu ditiru, tapi
kanu disembahna, weleh bae teu kapanggih, teu nyumponan dalil
Qur’an nu disebat.
46. Wa’abud robbaka hatta ya’ tiyakal yakin dalil, kapan kieu sundana, lamun
maneh nyembah ka Gusti, kudu aenal yakin, sing sidik ka Maha Agung,
ulah dikira-kira, dijudi-judi ku ati, yen Allah teh ayana di luhur Arasy.
47. Na teu emut dalil Qur’an, Wanahnu aqrobu uni, Ilaihi saterusna, jeung
Min hablil warid deui, sundana teh Maha Suci, geuning aqrob sareng
wujud, geus teu aya antarana, sabab kitu kudu pikir, naon tea nu aqrob
jeung wujud urang.
48. Beurang peuting teu papisah, Raden Muslimat ngalahir, rai oge tacan
terang, aqrobna jeung Maha Suci, mun yaktos aya di diri, meureun
rentul Maha Agung, ayana di saban jalma, ceuk rakana aeh rai, poma
ulah rek kaliru patekadan.
49. Kapan tadi Gusti Allah, Dzat laesa kamislihi, ari nu aqrob jeung urang,
kakawasaannana Gusti, naon eta saur rai, kakawasaan Yang Agung,
ceuk rakana hirup urang, eta kawasana Gusti, enya eta Hakekat
Muhammad tea.
Dangdanggula
50. Kapan eta utusan Yang Widi, anu matak kedah diteangan, sifatna hirup
urang teh, supaya balik ka hirup, hirup Allah nu langgeng pasti, henteu
keuna ku ruksak, dzat Maha Agung, nu ngaran Haqullah tea,
pangbalikan manusama’rifati, jatining kasampurnaan.
51. Ceuk raina nuhun geus kaharti, pasal eta nyatana Haqullah, kantun nu
hiji tacan ngartos, Haqul Adam nu kasebu, naon nyatana anu bukti, ceuk
rakana Alam Dunya, nyatana geus puguh, anu mawi rai poma, sing
kapendak Hawullahna Maha Suci, sabab upama teu terang.
52. Teu ma’rifat ka dzatna Yang Widi, moal bisa balik ka Haqullah, tangtos
balik deui bae, kana Haqul Adam, tangtu nya balik kadieu deui,
kakurung keneh ku dunya, marakayangan tangtu, asup kana engon
siluman, kana onom atawa ka alam jin, atawa nitis-nitisan.
Layang Muslimin Muslimat
48
53. Ka manusa jeung ka hewan deui, bagong atawa buhaya, kana maung
sareng monyet, nurutkeun ilmuna kitu, kanyahona keur didohir,
meureun rai ge sok mendak, lamun malim maung, paehna sok jadi
macan, malim bagong jadi babi enggeus pasti, malim buhaya ge nyata.
54. Lamun asup ka manusa geuning, ngagerebeg bari barang penta, menta
cikopi nu lekoh, atawa menta surutu, kuma kabeukina tadi, tah geuning
rai nyata, yen teu bisa wangsul, tetep didunya ayana, sabab ari Wali mah,
tara kapanggih, sok surup sinurupan.
55. Da Wali mah sampurna geus pasti, enggeus dina Haq na Allah, nyaeta
dzatna Yang Manon, raina lajeng nyaur, sakalintang percaya rai, yen nu
hanteu ma’rifat, ka dzat Maha Agung, pantes moal bisa mulang, sabab
sidik aya nyatana nu yakin, meureun sadaya ge terang.
56. Nu ngageugeuh Gunung Gede bukti, rajana teh geuning sok disebat, nu
sok sedep panggang lele, lamun aya pekewuh, sasalad jalma garering,
sok geuwat harajat, sangu punar kitu, sareng panggang lele tea, ujubna
teh ka Embah Dalem nu linggih, di Gunung Gede Cipanas.
57. Kapan eta Embah Dalem tadi, ceuk cariosna asalna manusa, malah
jumeneng Bupatos, nagarana pada mafhum, Timbanganten nu kawarti,
geuning ayeuna buktina, bet aya di Gunung, jadi rajana siluman,
rahayatna rebu-rebu keti-keti, biasa cara nagara.
58. Jadi tangtu rahayatna pasti, eta oge nyawana manusa, anu teu bias balik
the, ka asalna kapungkur, nya asup ka dinya deui, ka nagarana siluman,
dina luhur Gunung, ngabedega ngarahayat, cara waktu manehna di
alam dohir, aya nu ngabawah prentah.
59. Anu matak rai sing kaharti, eta kitu kajadiannana, jelema anu maraot,
lobana ka dinya kitu, jadi badegana deui, raja siluman didinya, bari
tunggu-tunggu, tunggu kiamat dunya, enya eta dina Walyaomil akhiri,
ruksakna alam dunya.
60. Saruksakna ieu alam dohir, ngajadikeun sagala Naraka, naraka seuneu
jeung poek, poek tina bumi tangtu, jeung jadi Naraka cai, anu kaliwat
tiisna, angin pon nyakitu, jadi sakur anu aya, anu masih keneh kakurung
ku ieu langit, tetep di jero naraka.
61. Naha urang rek lumpat kamendi, salegana ieu alam dunya, ngajadi
seuneu sakabeh, sarta langgeung geus tangtu, jeung teu bias paeh deui,
sanajan, jero Naraka, tetep moal pupus, ngan tetep rasa teu geunah,
salanggengna henteu kacampuran deui, ku rasa kangeunahan.
62. Sabab ieu alam dunya pasti, ditetepkeun pikeun panjarana, keur
ngahukum Idajil teh, nu di la’nat ku Yang Agung, Idajil La’natullahi, nu
ngalanggar parentahna, Gusti Maha Agung, nu betah di alam dunya,
embung balik ka Gusti nu Maha Suci, nya atuh tetep di dunya.
63. Kitu deui mun nyawana jalmi, anu masih keneh ayana di dunya, sasat
nu embung balik teh, ka Allah nu Maha Agung, nurutan tekad Idajil, nya
Layang Muslimin Muslimat
49
atuh jadi bangsana, Idajil kapungkur, sasat jadi rahayatna, sang Idajil
La’natullah enggeus pasti, tangtu bareng di naraka.
64. Anu matak wajib sing kapanggih, sing ma’rifat kana dzatna Allah,
imankeuneun arek maot, sabab tadi geuning kitu, anging iman anu
ditampi, ku Allah anu kawasa, elingna satuhu, lain eling ku carita,
nyaeta ku ngucap asmana Gusti, nyebutkeun Allahu Allah.
65. Sabab dina waktu sakaratil, moal bias rek nyebutkeunnana, baroraah
bias ngomong, sagala enggeus ditutup, lawang dunya geus dikonci,
kantun eungap anu aya, rasa rebu taun, lawang Akherat teu muka, sabab
tadi koncina teu kapanggih, utag-atog taya jalan.
66. Tungtungna teh hanteu bisa bijil, sumawonna asup hanteu bisa, lawang
Akherat teu tembong, tetep hanteu bisa asup, tina ku bakating nyeri,
kapaksa roh Jasmanina, jadi alam tangtu, nya eta alam antara, ceuk hadis
mah Alam Barjah eta nami, nya eta alam antara.
67. Ti dunyana manehna geus indit, ka Akherat masih tacan datang, raina
lajeng ngawalon, leres percanten kalangkung, nya kitu mo salah deui, nu
mawi make sakarat, ciri teu katimu, lawang Akherat teu muka, buktina
teh molotot jeung larak lirik, siga anu neangan jalan.
68. Mun ku rai can kapikir, anu tadi saur engkang tea, anu ngajadi alam teh,
alam antara disebut, nu jaditeh roh Jasmani, naon kanyataannana, di
badan sakujur, roh Jasmani tacan terang, ceuk rakana mun lamun rai
tacan ngarti roh Jasmani teh nyatana.
69. Enya eta sifatna teh getih, nu ngajadi alam barjah tea, kapan tadi asalna
ge, getih teh eta geus tangtu, asal tina aci-aci, aci seuneu jeung tanah,
angin pon nyakitu, nya buktina katuangan, anu didahar ku urang teh
beurang peuting, sasat aci alam dunya.
70. Kapn bukti geuning anu mati, anu maot teu aya getihna, da ngajadi
alamna the, alam antara disebut, alam Barjah kesebat nami, geura bae
titenan, mun aya nu pupus, paehna anu kapaksa, anu dibunuh atawa
digeleng ku mobil, getihna ragrag didinya.
71. Ririwana hanteu salah deui, nya didinya sok nembongannana, tah
geuning eta geus aen, getih balik deui tangtu, ngajadikeun alam gaib, nu
mawi hanteu katinggal, kahalangan kitu, kahalangan ku alamna,
nyawana teh ngaraga sukma geus pasti, jadi dedemit siluman.
72. Eta kitu kajadian jalmi, anu hanteu kapanggih, jeung asal, asal keur dina
Kadim teh, nyaeta nyatana Nur, Nur Muhammad ceuk unggel Hadist,
Hakekatna Adam tea, bibit dunya kitu, atuh pantes moal bisa, ngan
saukur bisa balikna teh pasti, kana asalna dunya.
73. Dunya ieu bumi seuneu angin, anu bakal ngajadi teu ngunah, meureun
sadaya ngaraos, seuneu dunya mah tangtu, karasana panas geus pasti,
cai tiis rasana, bumi poek tangtu, atun nya Naraka tea, kapan tadi bibitna
mah teu kawarti, taya tiis taya panas.
Layang Muslimin Muslimat
50
74. Den Muslimat teras nyaur deui, sadayana bieu saur engkang, nuhun
parantos kahartos, ayeuna gaduh piunjuk, pasal Haqullah nu tadi,
sareng Haqul Adam tea, rai masih keneh bingung, naon nyatana di
badan, hakekatna di badan urang pribadi, ku rai tacan kapaham.
75. Cauk rakana lamun tacan harti, Haqna Allah tetep hirup urang, Haqul
adam mah geus tangtos, nya rasa sareng nafsu, nyawa kasebatna rai,
ceuk raina naha beda, nyawa sareng hirup, saur raka tangtu beda,
malah-malah sifatna ge beda pasti, sabab basana ge dua.
76. Ari sifat hirup mah kang rai, enya eta sifat cahya, ari nyawa mah geus
tangtos, sifatna getih kitu, datangna ge ti pandeuri, meureun ku rai
karasa, waktu keur dikandung, hirup mah kapan geus aya, anu matak
dijero beuteung geus usik, pertanda aya hirupna.
77. Malah dina gujragna ka dohir, masih keneh tacan aya nyawa, anu mawi
taya raos, sumawonna aya nafsu, taya dangu taya tinggali, taya angsuangsu
acan, sababna pang urang kitu, keur masih dina Haqullah, hirup
Allah anu sakalangkung suci.
78. Lami-lami eta murangkalih, saprantos lebet kadaharan, sarupaning naon
bae, kaayaan dunya kitu, mimiti rasa teh bijil, ngarasa aya ngeunah, teu
ngeunah pon kitu, panon ge bijil awasna, cepil ge bijil danguna geus
pasti, baham bisa cacarita.
79. Lami-lami tuluy bijil deui, tina rasa nya bijil kahayang, hayang naon
hayang naon, nyaeta ngaran nafsu, lebah dinya enggeus pasti, hirup
kalawan nyawa, dua geus ngagulung, tadi memeh aya rasa, hirup
wungkul nyaeta hgirup sajati, roh suci kasebatna.
80. Barang enggeus kacampuran getih, enya eta aci kadaharan, nu di dahar
ku urang teh, roh bumi seuneu banyu, roh angin pon kitu deui, roh
sagala hewan-hewan sadayana asup, jadi hirup suci tea, lami-lami ka
bulen ku sifat getih, anu kalangkung kotorna.
81. nya nimbulkeun nafsu tilu rupi, enya eta Amarah Lowamah, Sawiyah
katiluna teh, mawana eta nu tilu, narikna ka alam dohir, karepna
kasukaan dunya, hayang seubeuh nyatu, jeung ngajujur kasukaan, resep
ngadu resep lacur jinah maling, jeung ngagedekeun Amarah.
82. Jadi eta nafsu tilu tadi, jadi tempat setan la’natullah, didinya
marunggonna teh, numatak bedas kalangkung, Mutmainnah nafsu nu
suci, teu kuat eleh loba, remen sok kabaud, bukti langka anu iman, nu
ngestokeun kana parentahna Nabi, sumawon parentah Allah.
83. den Muslimat lajeng nyaur manis, yaktos pisan eta Mutmainnah, nafsu
nu sok narik hade, kumaha sangkanna punjul, ulah sok elehan teuing,
ceuk rakana taya akal, lian ti nyalindung, nyalindung ka dzatna Allah,
nu matak urang wajib ma’rifati, sangkan kuat salawasna.
84. Jadi iman sabeurang sapeuting, sabab henteu rasa papisahan, jeung
Allah Gusti Yang Manon, geus Wahua Ma’akum, babarengan siang jeung
wengi mun geus kitu mah mokaha, moal rek kabaud, ku nafsu nu
Layang Muslimin Muslimat
51
goreng tea, sabab isin inggis sieun kuku nguntit, nu Murba ka wujud
urang.
85. Lami-lami setan tangtu nyingkir, moal daek ngagoda rancana, sabab
sieuneun geus tangtos, rasana panas geus tangtu, deukeut jeung nu iman
pasti, tah kitu gunana, mun ngelmuna tutug, jadi salamet bawana, lahir
batin moal rek manggih balai, sabab beresih lakuna.
86. Den Muslimat lajeng nyaur deui, pasal eta parantos kapaham, kahartos
sareng karaos, ayeuna wangsul kapungkur, panarosan jisim abdi, nu
tadi tacan dijawab, dina pasal huruf, enya eta lafad Allah, Alif Lam Lam
He timana asalna deui, pang ayana Lafad Allah.
87. Ceuk rakana aeh engkang lali, enya bae eta can dijawab, nya neda
tawakuf bae, tina bakating khusu, nyarioskeun dzat Maha Suci, nu
kalangkung pentingna jeung bab sakaratul, ayeuna mah atuh mangga,
rek didadar ku engkang sangkan kaharti, kieu usul asalna.
88. Anu matak aya huruf dalil, huruf Allah aya opat rupa, nya eta Alif Lam
Lam He, nya eta Asma Yang Agung, awalna eta geus pasti, asalna tina
dzat sifat, Gusti Maha Agung, dzat hartina kanyataan, sifat rupa eta
hanteu salah deui, Johar Awal kasebatna.
89. Caang padang sifatna geus pasti, tina padang bijil kanyataan, bijil cahya
opat tembong, Nur Muhammad nu kasebut, nyaeta Adam hakeki,
babakalna alam dunya, hiji ngaran Narun, cahya beureum sifatna,
kaduana Hawaun kasebat nami, cahya koneng sifatna.
90. Katiluna Maun eta nami, cahyana bodas hanteu salah, Turobbun
kaopatna teh, cahyana nu hideung mulus, tah sidik geus opat rupi,
kalima caangna, jadi tasjid kitu, nu opat teh Alif Lam Lam, sareng He na
rai kitu mun teu harti, asalna teh lafad Allah.
91. Sabab eta bibit nu kumelip, tujuh Bumu tujuh Langit pisan, sarawuh
eusina kabeh, dina Hadist ge kasebut, sadaya anu kumelip, sakabeh asal
ti Allah, lumbrah geuning kitu, tah sayaktosna tidinya, tina Enur anu
opat perkawis, kalimana Johar Awal.
92. Henteu pisah dzatna Maha Suci, jeung sifatna sumawon asmana, geus
ngagulung moal geseh, geus saƤdzat anu tilu, hanteu patarengga deui,
sasat Allah jeung Muhammad, Adam jadi gulung, Ahadiyat sareng
Wahdat, katiluna Wahidiyat eta nami, dzat sifat sarawuh asma.
93. Kantun anu kaopatna deui, anu kasebat Af’al Gusti Allah, enya ieu
buktina the, alam dunya anu dumuk, sarawuh eusina deui, nya anu jadi
bakalna, nu tadi disebut tina cahya Nur Muhammad, opat rupi kalima
caangna pasti, hakekat Muhammad tea.
94. Aya seuneu ieu alam dohir, ku sorotna Narun hanteu salah, cahaya anu
beureum eces, kaduana angin kitu, sorot Hawaun geus pasti, cahya
koneng sifatna, ari nu katilu, aya ieu cai dunya, ku sorotna Maun anu
putih, ka opat bumi anu nyata.
Layang Muslimin Muslimat
52
95. Nya eta sorotna Turobun geus pasti, cahya hideung sifatna teu salah,
kalimana Panon poe, geuning buktina kitu, eta asmana Yang Widi, teu
beda jeung Kadimna, tetep lima huruf, sabab sakitu bibitna, najan rukun
anu lima perkawis, tah asalna ti dinya.
96. Waktu oge geuning lima deui, teu kaluar ti asmana Allah, sanajan di
Mekkah oge, Imamna opat tangtu, kalimana Baetullahi, sanajan Gusti
urang, kangjeng Nabi Rasul, sahabatna geuning opat, kalimana sareng
anjeuna pribadi, lafad Allah sadayana.
97. Saur rai ayeuna mah harti, nya paingan kitab enggeus nyebat, yen tujuh
langit bumi teh, di angliputi Yang Agung, ayeuna kakara sidik, sifatna
ngangliputina, ku asmana kitu, asal asma tina cahya, Nur Muhammad
utusanana Yang Widi, rai sakalintang bingah.
98. Ceuk rakana anu mawi wajib, urang kudu ma’rifat ka asal, nya eta anu
bieu teh, sangkan ulah kasarung, balik deui ka alam dohir, da dunya
mah kalangkangna, dzat nu Maha Agung, tangtuna enggon Naraka,
geura bae didunya ge geuning sidik, kalangkang jadi Naraka.
99. Saupami sorot Matahari, dihalangan ku sahiji kaca, kalangkangna
tangtos bae, ngajadi seuneu hurung, anu panas teu salah deui, matak
ngaruksak ka urang, bisa jadi tutung, naha tina bibitna mah, Panon poe
teu matak jadi balai, malah lamun dideukeutan.
100. Saupama naek kana pasir, Gunung luhur bet tambah tiisna, tambah
deukeut tambah raos, eta teh siloka wungkul, mere upami ka jalmi,
supaya boga pikiran, ulah arek jauh, tina dzatna Gusti Allah, nu
moncorong lir Srangenge nuju bijil, Srangenge alam Akherat.
101. Ceuk raina teu kinten kaharti, namung aya saeutik anu samar, pasal kaca
can ngahartos, naon nyatana anu dumuk, rakana deui ngajawab, rai mun
can mafhum, kaca panghalangna tea, enya ieu buktina wujud jasmani,
mindingan kana dzat tea.
102. Sungsum tulang daging sareng kulit, anu jadi hijabna ka Allah, dina
Hadist kacarios, lafadna geuning kitu, Laa Hijabbaka kauni, jeung Illa
Wujudika, Fafnin ‘anil Wujud, Takun Wasilan terasna, saurna teh Gusti anu
Maha Suci, euweuh anu jadi hijab.
103. Lian eta wujud maneh eta pasti, anu jadi hahalang ka Allah,hijab ka
Gusti Yang Manon, lamun maneh saestu, hayang nyaho ayana Aing,
burak heula wujudna, sing ulah ngajarentul, ulah boga rasa aya, wujud
reujeung bumi langit, sabab Aing Nafi Isbat.
Asmarandana
104. Ceuk raina bingung teuing, dina palebahan eta, kumaha nya akalna teh,
bisa ngailangkeun jasad, sumawonna alam dunya, rai sakalintang
bingung, hanteu katepi ku akal.
Layang Muslimin Muslimat
53
105. Hanteu kahartos ku pikir, kajaba dina sare mah, didinya hanteu ngaraos,
boga wujud rawuh dunya, tapi weleh teu kapendak, sareng dzatna
Maha Agung, hanteu aya pependakan.
106. Saur raka moal manggih, dina keur waktu sare mah, da lebah sare mah
poho, ilang ilmu ilang rasa, teu iman-iman acan, najan wujud teu
kaemut, da sanes kitu jalanna.
107. Kapan ari ngelmu rai, kudu keur nyaring mistina, eta mah palebah sare,
hanteu aya terekatna, kapan geus aya patokan, jalan ma’rifat teh kudu,
jalanna tina tarekat.
108. Sanajan bisa ninggali, lamun teu make tarekat, hanteu sah kanyahona
teh, ibarat lafad Muhammad, nya eta Mim He Mim Dal, teu make tasjid
mah luput, teu jadi lafad Muhammad.
109. Kitu ibaratna rai, nyatana tasjid tarekat, atawa konci panyorog, pamuka
lawang Akherat, panutupna lawang dunya, kakara bisa kasusul, eta
dzatna Gusti Allah.
110. Tapi kudu bisa mati, paeh samemehna wafat, kapan dina Hadist oge,
Antal Mautu Qoblal Mauta, tah dalil eta saksina, lamun ngelmu tacan kitu,
can ditarima ku Allah.
111. Ari geus katimu tasjid, nya Marotan Wahidatan, kitu eta ceuk dalil teh,
tegesna babar sapisan, geus tepi ka asal Qur’an, Qur’an Nul’adzim
kasusul, bibitna sagala rupa.
112. Raina lajeng ngalahir, aduh engkang nuhun pisan, kang rai nembe
mangartos, ayeuna mah moal samar, anu parantos diwejang mah, mung
aya deui pihatur, perkawis lafad Muhammad.
113. Naon nyatana di diri, dina wujudna manusa, rai masih keneh helok, teu
acan pisan kapaham, muga ku engkang diwejang, ulah kapambeng
ngawuruk, da engkang bubuhannana.
114. Rakana ngajawab deui, kieu rai mun can terang, lafad Muhammad eta
teh, rupana wujud manusa, Mim the nya sirah urang, He dada manusa
estu, Mim akhir bujal manusa.
115. Dal teh suku enggeus pasti, tah kitu rai nyatana, raina lajeng ngawalon,
nuhun Alhamdulillah, kahartos Mim He Mim Dal, mung tasjidna tcan
disebut, naon kanyataannana.
116. Ceuk rakana pasal tasjid, geus tangtu rai aya mah, dina salira urang teh,
sareatna hakekatna, mung engkang moal tiasa, sabab rasiahna guru,
kudu papada duaan.
117. Raina ngawalon deui, naha bet aya rasiah, ceuk rakana tangtos bae,
hanteu beunang lalawora, nyarita pasal ieu mah, kusabab geus kana
ilmu, lain perkara Agama.
118. Bener mun dina Agami, teu meunang aya rasiah, kudu dicarios bae,
sabab eta mah Agama, keur pikeun sarerea, keur ibadah ka Yang Agung,
kabeh kudu pada terang.
Layang Muslimin Muslimat
54
119. Sarat sah nyembah ka Gusti, batal haram jeung makruhna, sunat farduna
sakabeh, persasat nuduhkeun jalan, jalan tuduh Agama, mun prakna tah
kudu kitu, kudu nurut kitab Qur’an.
120. Mereskeun jalan Agami, Agama sareat tea, laku ucap anu aen, nu
katinggal ku sadaya, anu kudu dilakonan, parentahna Gusti Rasul,
rukun Islam anu lima.
121. Ari hakekat mah rai, tarekat sareng ma’rifat, bagian ilmu eta teh, pikeun
kayakinannana, sadirina-sadirina, keur kapercayaan kitu, kanu baris
disembahna.
122. Jadi geus kaluar garis, lain hukumaneun jalma, sumawon ku sareat teh,
boh salahna boh benerna, anging Allah nu uninga, Allah nu pikeun
ngahukum, engke di alam Akherat.
123. Teu aya gunana jalmi, pipilueun ngahukuman, sareat ka tarekat teh,
mangsa bodo Gusti Allah, da ari sareat mah, ngan kudu menerkeun
laku, aturan amal ibadah.
124. Kapan ari Iman rai, aya dua perekara, hiji Iman ka Yang Manon, nyaeta
eling ka Allah, kana dzatna jeung sifatna, tapi sahna eling kudu, kalawan
ma’rifat heula.
125. Sasatna kedah papanggih, sabab kumaha rek Iman, lamun teu acan
paamprok, saperti ayeuna urang, kumaha arek elingna, kana rupa
Mekah kitu, sababna tacan ma’rifat.
126. Ngan karek asmana badis, teu acan katinggal ku soca, atina teu daek
nyaho, sanajan dicipta-cipta, weleh geuning pasalia, jeung buktina nu
diditu, sidik henteu mangfa’atna.
127. Tapi kade salah ngarti, perkara nyaho ka Allah, lain kudu sapertos,
urang ninggal tanah Mekah, sidik ku panon kapala, ka Allah mah sanes
kitu, kapan aya ceuk Hadistna.
128. Mimiti Ru’yatullahi, Fidun’ya anu kasebat, Bi ‘ainil Qalbi sayaktos, hartina
ninggal dzat Allah, ti dunya teu meunang salah, kudu ku awasna kalbu,
ku awas panon atina.
129. Raina ngawalon deui, perkawis Iman ka Allah, rai parantos mangartos,
kantun Iman anu ka dua, naha Iman ka saha, ku rai tacan kaemut,
rakana enggal ngajawab.
130. Dupi Iman hiji deui, bagian ahli sareat, Imanna eta geus tangtos, Iman
kana Parentahna, Gusti Allah nu kawasa, kudu ngalokonan rukun,
rukun Islam anu lima.
131. Kapan geuning eta bukti, anu sakitu suhudna, tanda-tanda elingna teh,
kana parentahannana, kudu daraek ibadah, buktina pasuhud-suhud,
dina nalika cageur mah.
132. Tapi dina waktu gering, dina keue aya halangan, wujud teu bias
migawe, teu tiasa ngalakonan, ngalakonan Sembahiyang, atuh teu Iman
mun kitu, sabab teu aya cirina.
Layang Muslimin Muslimat
55
133. Teu Iman ka parentah Gusti, Sumawon Iman ka Allah, atuh rek eling ka
naon, rek eling ka parentahna, da geus teu bisa hudang, rek eling ka
Maha Agung, da can nyaho ti tadina.
134. Mun kitu kafiran pasti, paeh henteu reujeung Iman, atuh meureun poek
bae, jadi linglung rarasaan, nya meureun nyasab jadina, nyawana teh
kapidangdung, teu bisa balik ka asal.
135. Numatak urang mah rai, kudu bae dua-dua, Iman teh urang pigawe,
kahiji Iman ka Allah, nya kana dzat sifatna, nu henteu diwaktu-waktu,
eling bae salawasna.
136. Bari leumpang bari cicing, eling bae hanteu pegat, keur cageur keur
gering komo, salawasna moal pegat, nepi ka rek maot pisan, geus Wahua
wama’akum, siang wengi reureujeungan.
137. Kaduana Iman deui, kana parentahannana, lakonan waktu lima teh, dina
keur nalika jagjag, keur wujud taya halangan, masih keneh bias
nangtung, lakonan sakuat-kuat.
138. Raina ngawalon deui, kumaha mun geus teu kuat, badanna geus ruksak
kabeh, geus teu bisa walakaya, ceuk rakana moal pegat, Iman mah geus
tangtu terus, Iman kanu marentahna.
139. Asal geus ma’rifat jati, moal samara moal hilap, da hanteu kudu jeung
praktek, sanajan badanna ruksak, hanteu bisa walakaya, da teu kudu
ruku sujud, teu ku lisan-lisan acan.
140. Sababna enggeus ngahiji, jalanna tina tarekat, teu jauh sareng dzatna teh,
najan nepi ka ayeuna, hanteu ngarasa papisah, cicing leumpang diuk
nangtung, henteu weleh reureujeungan.
141. Raina ngawalon manis, seja diestokeun pisan, sakur piwuruk engkang
teh, margi kahartos percaya, manusa kedah kituna, kakara bisa kasusul,
bisa balik ka asalna.
142. Mung ayeuna aya deui, bade tumaros ka engkang, rai masih keneh poek,
margi Hadist enggeus nyebat, yen eta dalil Qur’an, pangandikana Yang
Agung, disebatna Kalamullah.
143. Saha jalma anu mungkir, hanteu percaya ka Qur’an, yen eta Kalamullah
teh, kufur kafir kasebatna, tapi aya deui kitab,nerangkeun yen Maha
Agung, ngan dika Gusti Allah.
144. Teu huruf sowara deui, tapi eta dina Qur’an, kapan make huruf eces,
kalintang abdi sesahna, teu acan tetep mikiran, hate masih kalangkabut,
percayana masih mangmang.
145. Sieun jadi kufur kafir, tapi upami percaya, kumaha da can karaos, kapan
kedah sareng sahna, sagala pangakuan, ibarat nyebatkeun cau, boh
amisna boh kesedna.
146. Kedah geus di dahar misti, kakara sah pangakuna, moal taklid moal
bohong, rek nyaritakeun rasana, boh kesed boh amisna, nyaritakeun rasa
cau, moal arek asa-asa.
Layang Muslimin Muslimat
56
147. Sareng kapan saur Hadist, Qur’an teh damel sahabat, Gusti Usman nu
nulis teh, nyatet saur Rasulullah, geuning kitu asalna, kaluar ti Kangjeng
Rasul, malah basana ge Arab.
148. Kapan sidik Kangjeng Nabi, pangkat Nabi kasebatna, naha ari Nabi
sanes, sapertos Jeng Nabi Isa, ngadamelna Injil tea, geuning naha teu
disebut, dalil pangandika Allah.
149. Ditetepkeun bae Hadist, pangandika anu anyar, kitu deui Zabur Toret,
Hadist bae disebatna, tah kumaha bedana, kapan sami pangkat Rasul,
utusan Allah ta’ala.
150. Rakana ngajawab manis, kieu rai mun can terang, pasal ka dalil Qur’an
teh, kudu buleud nya percaya, yen eta pangandikana, Allah anu Maha
Agung, sanajan aya hurufna.
151. Geura dangukeun ku rai, unggel dina lebet Qur’an, eta teh nyaurkeun
naon, kapan geuning eta Qur’an, nyarioskeun ti awalna, memeh aya
awang uwung, tina Johar Awal tea.
152. Terus kan Nur Jeng Nabi, nyaeta Nur Muhammad, bibit nu kumelip
kabeh, teus nepi ka jadina, ngajadi alam dunya, sareng ngajadikeun
makhluk, mimitina ti Nabi Adam.
153. Terus Babu Hawa deui, bibit nurunkeun manusa, turun ka para Nabi
kabeh, lalakonna dicarita, kabeh aya dina Qur’an, teu aya anu kalarung,
nepi ka kiamat pisan.
154. Dicarios ku Jeng Nabi, sadaya hanteu kaliwat, awal akhir dicarios,
padahal Nabi Muhammad, teu kocap aya guruna, nu ka anjeuna
miwuruk, nu muruk bangsa manusa.
155. Tapi naha Kangjeng Nabi, bet sagala uninga, boro-boro nu geus
tembong, sanajan nu teu acan, nyaeta kiamat dunya, anjeuna enggeus
misaur, yen bakal kitu jadina.
156. Padahal Kangjeng Nabi, teu aya nu ngawartosan, anging ku terbitna
hate, jol tiasa sasauran, nyaurkeun sadayana, ayat-ayat nu kasebut, nu
aya salebet Qur’an.
157. Jadi ngandikana Gusti, bener teu nganggo sowara, sumawon make huruf
teh, sabab ngandikana Allah, kana Qur’an Nul’adzimna, kana kadimna
Jeng Rasul, nyaeta kana manahna.
158. Maparin caangna ati, ka Kangjeng Nabi Muhammad, ngadak-ngadak
anjeuna teh, bray bae sagala terang, sagal geus kauninga, lahir batin geus
kamafhum, caang padang narawangan.
159. Tah kitu ngandikana Gusti, nu matak teu ku sowara, sumawon make
huruf teh, ngan cumah maparin caang, kapan sidik caang eta, hanteu
sowara huruf, tapi Kangjeng Rasulullah.
160. Sadayana jol kaharti, terus disaurkeun pisan, ka sahabat nu opat teh,
nyaurna ku basa Arab, teras dicatet ku Usman, sasaur-saur Jeng Rasul,
nya jadi kitab Qur’an.
Layang Muslimin Muslimat
57
161. Ngaranna Qur’an Nul-Majid, meunang nurun tina Qur’an, tina Qur’an
Nul’adzim teh, nu teu huruf teu sowara, jeung teu nulis teu papan,
hanteu arah engon kitu, tah kitu rai sababna.
162. Raina gumujeng manis, mani cirambay socana, bakating tina karaos,
hanteu aya papadana, tina kalangkung karasa, geus sumurup kana
kalbu, geus nyayang kana sungsuwam.
163. Barina ngalahir deui, rek naros rai ka engkang, naha ari Nabi sanes,
sapertos Jeng Nabi Isa, midamelna Injil tea, naha bet hanteu disebut,
dalil pangandika Allah.
164. Tetep disebatkeun Hadist, pangandika anu anyar, kapan Jeng Nabi Isa
ge, tunggal utusanna Allah, naha bet dibeda-beda, malah sumpingna
tipayun, saheulaeun Nabi urang.
165. Ceuk rakana bener rai, sarua pada utusan, tapi kieu bedana teh, nu
matak hanteu disebat, dalil pangandika Allah, sabab Ijnil Toret Zabur,
nyarioskeun geus akhirna.
166. Sajarah anjeuna pasti, nu parantos kalakonan, ku salira anjeuna teh,
hanteu sami sareng Qur’an, kapan Qur’an mah eusina, nyariosleun Wal
Awwalu, nepi ka akhirna pisan.
167. Saha nu mere warti, nanging ti Allah ta’ala, jadi anjeuna mah notok,
hanteu naros ti manusa, sabab manus amah mohal, bisa nyaritakeun
kitu, kapan teu daya teu upaya.
168. Ngalahir deui kang rai, nya nuhun Alhamdulillah, rai aya kadar ngartos,
lantarannana ti engkang, ayeuna mah moal samara, sanajan Saumur
hirup, moal robah patekadan.
169. Mung ayeuna aya deui, bade tumaros ka engkang, margi rai tacan
ngartos, hal eta kitab nu opat, hiji ngaran Toret tea, kaduana kitab Zabur,
kitab Injil katiluna.
170. Kaopatna Qur’an nami, naon kanyataannana, dina badan sakujur teh,
kang rai hayang terang, hakekatna di urang, kitab Hadist anu tilu, dalil
mah Qur’an nyatana.
171. Ari sundana teh Hadist, nya eta nu anyar tea, dalil mah nu heubeul
tangtos, tah eta naon nyatana, di badan urang sapata, rai mah ku hayang
dumuk, ulah ngan ukur basana.
Kinanti
172. Rakana engal ngawangsul, kieu rai mun can harti, pasal kitab anu opat,
kanyataan dina diri, ayeuna baris didadar, geura dangukeun ku rai.
173. Mimiti Toret dicatur, sanyatana dina diri, nyaeta pangdangu urang,
Zabur pangucap pribadi, Injil nyatana paninggal, Qur’an mah
pangangseu rai.
174. Sifatna nafas geus tangtu, sifatna hirup kang rai, tah eta nyatana Qur’an,
nu tadi disebat dalil, anu tiheula ayana, ti barang gurujag dohir.
Layang Muslimin Muslimat
58
175. Ari eta mah nu tilu, nyaeta nu ngaran Hadist, anu pandeuri datangna,
pangdangu anu kahiji, paninggal sareng pangucap, eta hanteu salah
deui.
176. Meureun ku rai kamafhum, keur waktu gurujag lahir, tina kaluat si
Bijang, panon teu awas ninggali, cepil teu aya danguna, baham teu bisa
wawarti.
177. Nafas mah geus jalan terus, barang enggeus lami, saparantos barang
tuang, kalebetan aci, aci seuneu angin tanah, sinarengan aci cai.
178. Bukti anu ngajarentul, katuangan warna-warni, lami-lami eta soca, bet
bijil awasna geuning, cepil kaluar danguna, baham ge bisa wawarti.
179. Kitu deui dina pupus, anu pangheulana leungit, nya danguna jeung
tinggalna, ucapna pon kitu deui, nya eta nu anyar tea, nafasna mah
ongkoh bijil.
180. Numawi Qur’an disebut, disebatkeun awal akhir, awalna nu
pangheulana, pangheula ayana pasti, akhirna oge teu lepat, pangakhirakhirna
leungit.
181. Raina ngawalon nuhun, leres mun kitu kaharti, kanyataan dina badan,
estuning aenal yakin, karaos kabina-bina, mo hilap saumur hirup.
182. Mung awon teu kapiunjuk, aya deui nu can harti, pasal tadi Gusti Allah,
sifat Goniyyun ceuk Hadist, hartina teh Allah beunghar, taya kabutuhna
Gusti.
183. Naha engkang bener kitu, Gusti anu Maha Suci, hanteu aya kabutuhna,
rakana ngawalon manis, ceuk engkang mah masih aya, kabutuhna Maha
Suci.
184. Tapi kabutuh Yang Agung, teu butuheun kunu ngaji, teu butuh kunu
ibadah, da kabeh kagungan Gusti, teu butuheun ku Ulama, teu
butuheun kunu muji.
185. Raina Lajeng ngawangsul, atuh lamun kitu Gusti, hanteu kasebutkeun
beunghar, lamun aya keneh pambrih, ah engkang mah sok murtad, naon
kabutuhna Gusti.
186. Rakana walon jeung imut, bener ceuk dalil teh tadi, Allah ta’ala taya
kabutuhna, tapi engkang mah sok nilik, sareatna anu nyata, nu karasa
sareng bukti.
187. Ceuk raina naon atuh, kabutuhna Maha Suci, rakana lajeng ngajawab,
ceuk engkang mah anu yakin, kabutuhna Gusti Allah, hanteu seueur
ngan sarupi.
188. Ngan butuh teh ku wujud, teu ku naon-naon deui, kapan buktina di
dunya, teu elat-elat nu bijil, jalma pada aranakan, tatangkalan nungtut
jadi.
189. Ting torojol ting palentung, ampir pinuh ieu bumi, sato-sato ge
aranakan, najan seueur nu dipeuncit, tapi teu kurang nu datang,
nandakeun butuhna Gusti.
Layang Muslimin Muslimat
59
190. Raina mani ngagukguk, seuri ngeunah bakat harti, sidik pisan jeung
buktina, teras nyaur bari manis, aduh engkang sidik pisan, kasauran teh
bet yakin.
191. Ayeuna gaduk piunjuk, hiji pasal nu can harti, ku engkang kedah di
dadar, supados rai mangarti, ulah ngajadikeun bimbang, kana ati tuang
rai.
192. Pasal dina pangkat mahluk, nyaeta ngaran hawadist, naon nu jadi sabab,
pang sok ditungtungan mati, kedah wae osok wafat, henteu kenging
mungkir deui.
193. Malah dalil oge nyebut, dalilna teh Qulu nafsin, jeung daikatul mauta,
sundana teh eta dalil, sakebeh awak-awakan, yen kudu ngarasa mati.
194. Tah naon sababna kitu, Allah geus maparin jangji, kumaha sababsababna,
kersana Gusti Yang Widi, make mere katetepan, yen sakabeh
kudu mati.
195. Naon maksadna Yang Agung, ku rai hoyong kaharti, dina hal sababsababna,
da moal enya mubadir, samangsa-mangsa keresa, tangtos aya
sabab tadi.
196. Rakana lajeng ngawangsul, sugan kieu kersa Gusti, upama jalma teu
wafat, pinuh temen ieu bumi, sesek moal aya tempat, tah kitu sababna
rai.
197. Raina enggal ngawangsul, ka rakana bari seuri, mun ngan sakitu
sababna, atuh Gusti Maha Suci, sanes nu sifat kawasa, asa kabireukan
teuing.
198. Naha matak naon atuh, ngersakeun Gusti Yang Widi, ngalegaan alam
dunya, nyieun sarebueun kali, sarebueun alam dunya, moal datang ka
teu jadi.
199. Rakana mesem ngadawuh, eta mah entong dipikir, da kitu kersana
Allah, sumuhun saur kang rai, sanajan kersana Allah, moal hanteu aya
pambrih.
200. Meureun aya sabab tangtu, moal mubadir Yang Widi, samangsa-mangsa
keresa, aya sababna nu penting, cik geura terangkeun engkang, rai
enggeus lieur teuing.
201. Ceuk rakana mangga atuh, ari keukeuh-keukeuh teuing, perkawis pang
Gusti Allah, Pang ngersakeun kudu mati, ka sakabeh anu anyar, najan
alam dunya rai.
202. Tanda bedana Yang Agung, reujeung sakabeh hawadist, lamun hawadist
teu ruksak, langgeng hanteu owah gingsir, ana kitu nyaruaan, sarua
jeung Maha Suci.
203. Kapan ceuk dalil teh kitu, Allah sifat Baqo pasti, langgeng teu keuna ku
ruksak, sumawon keuna ku mati, pertanda beda-bedana makhluk sareng
Maha Suci.
Layang Muslimin Muslimat
60
204. Pendekna sakabeh makhluk, tanda bedana jeung Gusti, hanteu meunang
nyaruaan, kitu rasiah Yang Widi, anu matak kudu wafat, sakumelip
tujuh bumi.
205. Saur rai lamun kitu, kahartos ku tuang rai, aya deui nu can paham,
rehna dina umur jalmi, naon margi teu sarua, beda-beda umur jalmi.
206. Aya orok-orok pupus, aya nu geus aki-aki, aya nu geus jadi bujang, nu
keur tengah tuwuh deui, rupi-rupi teu sarua, tah eta kumaha margi.
207. Naha kersana Yang Agung, mun enya kersa Yang Widi, naha bet
ngabeda-beda, kawas anu pilih kasih, kapan tadi Gusti Allah, asih ka
sadaya sami.
208. Rahman Rahim Maha Agung, ka sadaya murah asih, kumaha buktina
murah, kumaha buktina asih, nu rata ka sadayana, ulah siga pilih kasih.
209. Rakana lajeng ngawangsul, perkara murahna Gusti, nu rata ka sadayana,
nu kumelip jero bumi, geus ngayakeun lima rupa, hiji seuneu dua angin.
210. Tilu bumi opat banyu, kalimana matahari, eta kamurahan Allah, ka
sadaya makhluk Gusti, mahi ku lima perkara, geura mun taya sarupi.
211. Saupami taya banyu, teu aya cai sarupi, kumaha kira-kirana, urang bisa
hirup rai, ceuk raina moal bisa, sagala ge moal jadi.
212. Tatangkalan moal hirup, sato-sato kitu deui, uteuk tongo walang taga,
moal aya anu hurip, cacakan taya sarupa, bener karaos ku rai.
213. Kantun asihna Yang Agung, naon nyatana anu yakin, nu papak
kasadayana, nu sami teu pilih kasih, anu teu dibeda-beda, ka sakur anu
kumelip.
214. Ceuk rakana mun can mafhum, asihna Gusti Yang Widi, mere hirup
kasadaya, najan sireum tongo reungit, sami teu aya bedana, pada bisa
usik malik.
215. Tepi ka akherat kitu, Allah tetep bae asih, ceuk raina matak heran, kapan
jalma the sok mati, tangtos ari maot tea, teu aya hirupna pasti.
216. Rakana enggal ngawangsul, ulah rek kaliru rai, da kapan ari hirup mah,
sifat Baqo enggeus pasti, langgeng teu keuna ku ruksak, jeung teu keuna
ku maot pasti.
217. Lamun ruksak eta hirup, Allah milu ruksak pasti, ceuk raina masih
heran, kapan geuning anu mati, hanteu usik hanteu obah, tanda taya
hirup pasti.
218. Rakana ngajawab terus, rai ulah belet teuing, hal perkara anu hilang,
hirupna mah tetep pasti, nu paeh tea mah raga, nya eta badan jasmani.
219. Kurungannana nu pupus, bungkusna eroh jasmani, roh jasmani teh
nyatana, nyaeta nyawa geus pasti, ari nyawa teh nya rasa, nu tadi asal ti
dohir.
220. Tapi rasa ge pang hirup, nyaeta ku dzatna Gusti, matak hirup mah teu
robah, najan geus kasebut mati, sabab ngahirupan rasa, ti dunya nepi ka
batin.
Layang Muslimin Muslimat
61
221. Nu ruksakna teh ngan wujud, nya ieu wujud jasmani, rasana mah tetep
aya, saperti kieu deui, boga ngeunah jeung teu ngeunah, ngan alamna
salin deui.
222. Tah kitu sababna makhluk, umurna teh hanteu sami, sanes pangersa
Pangeran, panjangna pondokna deui, ngan wadahna anu teu kuat, nu
matak sok tereh mati.
223. Dadamelan Rama jeung Ibu, nu ngaran Wadi jeung Madi, Mani anu
katiluna, Maningkem kaopat deui, tah eta nu kurang kuat, nu matak sok
tereh mati.
224. Piwadaheunnana hirup, anu kurang kuat rai, anu ngaran mani tea, sabab
eta asal mani, lamun rai teu uninga, asal tina aci getih.
225. Lamun getih Rama Ibu, dina waktu tadi bijil, keur getihna hanteu sehat,
keur nuju aya kasakit, nya manina ge teu sehat, kacampiran ku panyakit.
226. Atuh jadina teh tangtu, papada bisa ngajadi, tangtu babari bobona,
umurna ge moal lami, ibarat dina kai mah, geus koropok ti tadina.
227. Ceuk raina langkung nuhun, rai tiasa ngaharti, lantaran piwejang
engkang, asa sidik-sidik teuing, paingan bangsa Walanda, sakitu
ngurusna diri.
228. Getih kudu jalan alus, ayeuna mah rai harti, sihoreng bisi manular, ka
anakna peribadi, jeung teu kening ngora-ngora, lamun arek boga rabi.
229. Ayeuna gaduh pihatur, rek naroskeun anu tadi, kasauran engkang tea,
nu kasebat Wadi Madi, Mani maningkem terasna, timana asalna jadi.
230. Timana asalna dumuk, asal naon nu ngajadi, naon kanyataannana, di
diri urang pribadi, muga ku engkang diwejang, nu karasa anu bukti.
231. Rakana lajeng ngawangsul, Wadi teh asalna rai, asal aci seuneu tea,
jadina di urang daging, ari Madimah asalna, hanteu salah aci angin.
232. Nyatana diurang sungsum, dupi Mani asal cai, di urang ngajadi tulang,
Maningkem mah aci bumi, jadi kulit awak urang, tah kitu eta kang rai.
233. Raina nyaur jeung imut, aya deui anu can harti, Hadist enggeus mere
terang, yen jalma Iman pinasti, meunang ganjaran Akherat, dipapag ku
Widadari.
234. Seueurna teh opat puluh, sareng kalangkung gareulis, rai dina lebah
dinya, masih keneh bingung pikir, can tetep kapercayaan, rehna eta
Widadari.
235. Widadari isteri wungkul, teu ngupingkeun Widadari-widadari lalakina,
pikeun mapag para istri, istri nu meunang Iman, anu ibadah ka Gusti.
236. Kapan istri ge geus tangtu, seueur nu lakon Agami, jeung lalaki sama
timbang, kadang kala seueur istri, naha bet hanteu ka kocap, dipapag ku
Widadari.
237. Rakana lajeng ngawangsul, pasal eta Widadari, bener pisan tangtu aya,
tatapi eta munasif, nyilokaan kani’matan, ganjaran ti Maha Suci.
Layang Muslimin Muslimat
62
238. Ku urang kudu ka ilmu, pikir sing nepi kaharti, kudu papay mimitina,
pikeun mikir Widadari, ari Widadari tea, rupa istri nu gareulis.
239. Kapan istri teh geus tangtu, sifat kasukaan ati, kani’matan kagenahan,
kabirahian nya ati, ka deudeuh jeung kacintaan, mungguhing di alam
Akhir.
240. Bener bae opat puluh, ceuk Hadist teh Widadari, pikeun sahiji manusa,
kabagiannana pasti, eta teh rai siloka, yaktos mah opat siki.
241. Enol mah da nalapung, kosong hanteu aya eusi, kieu ari sayaktosna, anu
opat Widadari, hiji kangeunahan baham, dua kani’matan cepil.
242. Widadari anu katilu, kabungahan soca rai, Widadari nu kaopat,
kadeudeuh pangambung rai, kapan tina opat tea, bijil kani’matan sami.
243. Ceuk raina kuma atuh, pang mapagna Widadari, saur rakana pan nyata,
upami baham kang rai, kadatangan lauk hayam, atawa kueh persetik.
244. karaosna raos tangtu, malah osok hayang deui, deudeuieun karasana,
sumuhun saur kang rai, kahartos ari kitu mah, istri pameget ge nampi.
245. Ganjaran ti Maha Agung, leres hanteu pilih kasih, ayeuna nu kadua, ku
engkang terangkeun deui, supados kahartos pisan, Widadari tina cepil.
246. Ceuk rakana tina dangu, piraku hanteu kaharti, meureun rai osok
mendak, ngadangukeun anu nyuling, atawa tembang nu ngunah, naon
bae rupi-rupi.
247. Meureun ni’mat nu kadangu, raos ceuk rasana cepil, kitu deui tina soca,
lamun kang rai ninggali, naon bae kaanehan, boh barang boh rupa istri.
248. Geus tangtu resep kalangkung, bakating resep ninggali, kitu deui nu
kaopat, tina pangambung ge bijil, upami ngangseuan minyak, naon bae
anu seungit.
249. Kaanggseuna raos tangtu, matak nyelengit nya ati, bakating raos-raosna,
matak ngahudang birahi, ceuk raina nuhun pisan, ayeuna mah kahareti.
Pangkur
250. Namung rai mo kapalang, masih aya nu rek ditaroskeun deui, mugi raka
ulah bendu, ulah bosen ngajawab, atuh saha anu arek mere pitutur, lian
ti salira engkang, dulur abdi ngan sahiji.
251. Ceuk rakana Insya Allah, moal bosen engkang mitutur ka rai, salah
bener oge tangtu, dijawab sakuat-kuat, moal ngewa sumawonna lamun
bendu, naha iraha jamanna, ngamudarakahkeun ili.
252. Lian ti waktu ayeuna, meungpeung hirup dikersakeun ku Yang Widi,
buru-buru geura putus, bilih kabujeng ku wafat, masing tutug ulah aya
nya kabingung, sing nepi kahartina, kaluar jerona deui.
253. Saur rai nuhun pisan, mikawelas engkang teh ka diri rai, kieu abdi nya
kabingung, tadi aya babasaan, opat rupa hiji basa Maha Agung, kaduana
Maha Mulya, nu katilu Maha Suci.
Layang Muslimin Muslimat
63
254. Maha TInggi kaopatna, naha eta basa opat perkawis, aya kanyataan
dumuk, atanapi wungkul basa, lamun aya muga ku engkang pitutur,
nyatana dibadan urang, carioskeun hiji-hiji.
255. Anu luyu nu karasa, Agung Mulya Sucina hayang kaharti, ulah ngan
babasan wungkul, teu hasil mun teu harti mah, salamina moal matak
jadi ilmu, mun ngapalkeun bae asma, teu hasil mun teu jeung bukti.
256. Rakana teras ngajawab, puguh bae aya buktina mah, perkawis Yang
Maha Agung, nyatana di badan urang mun teu salah, nyatana pangucap
tangtu, ceuk raina kuma sabab, kedah diterangkeun deui.
257. Ceuk rakana kapan nyata, najan tujuh bumi sareng tujuh langit, anu
gedena sakitu, diucapkeun sadayana, malah-malah Asma Allah ge
disebut, dilisankeun ku pangucap, tanda ku agungna leuwih.
258. Ceuk raina leres pisan, nembe terang ayeuna karek kaharti, nu kasebat
Maha Agung, kantun nu kaduana, Maha Tinggi atawa Maha Luhur,
naon kanyataannana, di diri urang pribadi.
259. Rakana lajeng ngajawab, Maha Luhur atawa Maha Tinggi, nyatana
paninggal tangtu, eta nu pangluhurna, geuning bukti eta langit nu
sakitu, luhurna tanpa wangenan, ku tingal mah geus kaberik.
260. Cacakan teu kahalangan, saluhureun langit ge tangtu katepi, ku awas
tangtu kasusul, ku bakat tinggi-tinggina, ceuk raina aduh leres geus
kaemut, sihoreng aya nyatana, nembe ayeuna kapanggih.
261. Ayeuna nu katiluna, Maha Mulya ku engkang terangkeun deui, ulah
kapambeng miwuruk, babarkeun bae sadaya, ulah pambeng miasih ka
sifat dulur, kang raka bubuhannana, miwejang ka diri abdi.
262. Ceuk rakana Maha Mulya, nyaeta nyatana pangdangu rai, ceuk raina
can kaemut, naha kumaha mulyana, saur raka naha rai sok ngadangu,
nu nyebat nyeri dengena, rajeun oge nyeri ceuli.
263. Mulya bae salawasna, pangdenge teh salawasna tara gering, raina teras
ngawangsul, yaktos ari dengena mah, teges Mulya tara kasebut-sebut,
nyeri denge tara aya, bener mulyana teh sidik.
264. Maha Suci anu mana, saur raka nyatana pangangseu rai, nafasna dina
pangambung, eta nu pang sucina, geuning bukti nafas teh tara belewuk,
sanajan tara dikumbah, nafas mah tetep beresih.
265. Ceuk raina geus kapaham, pasal eta ku rai teh geus kaharti, kantun anu
genep Rusul, nomer hiji Nabi Adam, dipangkatkeun Adam Khalifatullahu,
Nabi Enoh nu kadua, pangkatna Habibullahi.
266. Dupi Rusul katiluna, nyaeta kasebat Nabi Ibrahim pangkatna halillullohu,
nu kaopat Nabi Musa, dipangkatkeun Musa teh Kalamullahu, kalimana
Nabi Isa, pangkatna teh Rohullahi.
267. Kangjeng Nabi kagenepna, dipangkatkeun Muhammad Rasulullahi, tapi
ayeuna geus pupus, sadaya parantos sirna, jadi meureun ayeuna nu
Maha Agung, geus taya utusannana, sadayana geus lastari.
Layang Muslimin Muslimat
64
268. Rakana enggal ngajawab, moal enya geus taya utusan Gusti, kapan
Rusul mah teu pupus, sadayana oge natrat, terus bae nepi ka poe
panutup, nepi ka kiamat pisan, teu robah utusan Gusti.
269. Sabab mun taya utusan, henteu aya alam dunya oge sepi, moal aya
tangtu lebur, nya eta kiamat tea, poma-poma rai ulah rek kaliru, nu
pupus mah majajina, nya eta wujud jasmani.
270. Nu teu beda sareng urang, nu sarupa saperti wujud kang rai, make sirah
dada suku, Nyatana Mim He Mim Dal, tah eta hawadistna anu pupus,
Rusul mah hanteu wafat, langgeng teu owah teu gingsir.
271. Hakekatna mah berjalan, malah-malah geus kumpul di kang rai, nu
kagenep rusul ngagulung, kumpul dina hirupna, kapan eta hirup ayana
geus tangtu, sifatna aya diurang, nu masih gumelar dohir.
272. Raina lajeng ngajawab, naon atuh hakekatna dina diri, buktina teh para
Rusul, sakalintang hayang terang, enggal bae ku raka teras diwangsul,
kieu rai mun can terang, hakekatna para Nabi.
273. Pasal eta Nabi Adam, enya eta Adam Khalifatullahi, teges
Khalifatullahu, wawakil Allah ta’ala, pikeun bibit nurunkeun manusa
kitu, bukti sadaya manusa, asal Adam Hawa pasti.
274. Ceuk raina leres pisan, geus kahartos Adam teh nyaeta bibit, bibit
manusa saestu, mung naon sanyatana, Adam eta nyata di badan sakujur,
ceuk rakna kapan nyata, eta adegan rai.
275. Ti luhur sahibas sirah, ti handapna sahibas suku deui, sasat saadegna
wujud, tah eta nyatana Adam, iradatna Gusti anu Maha Agung, pikeun
nurunkeun manusa, sabab moal salah deui.
276. Nyieun jalma ku jelema, nyieun domba tangtu ku domba deui, nyieun
kerud nya ku kerud, kitu Allah kawasana, iradatna Gusti anu Maha
Agung, ngan sakali ngadamelna, tatapi sakali mahi.
277. Ngawalon raden Muslimat, nuhun engkang Adam parantos kaharti,
nyatana teh enya eta wujud, ayeuna nu kaduana, hakekatna Enoh
Habibullahu, naon nyatanadi urang, ceuk rakana mun can harti.
278. Nyatana pangdangu urang, enya eta Enoh Habibullahi, ari eta nu katilu,
Ibrahim Halillullah, hakekatna nyaeta paninggal tangtu, nya awasna
panon urang, kitu sanyatana rai.
279. Dupi Musa Kalamullah, hakekatna nya pangucap kang rai, ari Isa
Rohullohu, pangangsu hakekatna, ari eta hakekat Muhammad Rosul,
nya rasana wujud urang, kitu hanteu salah deui.
280. Panghulu Rosul sadaya, bukti kapan fangu sareng tinggali, angsu ucap
pon nyakitu, asupna teh kana rasa, najan ieu wujud oge nu nganggung,
taya lian ngan ku rasa, pang bisa nangtung jeung usik.
281. Dupi eta rasa tea, pangna kuat aya nu nguatkeun deui, nyaeta nyatana
hirup, hirup ngokop kana rasa, ari rasa ngokop deui kana wujud, wujud
ngokop ka kahayang, kana nafsu opat rupi.
Layang Muslimin Muslimat
65
282. Raina mani ngalenggak, bakating ni’mat gumujeng mani ngagikgik, duh
engkang rebu kasuhun, rai teh untung kacida, dipiwejang ku engkang
anu saestu, saestu henteu khianat, taya nu dipinding-pinding.
283. Estu saterus terangna, hanteu aya barang anu dibuni-buni, taya nu
disumput salindung, diterangkeun sajelasna, lulumbrahna geuning nu
sanes mah kitu, najan geus jadi Ulama, mun ditaros anu penting.
284. Pokna teh eta mah ujang, hanteu beunang diterangkeun pamali, matak
doraka kasiku, ilmu Wali eta mah, ku urang mah moal kaberik kasusul,
malah matak jadi murtad, eta mah ilmu Laduni.
285. Sihoreng teh ayeuna mah, geus kapikir ku rai eta Kiyai, ku aranjeunna
can kasusul, tangtuna nyingsieunan matak murtad ulah arek nanya kitu,
bisi kabendon ku Allah, sabab eta ilmu Wali.
286. Padahal geus masyhur pisan, ilmu wali nu geus sidik ditampi, ku Allah
nu Maha Agung, sabab bisa ma’rifat, enya eta kana sajatining hirup, nya
sajatining Syahadat, nyaeta dzatna Yang Widi.
287. Ceuk rakana bener pisan, da nyakitu osok nampik ilmu Wali, nu bakal
sampurna puguh, pedah Wali sok tatapa, taun-taun sangkaannana teh
kitu, urang ge kudu tatapa, cara wali waktu tadi.
288. Eta kaliru pikiran, tangtu bae tadina mah para Wali, tatapana taun-taun,
da ibarat keur ngabedah, leuweung ganggong nu pinuh ku haur cucuk,
jeung sagala tatangkalan, nu gede kaliwat saking.
289. Eusina maung jeung badak, gajah oray nu kalangkung marantih, tangtu
bangga liwat langkung, tapi teu weleh disorang, lami-lami leuweung
ganggong bisa tumpur, bungbang lenglang sadayana, beresih taya nu
kari.
290. Kitu rai upamana, Wali eta nyusulna tarekat jati, ku tapa mang tauntaun,
bakat ku hayang ma’rifat, enya eta ma’rifat jatining hirup, kapan
ari geus bersih mah, leuweungna enggeus dibasmi.
291. Nya tanahna pikeun urang, kudu tampa warisan ti Wali-wali, pira urang
mah ngan macul, hanteu sakumaha bangga, ukur macul moal sakumaha
ripuh, meureun ari hasil mah, sarua jeung Wali tadi.
292. Sabab Wali sadayana, pangna suhud tapa dibeuli ku pati, neangan
jatining hirup, ku jalan tarekat tea, taya deui kua anjeuna nu dituju, lain
ngan keur salirana, hayang sampurna pribadi.
293. Bakating ku ngabelaan, umat-umat nu daratang pandeuri, tina nyaahna
kalangkung, sanajanna Gusti Allah, pang maparin pangkat Wali-wali
Kutub, tina bakat Wali eta, nyaah ka umatna Gusti.
294. Jadi kadieuna umat, lamun hayang kana kasampurnaan diri, moal
saperti kapungkur, tatapana naunan, da geus hampang tadi
diibaratkeun kitu, urang mah kantun maculna, moal bangga cara tadi.
295. sabab leleberannana, leleberan tina karamatna Wali, numawi kedah
disusul, teangan tarekatna, sabab mohal tarekat dicandak pupus,
tangtuna tinggal di dunya, pikeun umat Kangjeng Nabi.
Layang Muslimin Muslimat
66
296. Raden Muslimat ngajawab, nuhun pisan ku rai eta katampi, diestokeun
lebet kalbu, mung aya keneh kabingbang, ku Syahadat syahna
ngucapkeun Asyhadu, hana cukup ke pangucap, geus jadi Islam sajati.
297. Rakana enggal ngajawab, jadi bae mung teu acan jadi utami, teu acan
Islam satuhu, karek dina kaomna, lamun karek bisa maca bae wungkul,
da maca mah Ferduna, wajibna mah kedah ngarti.
298. kapan geus aya rukunna, arek maca Syahadat kalimah kali, kahiji urang
teh kudu, netepkeun heula dzatna, kaduana netepkeun sifatna kitu,
sifatna Allah ta’ala, katilu asmana deui.
299. Ari anu kaopatna, kudu bae netepkeun heula rai, disidikna para Rasul,
teh geuning kitu rukunna, kakara syah pang macana urang tangtu,
numawi wajib kapendak, eta dzat nu Maha Suci.
300. Kumaha netepkeunnana, lamun tacan ma’arifat anu sajati, kana dzat
Gusti Yang Agung, sumawon kana sifatna, sabab henteu beunang ku
omongan wungkul, syahna sing kapendak heula, sing sidik sarta sing
yakin,
301. Kapan kieu ceuk ma’nana, sundana teh Syahadat kalimah kalih, kaula
nekadkeun kitu, satemen-temen kaula, hanteu aya anu wajib disembah
tangtu, lian ti Allah ta’ala, Gusti Allah ngan sahiji.
302. Anu kadua kalimah, jeung kaula satemen-temen nyakseni, yen Kangjeng
Muhammad Rasul, eta teh utusan Allah, kapan sidik sundana teh rai
kitu, bet make enggeus nyaksian, na kumaha ari saksi.
303. Kapan syahna saksi tea, kudu nyaho kalawan aenal yakin, sing sidik
kanu diutus, sumawon kanu ngutusna, kudu yakin ulah ceuk beja ti
batur, na iraha rai tepang, sinareng Muhammad Nabi.
304. Sareng ngutus naon tea, Gusti Allah ka Kangjeng Muhammad Nabi,
raina lajeng ngawangsul, abdi teu acan patepang, sareng Nabi sumawon
sareng Yang Agung, ceuk rakana atuh gagal, eta pangakuan rai.
305. Kapan ngaku geus nyaksian, waktu maca Syahadat kalimah kalih,
lamun kitu saksi palsu, na teu sieun ku hukuman, kapan bukti di dunya
ge saksi palsu, tangtu meunang hukum beurat, tilu taun mah geus pasti.
306. Saur rai aduh kutan, hayang Islam rugina kaliwat saking, sugan teh
cukup ku rukun, ngalakonan rukun Islam, anu lima sihoreng teh gening
kitu, ari diboker eusina, ku Syahadat ge sahiji.
307. Anu sakitu banggana, nya paingan dibarerikna ku Wali, ku tapa
mangtaun-taun, toh pati jiwa raga, hayang nyusul ka jatining Asyhadu,
jadi mun ayeuna urang, dikadarkeun bisa mangih.
Pucung
308. Atuh untung sarebu kali nya untung, pangasihna Allah, nampa
leleberanna ge, leleberan ilmu Wali nu baheula.
Layang Muslimin Muslimat
67
309. Bangga mah geus dilakonan kapungkur, ku Wali sadaya, geuning Wali
teh sihoreng, pangna kitu bakat ku nyaah ka umat.
310. Nya paingan meunang ganjaran Yang Agung, dipaparin pangkat,
pangkat Wali-wali kabeh, da manahna nyaah ka umat sadaya.
311. Ulah sampe umat seueur nu tigebrus, asup ka Naraka, jadi batur Idajil
teh, eta kitu manah Wali sadayana.
312. Saur raka bener rai eta kitu, Wali teh maksadna, ngabelaan umat kabeh,
ngan lobana manusa sok salah tampa.
313. Ngalainkeun kana ilmu Wali kitu, nyarek diteangan, urang mah teu
kudu nyaho, ilmu Wali lain keur ajieun urang.
314. Ana kitu eta omongan teh racun, ngajakan cilaka, mawa sasar kanu
bodo, nyarek ulah tulus rek neangannana.
315. Matak naon mun balaka bae atuh, yen tacan kapendak, tacan katepi ku
dewek, ulah sok nyingsieunan matak murtad.
316. Den Muslimat ka raka lajeng ngawangsul, nuhun geus kapaham, hal
Syahna syahadat teh, aya deui rai nu teu kapaham.
317. Pasal eta rukun Iman can ka mafhum, anu genep tea, hiji Amantubillah
teh, nu kadua Wamalaikatihi tea.
318. Anu katilu Wakutubihi disebut, ari nu kaopat, Warusulihi carios, nu
kalimana limbrahna nu sok disebut.
319. Nya eta Wal yaomil akhiri di sebut, anu kagenepna, Waqodri wasorihi teh,
Minallohi ta’ala eta disebat.
320. Ceuk rakana bener rai eta kitu, ari sundana mah, Amantubillah eta teh,
kula ngandel percaya ka Gusti Allah.
321. Naha rai percaya bener saestu, ka Allah ta’ala, ceuk raina tangtu bae,
percaya rai hanteu asa-asa.
322. Ceuk rakana nuhun geus percaya kitu, tapi pang percaya, percaya kana
naon, saur rai percaya kana ayana.
323. Saur raka ayana dimana atuh, ngajawab raina, panngna abdi percaya
teh, pedah aya bimi langit sareng eusina.
324. Sabab ieu damelan Gusti Yang Agung, samangsana aya, damelanna geus
tangtu bae, tangtu pisan aya anu ngadamelna.
325. Saur raka naha rai ngan sakitu, teu aya kebatna, lamun kitu kawas
ngaco, najan budak paham kitu mah geus boga.
326. Nya leuleugeur atuh ari geus kolot mah, sing aya rangkepan, ulah bet
bolostrong bae, pek larapkeun lirik ka badan sapata.
327. Lamun paham cara tadi bae tangtu, bet siga-sigana, ayana Gusti Allah
teh, saluareun langit ieu nu katinggal.
328. Nya paingan sok nunjuk-nunjuk ka luhur, ayana teh Allah, da dunya
mah damelan teh, sigana manusa nyieun sangrayan.
329. Lamun kitu jeung urang komo pajauh, da tunggal damelna, keur naon
aya dalil teh, dina Qur’an geuning dalilna disebat.
Layang Muslimin Muslimat
68
330. Enya eta dalil Wanahnu aqrobu, ‘alaihi kebatna, min habril warid geus eces,
kapan kieu sundana anu geus lumbrah.
331. Gusti Allah ngaku geus hanteu pajauh, geus tara antara, Aing teh
reujeung maraneh, najan urat jeung beuheung maneh sorangan.
332. Masih aya antarana eta kitu, perkara Aing mah, geus taya antarana teh,
kapan kitu ceuk eta dalilna Qur’an.
333. Ceuk raina duh kumaha engkang atuh, syahna nya percaya, ka Allah nu
sayaktos, sidik pisan [aham nu tadi mah lepat.
334. Yaktos pisan osok boga tekad kitu, ayana teh Allah, diluhur langit tujuh
teh, sumawonna jeung wujud mah rasa anggang.
335. Tapi geuning ceuk dalil eta kitu, aqrob teu antara, sareng wujud manusa
teh, mangga engkang rai paparinan terang.
336. Saur raka kieu rai mun can mafhum, geura pek lemesan, kaayaannana
wujud teh, papay heula tina dzatna Gusti Allah.
337. Ari dzat teh nyaeta Nurullah kitu, sundana cahaya, cahayana Gusti Yang
Manon, ari cahya nya eta hirup manusa.
338. Kudu kieu ngama’naan eta rukun, rukun Iman tea, anu kasebat tadi teh,
nu kahiji nyaeta Amantubillah.
339. Sategesna kaula percaya estu, ka hirup sorangan, ka hirupna wuud
dewek, mangsa hirup pertanda ayana Allah.
340. Najan ieu bumi tujuh langit tujuh, bisa soteh aya, kulantaran ayana teh,
aya hirup dina wujudna manusa.
341. Lamun hanteu aya manus amah eta luput, saha nu rek nyebat, ayana
alam dunya teh, karek sare geus teu aya alam dunya teh.
342. Sidik pisan ieu alam dunya tangtu, kaliputannana, ku hirup Allah geus
tangtos, sifat hirup nyaeta dzat Gusti Allah.
343. Saur rai duh engkang nuhun sarebu, kahartos kacida, mun kitu rukun
Iman teh, aya patri moal arek paburantak.
344. Ngajauhkeun ka Allah nu Maha Agung, ayeuna karasa, pang akrobna
jeung wujud teh, tambah isin siang wengi babarengan.
345. Kantun eta nu nomer dua rukun, nu lumbrah disebat, sadaya pada
mangartos, nyaeta Wamalaikatihi.
346. Sundana teh kaula percaya estu, ka Malaikat Allah, kitu eta sundana teh,
ceuk rakana rai percaya kumaha.
347. Saur rai kieu abdi mah lamun sapuk, sareng manah engkang, yen aya
Malikat teh, enya eta utusannana Pangeran.
348. Anu tadi ngadatangkeun ayat kitu, ka Nabi Muhammad, utusan Gusti
Yang Manon, Waktu eukeur jumeneng keneh di Mekah.
349. Cek rakana lamun paham rai kitu, meureun ayeuna mah, teu aya
Malaikat teh, sabab Kangjeng Nabi Muhammad geus wafat.
350. Jadi meureun ayeuna mah geus teu ngutus, geus hanteu miwarang,
Malaikat teh keur pere, Den Muslimat mesem bari kaisinan.
Layang Muslimin Muslimat
69
351. Tungkul mando den Muslimat bari nyaur, leres mun kitu mah, Malaikat
taya gawe, na kumaha atuh sangkan percayana.
352. Mangga engkang abdi neda piwuruk, kuma sangkan Iman, ka Malaikat
Allah teh, nu tadi mah salah ku abdi karasa.
353. Saur raka naha atuh ngaji kitu, ngaji kawas budak, kapan tadi ceuk
engkang ge, lamun ngaji ulah ical ti salira.
354. Geura kakat kotektak badan sakujur, sangkan tereh Iman, kudu ngajinis
ngaji teh, gancang-gancang bisi kaburu wafat.
355. Susah temen lamun kaburu ku pupus, ngajina can tamat, da katungkul
maca bae, maca tulis tutulisan kitab Qur’an.
356. Teu diaji Qur’an the dibaca wungkul, ngapalkeun basana, eusina teu
dipalire, ukur bisa maca jeung nyundakeunnana.
357. Pedah bisa nyundakeun asa geus cukup, pake kumagungan, bakal ka
sawaregana teh, tapi naon dalil nu jadi Iman.
358. Jadi Iman ka Gusti nu Maha Agung, waktu keur sakarat, dalil naon nu
bisa teh, anu bisa nulung nyampurnakeun nyawa.
359. Sabab hanteu gampang Iman ka Yang Agung, teu beunang ku tekad,
sumawonna mun ku enyom, beunangna teh anging kunu geus ma’rifat.
360. Cauk raina leres engkang eta kitu, umumna jelema ngan saukur maca
bae, lain ngaji da ngaji mah anu karasa.
361. Mangga engkang anu tadi geura tutur, pasal rukun Iman, Wamalikatihi
teh, ati abdi hoyong enggal-enggal terang.
362. Saur raka kieu atuh mun can mafhum, papay heulaanan, perkara
malaikat teh, kapan tadi utusan Allah ta’ala.
363. Ari Allah nya eta sifatna hirup, jadi malaikat, nyatana usik sakabeh, usik
ati sumawon usikna jasad.
364. Kapan sidik usik teh utusan tangtu, hurip nu miwarang, najan usik bulu
oge, nu manjangan kabeh oge Malaikat.
365. Anu matak ceuk Hadist teh rebu-rebu, para Malaikat, tatapi Malaikat
teh, hanteu jirim saperti wujud manusa.
366. Sareng tara barang dahar siang dalu, tara sasarean, meureun ku rai
karaos, keur sare ge manjangan bulu mah teras.
367. Tah nyaeta nyatana Malaikat, teu ical di badan, beurang peuting ge
digawe, nya mandorna Malaikat nu opat.
368. Usik baham usik tinggal usik dangu, usik angseu tea, enya eta mandorna
teh, anu ngaran Jibril, Mikail tea.
369. Nu katilu Isrofil nu kasebut, anu kaopatna, Ijrail nya ngaranna teh, ceuk
raina kahartos ari kitu mah.
370. Nya paingan Malaikat teh kamasyhur, hanteu warna rupa, teu lalaki teu
awewe, sidik pisan usik the teu warna rupa.
371. Teu awewe sumawon pameget kitu, mun kitu teu salah, ceuk
pangandika Hadist teh, kitab eta nu purah mere kabar.
Layang Muslimin Muslimat
70
372. Kantun eta rukun Iman nu katilu, mangga geura dadar, Wakutubihi eta
teh, kudu ngandel ka kitab Allah ta’ala.
373. Ceuk rakana coba heula rai atuh, anu geus kapaham, kuma tadi
ngandelna teh, kana eta kitabna Allah ta’ala.
374. Den Muslimat ka raka lajeng ngawangsul, tadi percayana, kana tulis
Qur’an bae, ngan sakitu teu aya rangkepannana.
375. Ceuk rakana eta ge nya bener kitu, ngandel tulis Qur’an, tapi kudu
dirangkep teh, kana eta tutulisan wujud urang.
376. Jadi kieu lamun rai tacan mafhum, kudu ngandel urang, kana tutulisan
dewek, boh beungharna boh miskinna sing narima.
377. Tutulisan wujus urang nu saestu, lamun geus kitu mah, urang bisa sabar
bae, moal aral mun dina keur waktu kakurangan.
378. Den Muslimat ngajawab bari jeung imut, kumaha upama, urang
ninggang meunang berok, tetep bae tulis ti Allah ta’ala.
379. Ceuk rakana lamun urang meunang hukum, aya dua pasal, dihukum
lantaranna teh, tina maling atawa tina maehan.
380. Jadi eta tutulisan nu dihukum, tulisan ti setan, tina nafsu dewek, kapan
nyaho mun maling sok dipanjara.
381. Tutulisan ti Allah mah lain kitu, mun ninggang cilaka, nu tara dihaja teh,
eta bener tutulisan ti Pangeran.
Dangdanggula
382. Den Muslimat ka raka ngalahir, geus kaharti ku rai kapaham, rukun anu
tilu teh, kantun anu kaopat rukun, nyaeta Warusulihi, teges kudu
ngandelna, ka utusan kitu, ka utusan Gusti Allah, ari tadi ku pahaman
jisim abdi, ka para Nabi sadaya.
383. Nu baheula para Nabi-nabi, ceuk rakana et age teu lepat, majajina mah
sayaktos, tapi kusabab geus pupus, sadayana geus lastari, kantun urang
percayana, malik kana wujud, kana hekekatna badan, anu jadi utusan
hirup pribadi, jadi kieu tekad urang.
384. Sategesna geus percaya tigin, kana ieu rasa wujud urang, rasa tinggal
rasa denge, rasa baham rasa ambung, pek geura rasakeun rai, kumaha
teu percayana, kana rasa wujud, lamun lamun baham dahar uyah,
tangtu bae ceuk rasa baham teh asin, moal enya nyebut lada.
385. Kitu deui lamun dina cepil, ngeng ngadangu sowarana gelap, ceuk rasa
dangu geus tangtos, bieu the sora guludug, tara sok pahili deui, tetep
bae tara cidra, moal nyebat bedug, atawa sora gamelan, tadi ge Rusul
mah geus kawarti, tara sok bohong jeung cidra.
386. Kitu deui mun rasa tinggali, upami ninggal sifat caang, moal nyebat
ninggal poek, tetep ngaku caang tangtu, angseu ge pon kitu deui,
saupami ngangsu minyak, boh seungit boh bau, tara pahili ambeuna, eta
kitu piraku hanteu kaharti, tangtu ku rai karasa.
Layang Muslimin Muslimat
71
387. Ceuk raina leres kahareti, Rusul eta tara bohong cidra, atuh saha nu sok
bohong, kang rai teh masih ewuh, weleh bae teu kapikir, timana
torojolna, rakana ngawangsul, nu bohong mah manusa, torojolna enya
eta tina biwir, pangucap manusa tea.
388. Geuning sidik upami rai, bade meuli hiji rupa minyak, di warung atawa
toko, memeh ditawar teh tangtu, diambung heula ku rai, saparantosna
kamanah, kasaksi ku Rusul, yen ieu nu dimaksud, sabab nya seungit ieu
nu dipilari, terus nanyakeun hargana.
389. Ceuk nu dagang hargana saringgit, tina margi hayang harga murah,
tuluy ucapna ngabohong, mahal teuing ah embung, minyakna ge da teu
seungit, padahal ceuk rasa mah sengit tetep ngaku, nya ieu nu
diteangan, ngan kusabab hayang murah nu dipambrih, eta akalna
manusa.
390. Den Muslimat ka raka ngalahir, leres pisan ayeuna kapaham, pasal
Warusulihi teh, nuhun sarebu nuhun, dikadarkeun jasa ngarti, kantun nu
kalimana, rukun nu disebut, Wal yaomil akhiri tea, muga-muga ku
engkang dipiwejang deui, dina hal ngimankeunnana.
391. Saur raka pek heula ku rai, carioskeun paham rai heula, kumaha
ngimankeunnana teh, raina lajeng ngawangsul, kieu percayana tadi, rai
teh percaya pisan, yen dunya teh tangtu, bakal ruksak alam dunya, enya
eta nekanan poe nu akhir, naming sakitu rai mah.
392. Saur raka bener bae rai, kitu oge eta hanteu salah, geus percaya bakalna
teh, namung ngan eta mah jauh, kiamatna jagat kabir, kawasna moal
kasorang, najan anak incu, jadi rai teh ayeuna, kudu lirik kana jagat
pribadi, kiamatna diri urang.
393. Kudu pikir ieu jagat shagir, jasad urang bakal nu tiheula, nekanan poe
akhir teh, nyaeta bakal pupus, eta nu kudu dipikir, jadi rukun nu kalima,
saenyana kitu, urang teh kudu percaya, ieu wujud bakalna nekanan
pasti, nya eta kiamat tea.
394. Mun geus kitu ngimankeunnana jalmi, tangtu bae gede kasieunna,
meureun suhud ibadah, buru-buru nyiar ilmu, supaya enggal katepi,
nepi kan ma’rifatna, ka Gusti Yang Agung, sieun kaburu ku wafat, enya
eta nekanan kiamat shagir.
395. Nya mukaha mun imanna jalmi, enggeus kitu sageuy teu ngajaga, kana
laku anu awon, moal ngajujur nafsu, tangtuna aya pamilih, nu goring
moal disorang, raina ngawangsul, duh engkang sumuhun pisan,enggeus
kaemut ayeuna ku tuang rai, yen kitu ngimankeunnana.
396. Rukun Iman mun kieu diaji, biasana ngan ukur dibaca, sadayana pada
nyaho, apal basana mah tangtu, imanna henteu dipikir, teu dirasakeun
eusina, jadi ngaler ngdul, rukun Islam Rukun Iman, manus amah
jongjong iman kana duit, ngajujur bae nafsuna.
397. Ceuk rakana bener kitu rai, eta rukun Iman diajina, kitu
diimankeunnana teh, ulang ngan apalna wungkul, basana dipake cuih,
Layang Muslimin Muslimat
72
sabab eta rukun Iman, bibitna rahayu salamet dunya Akherat, di
dunyana moal keuna hukum bui, laku nu goreng dijaga.
398. Nagara ge tangtu aman pasti, lamun kabeh ngari rukun Iman, sarta
eusina kahartos, dirasakeun nu saestu, sihoreng Gusti Yang Widi, pang
ngyakeun rukun Iman, pamagerna nafsu, nafsu anu awon tea, ulah
sampe nafsuna dijujur teuing, nafsu goreng kudu cegah.
399. Saur rai kantun hiji deui, rukun Iman anu kagenepna, untung ala jeung
becik teh, papasten ti Yang agung, tapi rai can kaharti, piraku Gusti
Allah, nyieun goreng kitu, rakana enggal ngajawab, kapan tadi diluhur
ku engkang rai, kapan parantos didadar.
400. Tetep Allah ngan midamel suci, gorengna mah ti Idajil tea, tadi ge geus
dicarios, saur rai teh eh sumuhun, rai parantos mangarti, kumaha atuh
eta, ngama’naan rukun, kumargi kitu sundana, saur raka kieu mun
hanteu tinggali, ngimankeun nu kagenepna.
401. Urang kudu percaya sing tigin, mangsa-mangsa jalma keur didunya,
hirupna euweuh kadaek, teu ibadah hanteu ngelmu, teu ngabakti ka
Yang Widi, urang sing tetep percaya, yen jalma nu kitu, dina engkena
geus hilang, nyawana teh bakal tigebrus geus pasti, kana untung ala tea.
402. Bakal asup ka Naraka api, anu langgeng teu aya watesna, cicingna di
Naraka teh, jeung meunang siksaan kubur, sakarat mah puguh deui, jadi
tilu kali nyorang, nu matak disebut, untung ala nya ngaranna, hartina
teh untung ku siksaan badis, taya pisan kangunahan.
403. Sabalikna sing percaya ati, mangsa-mangsa jalma keur di dunya, amal
ibadahna daek, suhud neangan elmu, sareatna hakekatna deui, tarekat
sareng ma’rifat, kabeh geus kasusul, urang kusu percayana, eta jalama
bakal meunang untung becik, beunghar ku kani’matan.
404. Saupami jalma geus mangarti, kana eta harti rukun Iman, piraku teu
bageurna teh, sabab sieun geus tangtu, sageuy hanteu ati-ati, ngajaga
kana lakuna, sieun meunang hukum, dunya sarawuh Akherat, sieun
jatoh kana untung ala tadi, beunghar ku ka teungeunahan.
405. Saur rai duh engkang kaharti, pasal eta rukun Iman tea, nya kitu
ngimankeunna teh, ayeuna mah jadi ilmu, tangtos eling siang wengi,
jeung matak suhud ibadah, bakti kanu Agung, sabab geus aya pokona,
kayakinan dina diri tuang rai, percaya bakal kituna.
406. Mung ayeuna bade naros deui, aya keneh nya kapanasaran, pasal amal
can kahartos, reh geuning amal teh kitu, aya opat perekawis, lahiji amal
Jariyah, dua Sadrah, tilu amal Sholeh, nu kaopat amal Ma’ruf nu kauni, tah
eta nu opat amal.
407. Mugi rai paparin mangarti, anu beres sahiji-hijina, ceuk rakana mun can
hartos, pasal amal teh geus tangtu, aya dua perkawis, aya ferdu jeung
wajibna, ari nu feredu, ferdu pikeun ka manusa, enya eta sakumaha
unggel Hadist, meureun rai ge uninga.
Layang Muslimin Muslimat
73
408. Sakumaha unggel Hadist misti, dilakonan lamun urang kuat, aya pikeun
hajatna teh, boga barang anu cukup, sarta kudu ikhlas ati, dupi amal
kaduana, amal wajib kitu, wajib mah ka Gusti Allah, Henteu beunang
manusa sulaya deui, sabab wajib kasebatna.
409. Den Muslimat lajeng naros deui, nu kumaha amal ka Pengeran, rai mah
tacan mangartos, rakana enggal ngawangsul, kieu amal ka Yang Widi,
kahiji amal Jariyah, sua Sadrah kitu, amal Sholeh katiluna, tumerapna dina
waktu lima misti, dina waktu Sembahiyang.
410. Sabab dina Sembahiyang rai, nya bagian nu tilu perkara, Kasdu ngaranna
teh, kaduana nu ngaran Ta’rud, nu katilu nu ngaran Ta’yin, ari eta Kasdu
tea, bagian geus tangtu, bagian panggawe badan, jadi urang lebah dinya
kudu ngarti, yen ieu teh wujud urang.
411. Eukeur jadi Jariyahna Gusti, kudu nurut kersana Pangeran, wujud teh
eukeur dianggo, keur nangtung ngajadi huruf, huruf Alif eta sidik, ruku
huruf Lam awal, sujud teh geus tangtu, huruf Lam akhir nyatana,
lungguh eta huruf He teu salah deui, sidik pisan lafad Allah.
412. Anu matak masing suhud rai, ngalakonan eta waktu lima, keur Jariyah
ka Yang Manon, kapan keur kieu mah wungkul, ieu teh badan jasmani,
meureun ku rai karasa, Jariyahna nafsu, ngaula kana kahayang, udar ider
dibelaan ruksak diri, pasal ngudag kadunyaan.
413. Saur rai Jariyah kaharti, kantun eta amal Sadrah tea, dimana tumerapna
teh, rakana lajeng ngawangsul, tumerapna eta rai, nyaeta panggawe
lisan, jadi urang kudu, dina keur maca kalimah, waktu urang keur
Sembahiyang teh misti, puji kabeh waktu eta.
414. Ulah nganken puji urang rai, da tadi ge puji teh nu Allah, nya
sadrahkeun deui bae, ka Allah nu Maha Agung, manusa mah kapan rai,
hanteu daya teu upaya, ulah ngaku-ngaku, pedah urang geus
Sembahiyang, ujub bakal ditarima ku Yang Widi, bakal manjing
Sawarega.
415. Nu katilu amal Sholeh rai, enya eta pagawean manah, pagawean ati
yaktos, sundana Sholeh kitu, kudu beresih pisan ati, dina keur waktu
Sembahiyang, ati the sing lulus, ulah boga patekadan, jual meuli jeung
nu Maha Suci, kudu Lillahi ta’ala.
416. Ulah kieu pangna daek rai, ngalakonan waktu anu lima, hayang diganjar
engke teh, diburuhan ku Yang Agung, dipaparin Sawarega, engke
dimana geus wafat, eta ulah kitu, kapan dina Ushallina, di tungtungan
aya dalil nu kauni, make Lillahi ta’ala.
417. Sundana teh kapan eta dalil, kudu ikhlas beresih nya manah, ulah rek
aya kahoyong, tapi digawe sing suhud, jeung ati sing bersih, beresih taya
pamandang, kumaula wungkul, kitu ibadah ka Allah, sanes deui sareng
ibadah ka jalmi, pandang kana buruhan.
418. Den Muslimat nyaur semu manis, aduh engkang nuhun keti laksa, rai
dipaparin mangartos, ku engkang anu sakitu, teu aya hargana deui,
Layang Muslimin Muslimat
74
ayeuna mah mangga engkang, liren bae atuh, tapi engke kapayunna,
sugan aya Mas’alah nu can kaharti, muga engkang kersa jawab.
Asmarandana
419. Kocapkeun enjingana deui, den Muslimat sareng raka, bada netepan
Lohor, teras duaan taruang, sabab parantos waktuna, saban tuang waktu
Dzuhur, bada tuang den Muslimat.
420. Ka rakana nyaur deui, kieu engkang saleresna, rai bade naroskeun teh,
naha ieu alam dunya, sareng ngaran manusa, mana nu heula dumuk,
heula dunya heula jalma.
421. Rakana gumujeng manis, naha rai kawas gundam , kapan enggeus sidik
jentre, Kangjeng Nabi Yullah Adam, nu didamel asalna, ku kersana
Maha Agung, aci seuneu aci tanah.
422. Aci cai aci angin, meureun tanda heula dunya, naha rai masik helok,
sareng ieu alam dunya, ieu alam pangbuangan, malah alam dunya
dumuk, alam pangriged-rigedna.
423. Raina ngawalon deui, kang rai kalintang heran, dunya disebatkeun
kotor, sarta riged pangbuangan, naha naon margina, ku rai tacan
kaemut, mangga terangkeun ku engkang.
424. Rakana ngawalon deui, kieu lamun tacan terang, geuning Hadist leuwih
bentes, Kangjeng Nabi Yullah Adam, tumurunna ka dunya, di tundung
ku Maha Agung, sasatna adam dibuang.
425. Dipaksa teu meunang ngancik, ku Gusti Allah ta’ala, pedekna kenging
bebendon, ti Sawarega dibuburak, kusabab boga dosa, ngala titipan
Yang Agung, larangan Gusti di ala.
426. Mana ngarana ge dohir, hartina dohir doraka, dohir teh nyata pabuen,
malah aya sajabana, jaba ti Adam jeung Hawa, nu dibendon ku Yang
Agung, hiji sato oray naga.
427. Eta ge dibuang deui, oray tukang jaga lawang, ingkah ti Sawargana teh,
dosana ngabuskeun setan, nu ngagoda Adam Hawa, oray sanggeusna
ditundung, nya didamel bengker dunya.
428. Kawasana Yang Sajati, didamel pamageuh dunya, sasat didamel
pademen, ngabudeur ngabengker dunya, jadi pamageuh jagat, buntut
asup kana sungut, sarta teu patok cicingna.
429. Sirahna teu patok cicing, kitu kersana Pangeran, najan didamel
pademen, sirahna teu patok tempat, dina palebah-lebahna, mun sirah
lebah kidul, ngan tilu bulan lilana.
430. Saparantos tilu sasih, sirahna teh teras pindah, geleser pindah ka kulon,
tara langkung tara kirang, beulah kulon cicingna, ngan tilu bulan teu
langkung, upami geus tilu bulan.
Layang Muslimin Muslimat
75
431. Sirahna teh ngeser deui, ti beulah kulon teh pindahna ka kaler, nya tilu
bulan lamina, lajeng pindah ka wetan, lamina deui sakitu, angger bae
tilu bulan.
432. Nya tilu bulan sakali, sirah pipindahannana, salawasna kitu bae, geus
satahun tepung gelang, ti urut ka urutna, mana kiwari kamasyhur, aya
ngaran kala.
433. Tegesna kala teh rai, eta sanyatana ula, nu disebut kala gede, atanapi
jatingarang, sarta awakna oray, dina saban-saban taun, ngariutkeun
alam dunya.
434. Sabab buntut oray tadi, dikokopan ku sungutna, beuki lila beuki jero,
kawasna mah alam dunya, geus tangtu ngariutna, sabab bengkerna
ngariut, oray awakna mondokan.
435. Raina ngawalon manis, eta engkang leres pisan, perekawis jagat gede,
tangtu pisan ngariutna, tina heubeul-heubeulna, emutan rai ge kitu,
tangtos pisan moal lepat.
436. Dibanding jeung jagat shagir, enya jagat wujud urang, upama jalma geus
kolot, geus sidik meotannana, eta enggeus kalumbrahan, tambah sepuh
tambah lembut, tetela meotannana.
437. Jagat kabir jagat shagir, da moal aya bedana, kusabab eta oray teh,
nyatana pikiran urang, anu tetela nyata, kapan pikir oge kitu, lamun
geus kolot umurna.
438. Lamun geus ngariut pikir, ragana tangtu meotan, beda jeung keur ngora
keneh, urat wangkeng kulit merat, sartana tanaga rosa, geuning ari
enggeus sepuh, urat kendor kulit goplak.
439. Tanaga oge meh leungit, ngariut sagala rupa, riut tinggal riut denge,
ngariut nya rarasaan, ucap rawuh ambekan, bukti geuning osok
ngarahuh, najan leumpang deudeukeutan.
440. Ceuk rakana aya deui, batu bodas ti Sawarga, eta ge meunang bebendon,
ti Gusti nu Maha Mulya, dibijilkeun ti Sawarga, lantaran dianggo diuk,
ku Hawa bari meresan.
441. Ku kersana Maha Suci, batu dipuragkeunnana, hanteu salah ceuk sakaol,
muragna ka tanah Mekah, malah bukrina ayeuna, di mekah teh aya batu,
dingaranan Hajar Aswad.
442. Namung jadi salin rupi, Hajar aswan hanteu bodas, jadi hideung rupana
teh, sabab batu panuhunna, neneda ka Gusti Allah, panuhunna eta batu,
nyuhunkeun siksaan dunya.
443. Anu matak salin rupi, hideung teh eta siksaan, kitu riwayat Hadist teh,
aya deui hiji tangkal, ngaran kayu candana, eta ge meunang bebendu, ti
Gusti Allah ta’ala.
444. Terus dibijilkeun deui, sabab pake eureun Hawa, muragna ka leuweung
ganggong, nya ka leuweung alam dunya, aya deui hiji tangkal, anu
ngaran kayu garu, eta ge kai sawarga.
Layang Muslimin Muslimat
76
445. Nya meunang bebendon deui, lantaran eta kulitna, ku Siti Hawa
dianggo, dianggo pipinding orat, dianggo cawet ku Hawa, eta ge tuluy
ditundung, di buang ka alam dunya.
446. Adam muragna ka bumi, mener ka tanah Hindustan, ninggang kana
leuweung gede, gunung Surandil ngaranna, ari muragna Hawa, ka Jidah
pinggir laut, nu sakitu jauhna.
447. Tur taya batur sahiji, margi tacan aya jalma, masih ngeplak tegal keneh,
tacan aya tatangkalan, panasna ngabebetrak, sataranjang teu disarung,
keu kekemben teu raksukan.
448. Hawa nangis jerat jerit, nalangsa sampe les-lesan, ninggal laut ngeplak
hejo, sareng tegal ngentak-ngentak, henteu aya keur ngiuhan, nangis
ngenes manah ngungun, keueung taya papadana.
449. Aduh Gusti tobat teuing, panutan dimana lenggah, Siti Hawa utrakatrok,
nuturkeun indung sampean, sarta barina sasambat, aduh Gusti
hamba tulung, Gusti Adam teh dimana.
450. Naha mana Ikhlas teuing, jisim abdi ngan sorangan, abdi pundut nyawa
bae, tinimbang abdi kieu mah, les-lesan nangisna Hawa, sora peura soca
cindul, meh merem socana Hawa.
451. Tina nangis siang wengi, emut waktu di Sawarga, taya papadana raos,
nu’mat bae salawasna, taya pisan kasusahan, siang wengi ni’mat
wungkul, barang ayeuna di dunya.
452. Ngan wungkul bae prihatin, ngenes peurih salawasna, cape balas utrakatrok,
geus taun-taun lawasna, neangan Adam panutan, beurang
peuting usrak-asruk, nuturkeun indung sampean.
453. Tunda Hawa keur prihatin, geus jauh ti tanah Jidah, ayeuna nu kacarios,
Kangjeng Nabiyullah Adam, anu murag ka Hindustan, nangisna mani
ngagukguk, tina emut ka geureuhna.
454. Aduh-aduh Hawa Siti, duh nyai aya dimana, naha nyai hirup keneh,
atawana enggeus wafat, duh Gusti anu kawasa, mugi Gusti Maha
Agung, ngahampura dosa hamba.
455. Duh Gusti Robbul ’alamin, abdi nyanggakeun duduka, neda hampura
Yang Manon, sadayana kalepatan, mugi Gusti ngahampura, Adam keur
sasambat kitu, jol Jabrail Malaikat.
456. Malak Jabrail mepeling, ka Jeng Nabiyullah Adam, kieu saurna malak
teh, kudu tobat ieu baca, dalil dawuhan Allah, Robbana dlollamna kitu,
lajengna teh anfussana.
457. Jeung aya lajengna deui, Wa in-lam taghfirlana, dzunu banna ulah geseh,
terasna Lana qunnana, Minal khosirin kebatna, dawuhannana Yang
Agung, lajeng bae Nabi Adam.
458. Nurutkeun saur Jabrail, Adam maca eta ayat, beurang peuting hanteu
petot, lamina teh ngaos Ayat, sarta teu peugat-peugat, lamina saratus
taun, kitu ceuk hiji hikayat.
Layang Muslimin Muslimat
77
459. Barang maosna geus nepi, saratus taun lamina, dihampura ku Yang
Manon, saparantos dihampura, teu kungsi lami Adam, sareng Babu
Hawa tepung, amprokna di Gunung Arfah.
460. Mana dongkap ka kiwari, di Mekah teh aya Arfah, eta sasakala amprok,
Adam sareng Babu Hawa, eta kitu hartina, anu mawi dunya dumuk,
disebatkeun pangbuangan.
461. Tina sabab eta yakin, sacarios Hadist tea, kitu unggeling carios, eta
Hadist moal lepat, dawuhan para Aulia, tah eta kang rai kitu, bilih teu
acan kamanah.
462. Geuning nepi ka kiwari, anu jararah ka Mekah, anu munggah Haji
kabeh, upama can ka arfah, najan geus ka Madinah, tacan jadi Haji kitu,
jadina sanggeus ka Arfah.
463. Kitu sareatna Haji, tapi ceuk Ahli hakekat, jasmani rohani oge, sing
amprok ulah papisah, hijikeun ulah rek renggang, supaya bisa purkatut,
mulih kana kasucian.
464. Saur rai kahareti, munggah Haji geus kapaham, sareatna hakekatna ge,
ayeuna muga diwejang, pasal tadi ceuk engkang, ieu alam dunya
dumuk, disebatkeun pangbuangan.
465. Sabab kitu asal tadi, pang Nabi Adam ka dunya, persasat dibuang bae,
atuh meureun najan urang, urang ge eukeur dibuang, da aya di alam
dunya dumuk, ceuk rakana bener pisan.
466. Numatak mungguhing jalmi, nu pada gelar didunya, akang wani taroh
bae, moal aya nu merdika, boro-boro pangkat urang, najan anu jadi
Ratu, moal pisah ti kasusah.
467. Da bubuhan keur dibui, cicing di panjara Allah, nya ieu alam dunya teh,
munatak saha jalmana, anu ngumbara didunya, cicing dina ngeunah
terus, sanajan di Raja pisan.
468. Teu weleh-weleh dibanding, teu lepot ti kasusahan, da sasat di jero
berok, saha bae anu ngunah, nu betah dipangbuangan, sanajan
diempuk-empuk, hanteu aya kakurangan.
469. Teu pisah tina prihatin, ganti-ganti kasusahan, ku sadaya ge karaos, boh
nu miskin boh nu beunghar, pangkat menak pangkat cacah, moal ucul ti
kabingung, ngan ukur pasangka-sangka.
470. Sangkaannana nu miskin, kanu beunghar nyebat ngeunah, padahal
sarua bae, beunghar barang beunghar susah, nu miskin oge sarua, mun
miskin taya kagaduh, miskin deui kasusahna.
471. Nu miskin mah geuning yakin, ngan sarupa kasusahna, wungkul ku
dahareun bae, kumaha isuk nya dahar, keur anak pamajikan, geus
cumpon ge keur isuk, cukup pikeun meuli beas.
472. Geus suka bungah nya ati, geus hanteu aya pikiran, tibra sasareanna ge,
emut-emut geus isukna, bakating ku sare ngeunah, kumaha ari nu
cukup, bisa kitu sare tibra.
Layang Muslimin Muslimat
78
473. Tah kitu eta kang rai, anu matak ieu dunya, pangbuangan hanteu geseh,
meureun ku rai karasa, bandingkeun jeung memeh gelar, samemeh ka
dunya turun, naon rai nya kasusah.
474. Nu matak ayeuna rai, wajib urang kudu tobat, enggoning eukeur
diberok, sangkan ulah tutuluyan, urang jadi buangan, di hampura ku
Yang Agung, dilepas tina hukuman.
475. Balik kasalna tadi, ka asal purwa wiwitan, kawit ge teu naon-naon, teu
aya pisan kaboga, teu rasa-rasa acan, sumawonna boga wujud, estu sidik
Lahaola.
476. akang paur liwat saking, sieun engke dina wafat, teu ditampi ku Yang
Manon, tetep dina pangbuangan, balik deui ka dunya, marakayangan
usrak-asruk, samemeh kiamat dunya.
477. Jadi tetep bae ngancik, dina rasa kasusahan, cicing di Naraka bae,
beurang peuting hanteu pegat, tina loba kahayangna, haying dahar
haying nginum, kabeh jadi kasusahan.
478. Sareng nyanghareupan deui, kana poe akhir tea, nyaeta kiamat tangtos,
Landratan Allah ta’ala, bongan aya di dunya, geus tangtu pisan
dihukum, sabab salah pangbalikan.
Kinanti
479. Raina deui ngawangsul, ka rakana bari ta’dim, duh engkang percaya
pisan, kasauran engkang tadi, yen bakal kitu jadina, manusa tungtungna
pasti.
480. Ayeuna gaduh piunjuk, yen nguping carios Hadist, jagat aya dua rupa,
Jagat shagir Jagat kabir, Jagat shagir wujud urang, kabir mah nya alam
dohir.
481. Kaayaannana kitu, teu beda geus tangtu sami, tah kusabab kitu engkang,
ayeuna neda piwangsit, kumaha pangna teu beda, shagir sareng Jagat
kabir.
482. Ceuk rakana bener kitu, Hadist moal salah deui, kieu bisi teu uninga,
geura bandungan ku rai, ieu dina alam dunya, eusina eta geus pasti.
483. Aya beurang peuting tangtu, di diri urang ge bukti, meureun ku rai
karasa, aya sare sareng nyaring, nyaring babandingan beurang, sare
babandingan peuting.
484. Ceuk raina geus kaemut, ayeuna mah rai harti, kantun poe tujuh tea,
naon nyatana di diri, saur raka palawangan nu diluhur eta rai.
485. Nyata dua liang irung, dua soca dua cepil, geuning geus genep
jumlahna, katujuhna baham rai, tah eta poe nyatana, moal enya salah
deui.
Layang Muslimin Muslimat
79
486. Saur raina sumuhun, karaos pisan ku rai, mana ari dawuh lima,
tumerapna dina diri, muga ku engkang dipiwejang, rai ku hayang
kaharti.
487. saur raka pasal dawuh, dawuh lima nu sidik, eusina nu tujuh tea, hiji
pangdanguna cepil, dua tinggalina soca, katilu pangucap pasti.
488. Kaopat pangangseu irung, kalima rasana pasti, tah geuning jejeg geus
lima, sidik geuning enggeus bukti, naon deui nya kabingbang, pek geura
taroskeun deui.
489. Raina lajeng ngawangsul, kantun bulan can kaharti, aya bulan dua belas,
dina ieu alam dohir, naon nyatana di urang, ku rai tacan kapikir.
490. Cuk rakana mun can weruh, pasal bulan eta rai, anu dua belas tea,
nyatana di diri rai, mangga bilang ugel tangan, nu dua sabaraha hiji.
491. Pek ku raina diitung, ugelna panangan bukri, aya tilu sabeulahna, jadi
dua tangan pasti, aya genep sadayana, lajeng raina ngalahir.
492. Ka raka lajeng ngawangsul, geuning karek genep siki, mana anu
sawarehna, saur raka kapan bukti, ugelna dua sampean, aya deui genep
pasti.
493. Saur raina sumuhun, bener dua belas siki, ugel dilihur dihandap, aduh
naha cocog teuing, kantun dina jero bulan, naon buktina nu pasti.
494. Dina sabulan teh tangtu, tilu puluh poe pasti, eta naon sanyatana, nu
yakin dijero diri, ngajawab deui rakana, kieu rai mun can harti.
495. Nyatana ugel nu lembut, uel-ugel ramo rai, geura mangga bae etang, tilu
puluh eta sidik, nu dina dua panangan, ramo suku kitu deui.
496. Sami bae tilu puluh, nyatana beurang jeung peuting, panangan bagian
beurang, sampean bagian peuting, numatak dina sabulan, aya tilu puluh
peuting.
497. Beurangna oge sakitu, tilu puluh beurang deui, raina enggal ngajawab,
aduh naha leres teuing, paingan carios kitab, taya bedana sautik.
498. Kantun taun nya kasebat, kabehna dalapan pasti, sawindu eta ngaranna,
naon nyatana nu bukti, nyatana di badan urang, mangga ku raka pilahir.
499. Saur raka pasal taun, nu dalapan eta rai, antarana ugel tangan,
peupeuteuyan dua siki, jeung dua tangan geus nyata, jumblah aya opat
siki.
500. Dihandap oge sakitu, dua bitis dua pingping, jadi opat jumblahna, jeung
opat diluhur tadi, dijumblah jejeg dalapan, eta taunt eh kang rai.
501. Jadi ngarana sawindu, hartina windu teh rai, saajegna diri urang, cukup
hanteu kurang leuwih, panggahota diri urang, taya kakurangan deui.
502. Ceuk raina aduh-aduh, bet nyata kabeh di diri, kaayaan alam dunya,
geus kumpul di Jagat shagir, tapi aya nu kaliwat, ku engkang teu
dipilahir.
503. Di alam dunya teh dumuk, aya Srangenge pasti, kitu deui aya Bulan,
Bentang-bentang laksa keti, sareng aya deui hawa, hawa panas hawa tiis.
Layang Muslimin Muslimat
80
504. Hawa angin bumi kitu, naon nyatana nu yakin, di badan urang sapata,
ceuk rakana eta rai, nyatana hawa nu opat, nafsu urang eta pasti.
505. Amarah Lowamah kitu, Sawiah katilu rai, kaopatna Mutmainah, eta
moal salah deui, kanyataan dina badan, sumuhun saur kang rai.
506. Ku rai prantos kamafhum, prantos kacatet ku ati, kantun Srangenge
jeung Bulan, naon nyatana di diri, ceuk rakana hirup urang, tapi eta mah
kang rai.
507. Geus asup hakekat kitu, teu beunang dijirim-jirim, dibuktikeun dina
badan, sabab eta mah geus ghaib, kakara bisana nyata kudu ku tarekat
rai.
508. Nganyatakeun sifat hirup, hanteu kenging ditinggali, ku awas panon
kapala, kudu ku awasna ati, da aria was mata mah, keur ninggali Johar
pirid.
509. Caang bunya eta kitu, Bulan Panonpoe dohir, nu nguatkeun alam dunya,
ngahirupkeun eusi bumi, sarupaning tatangkalan, da mun taya
Matahari.
510. Hawa bumi angin banyu, moal bisa jalan pasti, samangsa teu jalan eta,
tatangkalan moal jadi, moal aya hasil dunya, meureun manusa ge mati.
511. Tah eta geuning geus dumuk, hirupna teh Jagat kabir, ku ayana Bentang
Bulan, Panonpoe nu kahiji, kitu deui badan urang, enya ieu Jagat shagir.
512. Sageuy taya nu ngawengku, nu ngahirupkeun jasmani, Panonpoe wujud
urang, anu ngaran Johar latif, cahya anu lemes tea, teu beunang
katinggali.
513. Ku panon kapala kitu, tapina wajib kapanggih, mun teu panggih di
dunyana, di Akherat poek pasti, poek mah atuh Naraka, tangtu jadi
eungap pasti.
514. Kapan di dunya ge puguh, betah teh ku caang bukti, jeung jadi sagala
lampah, pagawean jalmi-jalmi, kapan kitu sidik pisan, kari-kari caang
batin.
515. Nu tetela langgeng tangtu, teu dipiluruh ku jalmi, atuh kumaha rek
ngeunah, engke urang teh dibatin, poek mongkleng buta rata, sarta
langgeng henteu gingsir.
516. Geus taya tanyaeun kitu, da geus lain tempat ngilmi, lain tempat keur
ibadah, engke dina alam batin, ngan pikeun nampa siksaan, ganjaran
pon kitu deui.
517. Raina lajeng ngawangsul, rai nuhun laksa keti, engkang sampe
bebeakan, miwejang ka rai, nya nuhun Alhamdulillah, laksa ribu rai
nampi.
518. Mung bae engke kapayun, upami rai tacan harti, engkang keresa
miwejang, margi ayeuna geus burit, mangga urang pada siram, urang
naretepan magrib.
Layang Muslimin Muslimat
81
Aya keneh sambungannana
SYA’IR
1. Neda maaf kasadaya wargi,
Ka pameget rawuh ka istri,
Ieu suluk dijieun sya’ir,
Sugan kasasar ku pikir.
2. Carita kitab nu ditukil,
Nyokot misil nu jadi hasil,
Ieu jaman parantos akhir,
Bakal maot kudu kapikir.
3. Ulah atoh ku loba duit,
Lain duit pati hurip,
Raoskeun mun datang sakit,
Sakumaha lobana duit.
4. Ari diri saperti kembang,
Di dunya pikir kumambang,
Malati di pinggir lobang,
Geus ligar murag kalombang.
5. Poe ieu bisa leumpang,
Poe isuk can kawangwang,
Poe ieu urang senang,
Isukan mah biheung mulang.
6. Kembang malati rupana putih,
Sedep seungit sajero ati,
Sok bingbang mikiran diri,
Kumaha isuk nepi ka jangji.
7. Nu kasebat enggeus yakin,
Rasa dua ngangin-ngangin,
Ngangin rasa sajati,
Karaos hirup jeung mati.
8. Manahan sadaya Sobat,
Istri dibeuli ku Syahadat,
Rek nampa rasana madat,
Supaya jadi Syahadat.
9. Haram lamun hanteu nikah,
Anakna sok jadi jadah,
Urang sing suhud ibadah,
Ibadah ka Gusti Allah.
10. Sing suhud urang di dunya,
Neangan elmu nu enya,
Supaya bisa sampurna,
Pigeusaneun dina paehna.
11. Mun urang lolong di dunya,
Lolong jaga di Akheratna,
Pangeran awas ka urang,
Urang sing ninggal Pangeran.
12. Gusti Allah wajib ayana,
Euweuhna dina ayana,
Geura tareangan dzatna,
Engke harti sadayana.
13. Dua puluh sifatna Pangeran,
Dzatna kudu tareangan,
Sangkan ulah kabingungan,
Kakat di diri sorangan.
14. Wali turutaneun urang,
Ulah salsah tekad urang,
Ulah ngagugu nu ngalarang,
Eta teh omongan baruang.
Layang Muslimin Muslimat
82
15. Ulah Iman ka barang ruksak,
Qur’anul Adzim sing kapendak,
Ulah eureun memeh mendak,
Ulah kawas ngaji budak.
16. Ulah katungkul dudunya,
Teangan elmu sampurna,
Nafsu mah taya putusna,
Karasa dina pupusna.
17. Kafir lain Walanda Cina,
Kafir teh nu jahat atina,
Nu ngumbar bae nafsuna,
Kanu goreng taya pegatna.
18. Jalan jahat mah babari,
Jalan hade rasana nyeri,
Elmu teh kudu pilari,
Nuduhkeun jalan lastari.
19. Kufur teu percaya ka kitab,
Nu dusun teu nyaho adab,
Nu kitu ngarana Murtad,
Sabab bongan salah tekad.
20. Mudu Guru pondok caritana,
Sangkan babari kahartina,
Da lafad mah taya beakna,
Beak umur can sampurna.
21. Ari nafsu opat kabehna,
Masing-masing eta karepna,
Nu tilu karep balaka,
Diturut matak cilaka.
22. Nu hiji karep nu muji,
Nya eta nafsu nu suci,
Ulah jail ka pada jalmi,
Matak poek kana ilmi.
23. Ulah Guru loba omongna,
Matak keder pikirannana,
Ngagulung caritana,
Tapi henteu jeung barangna.
24. Ulah sok ngarah ngarinah,
Matak pinanggih tugenah,
Jeung poma ulah mitenah,
Wawalesna sok teu ngeunah.
25. Sing isin kunu kawasa,
Nu bareng hanteu papisah,
Eta nu murba kawasa,
Terang ka sagala dosa.
26. Malikan Malati tadi,
Resep kanu beresih ati,
Amis budi carita ilmi,
Matak narik manah resmi.
27. Ngajelengit inget teu leungit,
Nyaurkeun ilmu nu repit,
Selap-selip mapay peujit,
Nyaurkeun jatining hurip.
28. Nyaur ilmu matak tiis,
Carita ilmu ngajinis,
Ka kuping beres patitis,
Jasmani sok panas tiris.
29. Beda jeung saur nu sompral,
Kakuping matak garihal,
Loba omong salah pasal,
Ngabegal elmu nu asal.
30. Mudu mulung kanu susah,
Engke diwales kunu kawasa,
Urang kudu ngaji rasa,
Sing inget bakal papisah.
Layang Muslimin Muslimat
83
31. Mudu mandi cai suci,
Kain cai ngala ti kali,
Cai suci ti jero ati,
Cai suci matak beresih.
32. Teangan di badan urang,
Aya cai bening nya herang,
Mudu nyandak ka gunung larang
Kunci larang alam padang.
33. Meungpeung hirup kudu Guru,
Sangkan salamet diditu,
Laku lampah kudu jeung ilmu,
Lahir batin gampang katimu.
34. Teangan hirup sajero hirup,
Sing inget urang bakal ditutup,
Walanda Cina meureun nya kitu,
Geus ditutup teu nyaho ka incu.
35. Teangan kubur nu tangtu,
Lain kubur tutup batu,
Kubur hirup dijero kalbu,
Nya eta sifatna elmu.
36. Ahadiyat naon hartina,
Basa Baqo langgeng sundana,
Poe tujuh aya dimana,
Ulah ngitung beurang peutingna.
37. Ari Qudrat teh kawasa,
Bisa leumpang urang ku saha,
Jeung urang asal timana,
Enggeusna balik kamana.
38. Hanteu bijil ti beulah batu,
Ahadiyat eta geus tangtu,
Kangjeng Rasul hanteu pupus,
Mun pupus dunya ge lampus.
39. Ulah loba nu diaji,
Syahadat heula nu misti,
Kitab Qur’an jieun saksi,
Asupkeun ka jero diri.
40. Tilu puluh Juz kudu tamat,
Sajero eta teh tobat,
Sajol bulan eta tamat,
Nembe salamet Akherat.
41. Poek ati poek bulan,
Poek bulan poek iman,
Lain caang caang bulan,
Caang soteh caang iman.
42. Paribasa ditetepkeun iman,
Tetepna dimana kutan,
Nyaho ge iman teu acan,
Da lain caangna bulan.
43. Diteangan leuwih rugi,
Sarebu hiji anu manggih,
Dibeulina satengah mati,
Tutup mulut buka kunci.
44. Ngaji teh ulah ngajibris,
Mudu ngaji kudu ngajinis,
Ngaji badan masing tapis,
Ma’na Qur’an lapis-lapis.
45. Bisa ngaji Ulah kumaki,
Mun tacan isbat jeung nafi,
Dalil Qur’an tuduh harti,
Jauh keneh kana katepi.
46. Teu gampang neangan iman,
Jauhna tanpa wangenan,
Enya soteh deukeut pisan,
Saur Jeng Nabi Utusan.
Layang Muslimin Muslimat
84
47. Mudu nyaho ilmu Pangeran,
Ulah jongjon ka kitab Qur’an,
Ulah dipake andelan,
Dalil naon nu jadi iman.
48. Guru teh kakasih Allah,
Gagntina Rasulullah,
Anu Guru ahli rasa,
Nu sidik kanu kawasa.
49. Kasebatna Guru Mursyid,
Bisa nuduhkeun nu wahid,
Kalawan nerangkeun Tohid,
Laku lampahna ge tartib,
50. Hewan anu hanteu iman,
Kasebat ceuk kitab Qur’an,
Hanteu daek nareangan,
Pikukuh patokan Islam.
51. Hanteu sahil cicing di dunya,
Lamun barisan cilaka,
Dahar nginum jadi Naraka,
Sabab lacuna henteu diriksa.
52. Euweuh deui sifat hirup,
Anging dzat Allah nu cukup,
Masing ngarti urang hirup,
Mun harti ngelmuna cukup.
53. Ulah hirup nya hirup urang,
Nuduh Allah diawang-awang,
Nu kitu jalama badawang,
Kahakanannana bugang.
54. Allah ninggali ka urang,
Urang ninggal hirup urang,
Panon teh pipinding terang,
Manahan ku ahli ngarang.
55. Sembahiyang kudu khusu,
Mudu tutup sakabeh nafsu,
Nafsu opat ulah metu,
Lain Shalat nangtung kitu.
56. Allahu akbar kudu ta’yin,
Mudu sidik ka alam batin,
Lain beurang lain peuting,
Lalangse beureum jeung kuning,
57. Geus euweuh wujud kaula,
Didinya naon nu aya,
Lain akbar mata kapala,
Akbar anu sajatina.
58. Kaula geus hanteu aya,
Ganti Pangeran nu aya,
Nyebut aya teu ngarasa,
Manahan ku ahli rasa.
59. Silokana sing kapanggih,
Kunci Muhammad nu rugi,
Rasiahna Maha Suci,
Teangan tarekat jati.
60. Lain Muhammad di Madinah,
Hakekatna kudu kamanah,
Da aya awal akhirna,
Pek taroskeun ka Ulama.
61. Taroskeun ka Ajengan Kolot,
Anu dzikirna ngageot,
Nya eta elmu nu kolot,
Duit meunang berekah kolot.
62. Resep ninggal istri sae,
Rasana lacuna hade,
Dzikirna dilewe-lewe,
Allah mah nurutkeun bae.
Layang Muslimin Muslimat
85
63. Jalaran gogoda diri,
Pujina ngarah sasaji,
Ajengan hayang dipuji,
Ganjaranna geus bukti,
64. Ijrail teu ninggal puji,
Ninggalina iman nu suci,
Lampahna gemi nastiti,
Karesepna dana dini.
65. Teu iman jagana poek,
Di kubur tangtu dipekprek,
Lampahna sadaek-daek,
Nurutkeun nafsuna dewek.
66. Barang ruksak dibeberik,
Nu langgeng hanteu diberik,
Katungkul ku sirik pidik,
Nu kitu teh kafir Jindik.
67. Pang urang sagala gampang,
Di dunya sab aya caang,
Di Akherat kumaha leumpang,
Di dunya teu daek neang.
68. Geura tinggal rupana Guru,
Tinggali ilmu nu tangtu,
Ulah rasa guru jauh,
Geua megat dilawang buntu.
69. Mudu terang wuruk Guru,
Lain terang omongan kitu,
Terapkeun ramo jeung suku,
Teu lila amprok jeung Guru.
70. Ari Guru wajib disembah,
Lain nyembah kanu aya,
Nyembah kanu euweuh aya,
Eta Guru anu mulya.
71. Ibu Rama wajib disembah,
Sabab miara ti baheula,
Wajib deui nyembah ka Raja,
Wakilna anu Kawasa.
72. Agungkeun Guru jeung Ratu,
Sangkan urang teh rahayu,
Lahir batin ulah tatu,
Diri ulah laku satru .
73. Mudu Guru sajero hirup,
Eta nu wajib diturut,
Nafsu opat kudu tutup,
Karasa paeh jeung hirup.
74. Nya eta Guru sajati,
Nuduhkeun jalan nu suci,
Gawena tirakat nyepi,
Tanda Guru nyekel sosi.
75. Ari iman sifatna caang,
Laku lampah kudu terang,
Jalmana pantes lalenjang,
Gawena sok kirang tuang.
76. Dahar ulah kawas kebo sapi,
Beurang peuting teu berenti,
Jalma teu inget ka pati,
Lampahna teu ati-ati.
77. Beuteung jemblung awak gede,
Sasauran jiga Kalde,
Ngawakseun ka jalan gede,
Nempoan istri nu hade.
78. Meujeuhna dahar sakali,
Nurutkeun karepna ilmi,
Ulah sare satengah mati,
Matak lali ka Maha Suci.
Layang Muslimin Muslimat
86
79. Cukupna urang di dunya,
Lampahkeun lima perkara,
Sahiji nyaho Syahadat,
Kaduana kudu Shalat.
80. Syahadat syahna teh opat,
Dzat sifat asma af’alna,
Sholat nyaho asal opat,
Nangtung ruku sujud lungguhna.
81. Katilu kudu jazakat,
Zakat pare geus mufakat,
Eta mah teu matak kuat,
Zakat diri matak kuat.
82. Kaopat kudu puasa,
Ramadhan kudu sabulan,
Sasatna sing manggih bulan,
Dina sajerona badan.
83. Kalima leumpang ka Mekah,
Lamun cukup aya bahan,
Samemeh indik ka Mekah,
Teangan Bet dina badan.
84. Sya’ir waca senangna pikir,
Mun lepat mangga dipungkir,
Wantu-wantu kecap sya’ir,
Sabijilna tina pikir.
85. Saena kedah ku istri,
Laguna pantun manyanyi,
Komo mun gentrana istri,
Halimpu jeung mawa sari.
86. Pasosore kudu mandi,
Disamping baju beresih,
Make subal kembang malati,
Geu Sholat tuluy manyanyi,
87. Jalaran saurna Guru,
Nyegah ulah sore turu,
Istri kitu leuwih lucu,
Matak beurat batan batu.
88. Dipiresep ku pameget,
Nyaeta istri kameumeut,
Manyanyina matak resep,
Duriat ge matak tetep.
89. Moal kagembang ku wayang,
Istri urang bisa tembang,
Sora ngeunah matak senang,
Geus manyanyi tuluy tuang.
90. Ieu sya’ir sedeng ditutup,
Geus wengi urang arasup,
Seungit malati geus kaambu,
Kulambu geura pek ingkup.

No comments:

Post a Comment