Search

Tuesday, April 17, 2012

Layang Muslimin Muslimat Jilid IV

1. Simkuring nembean deui, maksad rek ngadangding Layang, namung
kalintang ku awon, dangdingna sareng basana, sakalangkung garihalna,
muga sadaya nawakuf, ulah kirang pangampura.
2. Mung ku banget tekad ati, disarengan ku dudu’a, neda-neda ka Yang
Manon, reh Gusti mah sifat wenang, ngabulkeun paneda jalma, nu
maksudna jalan alus, ngudag hak kasampurnaan.
3. Kasampurnaan lahir batin, salamet Dunya Akherat, sareng ku safa’atna
teh, mu’jizatna Gusti urang, Kangjeng Nabi Muhammad, nu jeneng
Rosulullohu, Shalallahu ‘alaihi wassalam.
4. Teu mungguh ka jalma dhaif, Allah ngabukakeun ilham, sakersana jadi
bae, jeung moal aya nu bisa, ngahalang-halang kersana, sakersana Maha
Agung, moal aya mustahilna.
5. Ngawitan anu didangding, seja rek neraskeun hanca, hanca simkuring
bareto, nyaeta anu kasebat, Layang Muslimin Muslimat, anu nembe jilid
ka tilu, ieu jilid kaopatna.
6. Kocapkeun Raden Muslimin, sinarengan Raden Muslimat, parantos dugi
ka waktos, marulih ka Rahmatullah, mung sasasih antarana, rakana anu
tipayun, sasih Hapit dinten Juma’ah.
7. Dina gentos sasih deui, dinten Saptu ping opat belas, Rayagung dawuh
nu sae, raina Raden Muslimat, mulih ka Rahmatullah, kitu kersana Yang
Agung, ayeuna gentos nu kocap.
8. Nilarna Raden Muslimin, ngantunkeun sahiji putra, kalangkung kasep,
sinareng gentur tatapa, mutih ngabeuti puasa, ahli ngulik Ilmu Nahwu,
Ilmu Sare’at Hakekat.
Layang Muslimin Muslimat
117
9. Tarekat pon kitu deui, teras kana Ma’rifatna, Ilmu luar Ilmu jero, tatas
jeung Tohid-tohidna, hanteu aya nu kaliwat, wajib farduna nya kitu,
dina bagbagan Agama.
10. Jenengannana kawarti, katelahna Raden Insan, kinten-kinten yuswana
teh, dina waktos tilar ku rama, nuju sumedeng pisan, kinten dua puluh
taun, untungna kersa Pangeran.
11. Ilmu ramana katampi, geus kapaham sadayana, bubuhan uteukna encer,
da turunan ti ramana, hanteu susah diwarahna, ku saliwat ge
kamafhum, kawantu dibarung tapa.
12. Kocap Den Muslimat deui, nyaeta raina tea, nyakitu anjeuna oge,
ngantunkeun sahiji putra, pameget sami kasepna, yuswa tujuh belas
taun, Raden Kamil katelahna.
13. Sami bae pada ngarti, kana bagbagan Agama, kalangkung calakanna teh,
sakur piwiruk ramana, teu aya anu kaliwat, tatapana ge nyakitu, sami
sareng Raden Insan.
14. Tabe’atna kitu deui, teu beda sareng ramana, runtut raut jeung saderek,
tara kersa pipisahan, siang sumawon wengina, layeut rukun rempug
jukung, ka darat jadi salebak.
15. Ka cai jadi saleuwi, kitu ceuk paribasana, sasat salaku sahate, barang
dina hiji mangsa, sasarengan pelesiran, ngalantung di pipir situ, bari
ninggalian kembang.
16. Teras lalebet ka Masjid, Masjid alit tengah empang, tilas ramana bareto,
osok didinya ujlahna, neda-neda ka Pangeran, menekung nyepi tafakur,
ngilangkeun babadag raga.
17. Dua putra gek caralik, papayun-payun duaan, dina alketip nu sae,
sareng teras sasauran, ngahusukeun papahaman, Tohid-tohidna bab
Ilmu, nu paparin ti ramana.
Nerangkeun
Asma’ul Husna atawa Asmana Gusti Allah
18. Ngawitan nu nyaur rai, nyaeta Den Kamil tea, ka rakana cacarios, saurna
abdi teh lepat, pasal Asma Gusti Allah, saurna rama kapungkur,
seueurna sabaraha tea.
19. Sareng sabaraha hiji, Asma anu saleresna, rakana lajeng ngawalon,
manawi mun teu lepat mah, Asmana Gusti Allah, sadayana teh saratus,
tapi ari nu gelar mah.
20. Anu kocap unggel Hadist, salapan puluh salapan, tapi nu sakitu oge, ari
pek diringkeskeun mah, ngan ukur jadi lima, kahiji nu kasebut
Asmaullidzati tea.
Layang Muslimin Muslimat
118
21. Kadua anu kauni, ngaran Asmaullisifat, nu katilu kacarios, ngaran
Asmaulliasma, kaopat anu disebat, Asmaulliaf’al kitu, dupi anu
kalimana.
22. Ngaran Asmaullijinsi, tapi eta ge nu lima, nu leres mah hiji bae, saur
raina nu mana, Asma anu saleresna, rakana lajeng ngawangsul,
Asmaullijinsi tea.
23. Ngan eta bae sahiji, raina teras haturan, na kumaha margina teh,
sumangga paparin terang, hartosna eta basa, nu lima tadi disebut, ku rai
tacan kapaham.
24. Rakana enggal ngalahir, kieu pihartoseunnana, pasal Asmaullidzati teh,
nu nyebut jenengan Allah, manurut tina jentulna, sabab Dzat teh aya
tangtu, geus mohal hanteu ayana.
25. Dupi nu kadua tadi, Asmaullisifat tea, netepkeun Asma Allah teh,
nurutkeun tina sifatna, tegesna tina rupana, dupi eta nu katilu, nu
ngaran Asmaulliasma.
26. Nyebutkeun Asmana Gusti, nurutkeun tina Asmana malah nu kaopat
oge, Asmaulliaf’al tea, nyebutna jenengan Allah, nurutkeun Af’alna kitu,
dupi anu nomer lima.
27. Ngaran Asmaullijinsi, kieu pihartoseunnana, nyebutna Yang Manon
nurutkeun tina jinisna, kitu bae sundana mah, raina enggal ngawangsul,
nuhun parantos kapaham.
28. Namung saur engkang tadi, eta Asma anu lima, ngan sahiji anu sae,
naha kumaha margina, pang seueur teuing nu lepat, rai sakalangkung
bingung, mangga ku engkang didadar.
29. Lajeng rakana ngalahir, lepat soteh nu nampana, Asmana mah sae
kabeh, ngan seueur pisan nu salah, dina ngabarangkeunnana, seueur
Paguron kaliru, sok netepkeun kanu anyar.
30. Geuning seueur pisan jalmi, nu ngaku dzat ka jentulna, jentulna jasad nu
‘aen, ngaku dzat kana awakna, kana raga anu badag, sapedah tadi
kasebut, geus aya dina Hadistna.
31. Geus disebatkeun ku Hadist, Wallohu batinul insan, Al insanu dhahirullah,
kieu pisundaeunnana, mun engkang teu lepat mah, ari Allah teh disebut,
batin-batinna manusa.
32. Sabalikna kitu deui, dohirna Allah manusa, kitu eta sundana teh, nu
matak kek kana badan, ieu teh dohirna Allah, geus hanteu panjang
diemut, da kasaksi ku Hadistna.
33. Tah kitu lepatna rai, nyebut dzat kana ayana, kana ayana wujud dewek,
sanes kana dzatna Allah, anu dzatlaesa tea, nu teu warna rupa kitu,
sumawon puguh jentulna.
34. Nu kitu eta teh pasti, kufur dihukumanana, wujudiyah nu kitu teh,
ngaku Allah ka awakna, tur aya deui Hadistna, Wallahu ghaibun, sareng
aya terasna.
Layang Muslimin Muslimat
119
35. Al insanu ghaibun deui, kieu pisundaeunnana, perkara Gusti Allah teh,
ghaib teu aya jentulna, kitu deui manusa, sami bae pada kitu, pada ghaib
sadayana.
36. Kapan ieu mah jasmani, teu ghaib da geus nonggerak, ngajentul beurang
peuting ge, kapan nu ngaran ghaib mah, aya tapi taya rupa, da ieu mah
nu ngajentul, ngarana wujud manusa.
37. Lain manusa sayakti, da ghaib manusana mah, tah rai kedah hartos,
mana nu ngaran manusa, wajib urang kudu terang, supaya ulah kaliru,
bisi nuduh kana awak.
38. Raina lajeng ngalahir, nuhun ayeuna kapaham, pasal Asmaullidzati teh,
kantun anu kaduana, Asmaullisifat tea, reh tadi engkang misaur, eta oge
rajeun lepat.
39. Ku rai tacan kaharti, nu kumaha nu sok lepat, rakana enggal ngawalon,
pang sok jadi kalepatan, sok seueur tekad manusa, netepkeun Asma
Yang Agung, kana rupana manehna.
40. Sapedah ceuk dina dalil, Allah teh teu aya dua, tetep ngan sahiji bae,
barang ngareret awakna, nu ngan hiji di manehna, lian ti rupana kitu, nu
moal aya bangsana.
41. Sanajan ngider sabumi, ngider satangkarat jagat, moal manggih anu
ceples, nu hanteu aya bedana, sareng rupana manehna, eta oge bangsa
kufur, sami bae wujudiyah.
42. Raina ngawalon deui, kahartos atuh kitu mah, pang disebatkeun lepat
teh, nuduh Allah ka rupana, sanes ka sifatna Allah, salah wesel anu kitu,
pantes jadi matak nyasar.
43. ayeuna sumangga deui, dadarkeun nu katiluna, supados rai mangartos,
pasal Asmaulliasma, anu kumaha nu lepat, ka rai mangga pitutur, ulah
kapambeng miwelas.
44. Lajeng rakana ngalahir, kieu sababna pang lepat, mungguhing jalma nu
bodo, sok gampang dibobodona, sabab seueur nu percaya, netepkeun
Asma Yang Agung, kana ngaranna sorangan.
45. Perkara Allah teh pasti, nyaeta antero ngaran, sabab kapan tadi oge,
Allah teh nu ngaliputan, kana sakabeh sifat, buktina teh kapan puguh,
diliputan ku ngaranna.
46. Jeung langgengna oge bukti, asmana anu teu ruksak, langgeng bae
sapapaos, jalma nu kitu tekadna, eta musyrik ngaranna, ngareuaykeun
Maha Agung, kapan tadi unggel kitab.
47. Mungguhing nu Maha Suci, hiji dzat hiji sifat, hiji asmana geus tangtos,
sareng ngan hiji af’alna, teu beunang direuay-reuay, samalahan lamun
kitu, lamun netepkeun ka Asma.
48. Atuh Allah teh geus pasti, sifat anyar disebatna, sabab kapan tadi oge,
dina kitab geus kakocap, Dzat-Sifat-Asma-Af’al, kapan eta geuning
puguh, pang ayana eta asma.
Layang Muslimin Muslimat
120
49. Tina sifatna geus sidik, kitu deui eta sifat, tina dzatna enggeus tangtos,
tah kitu margi lepatna, jalma nu kitu tekadna, pasti eta ngaran kufur,
ngalobakeun Gusti Allah.
50. Lajeng raina ngalahir, ayeuna nu kaopatna, mangga ku engkang carios,
Asmaulliaf’al tea, kumaha pang jadi lepat, rakana lajeng ngawangsul, nu
kieu tekad manusa.
51. Nu kieu tekadna jalmi, ngaku Allah kana Af’alna, kana kalakuanna teh,
nya kalakuan manehna, pedah aya dalilna, Laa haula wa laa quwwata,
pendek teu daya upaya.
52. Sasat teu usik teu malik, anging ku kersana Allah, laku hade laku
goreng, tah nu kitu patekadan, jalma teu boga akal, saperti anu
ngalindur, atawana jalma owah.
53. Atuh eukeur naon teuing, Allah ngayakeun Agama, para Nabi utusan
teh, jeung nurunkeun kitab Qur’an, keur ngahukuman nu salah,
ngayakeun Sawarga kitu, pon kitu deui Naraka.
54. Tah kitu nu matak wajib, ka Allah kudu ma’rifat, ku sok kitu sababna
teh, sok jadi sasar tekadna, bakating ku poekna, Allahna hanteu kailmu,
poek mongkleng buta rata.
55. Da nu geus yakin mah geuning, nu nyahona lain beja, sagala perkara
oge, tara jadi kabingungan, padang caang narawangan, jeung boga
pamilih tangtu, moal sakawenang-wenang.
56. Sabab ngaraoskeun isin, ngarasa geus teu papisah, teu aya antarana teh,
siang wengi babarengan, palaur sieun salah, teu ngalajur hawa nafsu,
kana jalan kagorengan.
Sinom
57. Kapan kitu kersana, anu geus yakin mah geuning, tapi tadi nu nyarita,
majarkeun sagala rupi, hade goreng ge ti Gusti, padahal mah geuning
kitu, sidik yen Gusti Allah mah, teu idin sama sakali, teu maparin kana
jalan kagorengan.
58. Ngan wungkul bae miwarang, kana kahadean misti, kedah suci laku
lampah, teu kenging migawe dengki, ka papada makhluk Gusti,
sumawon ujub takabur, piara laku jeung tekad, ati teh kudu beresih,
masing soleh sabar tawekal darana.
59. Jadi ayeuna mah urang, poma rai sing mangarti, lamun bae kadatangan,
ku kereteg karep ati, jadikeun budi pamilih, kuma barisna dipayun,
samemeh prak dipilampah, sabab tangtu katawis, pijadieun kana hade
jeung gorengna.
60. Lamun pijatoheunnana, kana kagorengan pasti, nu kitu sanes ti Allah,
aya anu nyiliwuri, parentahanna Idajil, da Allah tara kitu, tara sok
miwarang salah, wungkul miwarangna Gusti, kana jalan rahayu dunya
Akherat.
Layang Muslimin Muslimat
121
61. Kitu deui sabalikna, mun datang kareping ati, ngajak jalan kahadean,
kamulyaan lahir batin, geuwat ulah lami-lami, pek lampahkeun buruburu,
nu kitu ngaran ibadah, ibadah ka Maha Suci, ibadah teh lain bae
wungkul ngan Sholat.
62. Sagala hal kalakuan, nu hade mah eta rai, tunggal keneh nya ibadah, da
tunggal parentah Gusti, sanajan getol ngabakti, getol Sholat lima waktu,
tapi laku jeung tekadna, jongjon bae sirik pidik, amalna teh lir tipung
katiup barat.
63. Geus moal aya sesana, musna leungit tanpa lebih, nu beunang hese
capena, mubadir sama sakali, di hijab deui ku Gusti, numawi rai sing
emut, sing iyatna kudu kuat, kana panggodana Iblis, masing pengkuh
keukeuh nyalindung ka Allah.
64. Ulah kabengbat ku Setan, nu narik jalan balai, balai Dunya Akherat,
sareng ngabatalkeun deui, kana jalan ma’rifati, ma’rifat ka Maha Agung,
geus tangtu deui ka hijab, jadi poek buta rajin, kapindingan ku kokotor
laku tekad.
65. Raina lajeng ngajawab, mugi Gusti Maha Suci, rai tiasa nyumponan,
kana piwuruk engkang tadi, sareng nganuhunkeun deui, rai ayeuna teu
bingung, pasal Asma anu opat, nu geus didadarkeun tadi, kantun eta
anu ka limana tea.
66. Anu ku engkang disebat, Asmaullijinsi tadi, ceuk engkang eta nu enya,
kumaha enyana deui, rai hayang enggal ngarti, rakana enggal
ngawangsul, eta mah engke heula anan, ulah bendu bae rai, moal bisa
dicarioskeun ayeuna.
67. Kedah dina salse pisan, jeung kudu ditempat sepi, bilih kadenge ku
cakcak, da kapan rasiah Wali, pasal Asmaullijinsi, Asma tina jinis kitu,
bagian nu ahli Qurbah, tegesna anu geus yakin, anu ahli adep-adepan
jeung Allah.
68. Naon bae ayeuna mah, nu can kaharti ku rai, nu bieu mah keun heulaan,
raina lajeng ngalahir, aya nu can kaharti, pasal Iman anu tilu, Iman
Taqlid kahijina, dua Iman Idlal deui, katiluna Iman Takhkiq disebatna.
Nerangkeun Iman aya tilu panta
69. Kuma pihartoseunnana, hiji-hiji Iman tadi, rakana lajeng ngajawab, kieu
mun teu lepat mah rai, nu kahiji Iman Taqlid, Iman tina beja wungkul,
percaya ayana Allah, ngan wungkul beja ti jalmi, eta kitu Iman Taqlid
teh sundana.
70. Iman Idlal nu kadua, martabat undak ti tadi, eta mah nu geus percaya,
kana ayana Yang Widi, tur kalawan aya saksi, tina dalil Qur’an kitu, ari
anu katiluna, enya eta Iman Takhkiq, tah eta mah martabat anu utama.
71. Eukeur mah tadi percaya, di ayana Maha Suci, turug-turug nyaho pisan,
boga saksi tina dalil, kawuwuh jeung bisa yakin, ma’rifat ka Yang
Layang Muslimin Muslimat
122
Agung, percayana geus teu samar, geus teu asa-asa deui, malah-malah
geus teu ngarasa pisahna.
72. Geus ngarasa aqrobiyah, jeung Gusti nu Maha Suci, wujudna geus jadi
lafad, geus ngajadi wujud dalil, lafad Muhammad Nabi, raina lajeng
ngawangsul, naha kumaha hartosna, nu geus jadi lafad dalil, kang rai
mah masih bingung can kapaham.
73. Sabab lafad Muhammad mah, dina saban-saban jalmi, sadaya pada
mirupa, dina keur Attahiyati, dina Sembahiyang sidik, jadi lafad
Muhammadu, sirahna jadi Mim awal, dadana jadi He sidik, Mim
akhirna udel kanyataannana.
74. Dal buktina teh sampean, walon raka tacan jadi, dina keur Sembahiyang
mah, lantaran teu aya hiji, teu aya hurup Tasjid, tacan syah upami kitu,
teu uni lafad Muhammad, tacan jadi wujud dalil, didinya mah karek uni
Mim-He-Mim-Dal.
75. Raina mani ngarenjag, ngadak-ngadak kahareti, bener tacan uni lafad,
kumargi teu aya Tasjid, wekasan enggal ngalahir, duh engkang rai
kaliru, raos tadi bener pisan, lebah dinya jadi dalil, sihoreng nembe uni
Mim-He-Mim-Dal.
76. Ayeuna ulah kapalang, engkang hawatos ka rai, mugi dipaparin terang,
pasal Hakekatna Tasjid, mesem rakana ngalahir, keun heula eta mah
agus, engke dina salsena, dina dawuh nu mustari, ayeuna mah Manahan
bae heula anan.
77. Kumargi penting kacida, eta hal perkara Tajid, lamun jalma tacan terang,
hal praktekna Sholat Da’im, nyaeta Sholat sajati, padamelan Kangjeng
Rasul, moal bisa kapaham, sanajan hayoh dipikir, kalah botak dipikir
moal kapendak.
78. Sabab pasal Tasjid eta, koncina Bumi jeung Langit, eukeur muka lawang
hijab, hijabna ka Maha Suci, keur ngaburak jagat shagir, nimbulkeun
raga nu lembut, upama kapanggih eta, geus tangtu engke kaharti, pasal
tadi aya basa Nafi isbat.
79. Lamun Wujudna manusa, tacan jadi lafad dalil, ngawujud dalil
Muhammad, moal pinanggih jeung Gusti, sasat moal ma’rifati, kapan
geuning para Rusul, nyaeta utusan Allah, enya eta Nabi-nabi, Nabi
Adam Nabi Enoh Nabi Ibrahim.
80. Nabi Musa jeung Isa, sadayana teu diselir, geuning teu aya nu Mi’raj,
salian ti Kangjeng Nabi, Muhammad Rasulullohi, nu diselir ku Yang
Agung, sina ninggali Akherat, kayaan Alam Batin, memeh pupus
anjeuna mah geus uninga.
81. Cirina Nabi nu lian, numawi teu Mi’raj rai, da bukti tina lafadna, sadaya
teu nganggo Tasjid, mangga ku rai tinggali, lafad-lafad para Rusul, lafad
Adam lafad Enoh, Ibrahim, Musa jeung lafad Isa sadaya teu di Tasjidan.
82. Lian ti lafad Muhammad, anu nganggo lafad Tasjid, sami sareng lafad
Allah, cirina teu aya deui, anu dipaparin Kunci, keur ngadeuheus ka
Layang Muslimin Muslimat
123
Yang Agung, jadi sanajan ayeuna, sadayana umat Nabi, tangtu bisa
lamun kapanggih Tasjidna.
83. Asal sing suhud neangan, jeung dibeuli ku prihatin, tirakat mutih,
puasa, sareng dibarengan deui, ku kalakuan nu suci, ucap tekad sareng
laku, dijaga ulah rek salah, sing suhud bae ka Gusti, Insya Allah awal
akhir tinekanan.
Nerangkeun :
Elmu nyaeta gulungna Sare’at, Hakekat, Tarekat, ma’rifat
84. Raina lajeng haturan, nuhun rai bakal harti, pasal eta tasjid tea, ayeuna
mah gentos deui, ku rai nu can kaharti, aya basa opat kitu, kahiji ngaran
Sare’at, kadua Hakekat deui, katiluna eta Tarekat ngaranna.
85. Ka opat ngaran Ma’rifat, eta anu opat rupi, ceuk dina unggeling Hikam,
eta anu opat tadi, sing bisa ngajadi hiji, rukunkeun sangkan kasusul,
sabab kieu ibaratna, Sare’at teh lir upami, parahu ngambang dina
luhureun sagara.
86. Hakekat lir upamana, ibarat lautan cai, Tarekat lir upamina,
diibaratkeun kemudi, pangboseh supaya tepi, ka tengah-tengahna laut,
Ma’rifat mah lir upamana, inten didasaring cai, eta kitu ceuk unggeling
kitab Hikam.
87. Tah kumaha ngalarapna, saenyana dina diri, naon kanyataannana,
disebat parahu tadi, sinareng lautan cai, kemudina pon nya kitu, inten
teh naon nyatana, ku rai tacan kaharti, muga-muga engkang keresa
miwejang.
88. Rakana lajeng ngajawab, bener kitu eta rai, tapi pasal dina kitab Hikam,
nyebatkeun Sare’at tadi, Hakekat Tarekat deui, Ma’rifatna pon nyakitu,
sanes dina bab Sare’at, tegesna eta mah rai, nyarioskeun dina bab elmu
Hakekat.
89. Da ku ilmu Sare’at mah, netepkeun Sare’at tadi, parantos umum sadaya,
yen eta Sare’at rai, netepkeunnana pasti, kana kalakuan kitu, kalakuanna
ibadah, nyaeta dzikir jeung ngaji, getol Sholat anu lima waktu tea.
90. Ari Hakekatna eta, ceuk ilmu Sare’at rai, ati kanyataannana, dupi
Tarekatna deui, nyaeta puji dzikir, anu geus lumbrah disebut, Qodariyah
Satariyah, sareng saterasna deui, dupi ari eta Ma’rifat ahli Sare’at.
91. Asal bae sing percaya, yen ieu bumi jeung langit, dadamelan Gusti
Allah, eta moal salah deui, tiap-tiap aya bukti, dadamelanna kitu, geus
tangtu ayana Allah, nu ngadamelna geus misti, kitu bae lumbrahna elmu
Sare’at.
92. Malahan dipigawena, ditungtut sahiji-hiji, teu bareng opatannana, kapan
ceuk Hikam mah tadi, nu opat teh sing ngahiji, kudu barengan sing
rukun, ulah sina patorengga, da puguh Hikam mah tadi, nyarioskeun
dina bab ilmu Hakekat.
Layang Muslimin Muslimat
124
93. Sok moal barung sulaya, mun nyurupkeun pahili, puguh bagean
Hakekat, keur ngudag inten nu tadi, hayoh disurupkeun deui, ka ilmu
Sare’at kitu, atuh moal weleh mijan, najan dipaksa ge rai, da teu
ninggang kana pibarangeunnana.
94. Kieu rai saenyana, lamun teu acan mangarti, pituduh kitab Hikam mah,
supayana bisa katepi, Ma’rifat ka Maha Suci, ku ilmu Hakekat kitu,
nyaeta kudu bisa, nu opat sing jadi hiji, nya Sare’at Hakekat jeung
Tarekatna.
95. Sing gulung kana Ma’rifat, anu matak geuning tadi, kitu
diibaratkeunnana, Sare’at teh lir upami, parahu teu salah deui, Hakekat
ibarat laut, Tarekat lir kemudina, parabot supaya nepi, kana tengahtengah
pusering sagara.
96. Pikeun ngudag inten tea, nyaeta Ma’rifat jati, raina lajeng ngajawab,
naon buktina nu yakin, pasal parahu tadi, jeung anu kasebat laut, katilu
kemudina, kaopat intenna deui, mugi-mugi rai dipaparin terang.
97. Rakana lajeng ngajawab, nyatana parahu tadi, nya ieu buktina badan, nu
ngaran wujud jasmani, dupi lautna teh rai, nyatana roh urang kitu, anu
ngobahkeun ka jasad, pang bisa usik jeung malik, taya lian ngan ku idin
roh tea.
98. Saperti parahu tea, pang parahu bisa usik, diusikeun ku sagara, eta moal
salah deui, persis saperti jasmani, diusikeun ku roh kitu, raina
ngabarakatak, gumujeng mani ngagikgik, sihoreng teh kitu
merenahkeunnana.
99. Kantun eta kemudina, naon nyatana nu bukti, larapna dina salira, rakana
lajeng ngalahir, kamudina teh rai, panangan kenca katuhu, eta anu
ngamemenerna, mawa ka tengah jalan, nyaeta ka tengah-tengah sagara.
100. Tapi najan geus ditengah, mun teu jeung teuleum mah pasti, inten teh
moal beunang, sabab jero liwat saking, lamun tega ka pati, wani
teuleumna ka laut, hamo pibisaeun beunang, turug-turug seueur jurig,
barehala anu nyingsieunan.
101. Rupa badawang barongsai, bangbarongan cuat-cuit, ngagoda supaya
bolay, sangkan teuleumna teu jadi, kadarat mulih deui, diakhir tangtu
kaduhung, beunang kagoda, maotna teu bisa nepi, tetep ngangkleung
palid ngambang di lautan.
102. Kaombak-ombak ku lambak, ting dalagor kana curi, kana batu karang
tea, sareng campur deui pasti, sareng nu bangsa narajis, kokotoran luhur
laut, bangke anjing bangke oray, siksaan anu hanteu nepi, kana dasar
sagara berlian tea.
103. Sasat tempat kani’matan, nu langgeng teu owah gingsir, anu taya
upamana, raina lajeng ngalahir, bari ci socana bijil, ramisak bakating
ngungun, kareueung sagala aya, sieun hanteu bisa nepi, ngudag eta
inten dina jero lautan.
Layang Muslimin Muslimat
125
104. Wekasan teras haturan, rai masih samar ati, hal perkawis inten tea, naon
nyatana nu sidik, da meureun sanes deui, lain inten dunya kitu, da inten
di dunya mah, kenging di peser ku duit, mugi rai dipaparin katerangan.
105. Saur raka nya kantenan, nu diibaratkeun tadi, inten dijero sagara, sanes
inten dunya rai, lain inten biduri, nu jadina tina batu, dupi saenyaenyana,
inten sajeroning diri, sategesna hiji Nurna Gusti Alllah.
106. Nyaeta nu ngaran Iman, sifatna Iman Sajati, nu diudag ku sadaya, ku
kaom Islam sabumi, saha anu bisa nepi, martabatna leuwih luhur,
pangkat Nabi Willayah, nu geus diharamkeun misti, diharapkeun
nyorang ka api Naraka.
107. Sumawon nyorang sakarat, siksa kubur kitu deui, sanajan siksa Akherat,
geus moal kasorang deui, dilepas samasakali, kantun nampa bae
wungkul, ganjaran ti Gusti Allah, sarebueun ni’mat dohir, sarta
langgeng nu moal aya putusna.
Nerangkeun :
Patekadan dina Sakaratil Maot.
108. Raden Kamil ka raka ngalahir, pasal inten nu parantos didadar, aya
hibar kahartos, ayeuna aya piunjuk, muga paparin mangarti, reh ayeuna
geus pertela, kana inten jambrut, aya pitulung Pangeran, bisa sidik ka
sifat Iman sajati, mung kumaha angkeuhan.
109. Waktos engke dina sakaratil, naha kudu tekad teh kadinya, angkeuhan
arek mulang teh, rakana lajeng nyaur, kade rai salah harti, anu matak ti
ayeuna, kudu tohid kitu, nyaeta bilih sulaya, hak manusa pahili jeung
hakna Gusti, kapan hak manusa mah.
110. Hanteu daya teu upaya rai, sategesna teu boga kawasa, anging Gusti
Allah bae, teu kudu boga maksud, nu geus Ma’rifat mah rai, kapan geus
di dalilan, Man ‘arofa nafsahu, faqod ‘arofa robbaha, sareng wa man
‘arofa robbahu deui, faqod jahilan nafsaha.
111. Kapan kieu sundana teh rai, saha-saha mun bae manusa, geus nyaho ka
dirina teh, eta manusa tangtu, geus tangtu nyaho ka Gusti, tiap-tiap geus
uninga ka Allahna kitu, ngarasa bodo dirina, sabab harti yen teu bisa
usik malik, sumawon boga kawasa.
112. Jadi lamun engke arek mati, urang arek boga patekadan, atuh sasat
ngaku bodo, ngaku bodona teh palsu, ngan sakur dina biwir, ati mah
ngaku kawasa, mapakan Yang Agung, bet kawas hanteu karasa, kapan
urang ayeuna ge keur di dohir, hayang beunghar bet teu beunghar.
113. Hayang cageur bet teu weleh gering, hayang senang bet teu weleh bae
susah, lebah mana kawasana teh, komo deui dina pupus, tekad kumaha
ge rai moal bisa katekanan, tinimbang dikabul, anggur ditambah
siksaan, da doraka nyaruaan ka Yang Widi, sasat ngaku kawasa.
Layang Muslimin Muslimat
126
114. Mising imut ka wiwitan tadi, waktu urang samemeh ka dunya, ti alam
Akherat oge, teu ngabogaan maksud urang gumelar ka dohir, tapi
hanteu burung aya, di dunya ngawujud, eta kersana saha, saur rai atuh
hanteu aya deui, anging ku kersana Allah.
115. Saur raka eta geuning harti, pang ayana urang teh di dunya, ku kersana
Gusti Yang Manon, atuh naha tadi kitu, rai mariksakeun deui, hal dina
pamulihan, engke waktu pupus, kawas boga cita-cita, cita-cita boga
tekad arek mulih, kana inten tadi tea.
116. Raden kamil enggal nyaur deui, pangna tadi naros pamulihan, kapan
nurutkeun dalil ge, geus umum anu sok disebut, Inna lillahi kauni, jeung
aya terasna, wa inna ilaihi kitu, rojiun eta tuluyna, sundana teh yen
urang asal ti Gusti, nyaeta ti Gusti Allah.
117. diwajibkeun kudu bisa balik, balik deui ka Allah Ta’ala, kitu kapan ceuk
dalil teh, jadi mun teu bisa wangsul, ka Allah asalna tadi, nya tangtu
bakal cilaka, nyasab moal burung, tangtu sakaparan-paran, untrak atrok
sakabulang bentor pasti, temahna jadi sangsara.
118. Kapan kitu unggeling ceuk dalil, pangna rai naros pamulihan, raina
lajeng ngawalon, bener rai eta kitu, yen urang teh kudu balik, ka Allah
teu kenging salah, mung ulah kaliru, kudu tohid ti ayeuna, sing mirasa
urang geus aya di Gusti, geus mulang ka Gusti Allah.
119. Mun geus tohid ngarasa geus balik, rasa urang geus ngancik di Allah,
dina sifatna geus ‘aen, nu tadi disebat Nurullah iman sajati, nu caang
padang gumawang, dina lebet kalbu, beubeunangan teuleum tea, dina
laut nu jerona tanpa tepi, nyaeta Sagara Hayat.
120. Saur rai ayeuna kaharti, yen mulih teh kedah ti ayeuna, ka Allah sing
kapiraos, mung rai masih bingung, ngarasakeunna geus balik, bubuhan
da masih aya, urang teh lumantung, keur aya keneh di dunya, na
kumaha ngarasakeunnana geus balik, geus aya di Gusti Allah.
121. Ceuk rakana aduh deudeuh teuing, kutan rai tacan mirasa, yen geus aya
di Allah teh, kapan tadi rai ngaku, ngangken Ma’rifat ka Gusti, tapi naha
teu mirasa, Wa huwa ma’akum, babarengan jeung Pangeran, mun kitu
mah masih ngarasa patebih, ngaraos aya antara.
122. Sabab mun boga tekad balik, tanda-tanda boga rasa anggang, jeung
Allah pajauh keneh, teu wanahnu aqrobu, geuning kitu unggel dalil,
sundana taya antara, Allah sareng makhluk, sing lenyep rai manahan,
geura kieu rai engkang rek naros ka rai, muga ku rai dijawab.
123. Na ayeuna ngaraos patebih, jeung sifatna anu Maha Mulya, anu tadi
enggeus ‘aen, nyaeta sifatna Enur, wujudna iman sajati, ceuk raina
henteu hilap, teu rasa pajauh, wengi sumawonna siang, rupina teh moal
tiasa lepat deui, najan nepi kana wafat.
124. lajeng deui rakana ngalahir, eta geuning ku rai karasa, yen teu rasa
jauhna teh, atuh mun rasa teu jauh, jeung dzat sifatna Yang Widi, sasat
Layang Muslimin Muslimat
127
urang enggeus aya, di Gusti geus dumuk, kapersifat ku Pangeran, diuk
nangtung leumpang sare jeung nyaring, teu weleh aya di Allah.
125. Mun geus kitu eukeur naon teuing, kudu boga patekadan, engke dina
waktu maot, da henteu rasa pajauh, kapan basa ngaran balik, kudu aya
antarana, sareng lamun kitu, atuh Allah teh bertempat, bumen-bumen
kapan tadi unggel dalil, mungguhing Gusti Allah mah.
126. Henteu arah henteu enggon deui, sareng henteu warna henteu rupa,
emutkeun bae rek sare, dina saparantos tunduh geuning teu karaos deui,
tina eling kana lesna, sareng henteu puguh, teu ninggal aya tempatna,
malah henteu kudu ditekadan deui, sumawon bade nyaringna.
127. Eta bae contona mah rai, da sare teh gambar wafat tea, tapi nyaring sare
oge, sanajan ngimpina kitu, geus hanteu kaluar deui, tina Qudrat
Iradatna, Gusti Maha Agung, tina kawasa kersana, jadi atuh ayeuna mah
urang rai, kantun nyekelan sarupa.
128. Eta bae dalil saperkawis, nu kasebat lafad Laa haula, wa laa quwwata eta
teh, illa billahil kitu, terasna ‘alillyul ‘adzim, tegesna sing ngarasa,
bodona si wujud, teu daya teu upaya, sing ngarasa jadi rokrakna sakali,
upama geus kitu tekad.
129. Jadi sasat urang teh geus mati, enya soteh masih usik obah, sarta masih
aya keneh, di alam dunya kitu, dikersakeun keneh ku Gusti, hanteu
gaduh nya kahayang, kantun pasrah wungkul, nandean sakersana, cuk
dalilna lillahi ta’ala rai, pasrah bae ka pangeran.
130. Kantun urang Iman bae rai, siang wengi ulah samar-samar, kana dzat
sifat Yang Manon, Haqullah anu disebut, lenyepkeun ulah rek lali, insya
Allahu ta’ala, lamun enggeus kitu, salamet dunya akherat, boh hirupna
sumawon maotna deui, da teu kaluar ti dinya.
131. Geus kakurung ku hak Maha Suci, keur hirupna sumawon paehna, atuh
bet piraku bae, manggih siksaan kitu, da tetep dina hak Gusti, enya soteh
bakal aya, siksaan di kubur, sareng siksaan di Akherat, enya eta nyawa
jalma anu balik, kana Haqul Adam tea.
132. Lajeng deui raina ngalahir, pasal eta Haqul Adam tea, anu mana nyatana
teh, rakana terus nyaur, kapan ieu anu bukti, nyatana teh alam dunya,
lamun nyawa makhluk, paehna balik ka dunya, enggeus tangtu cilaka
bakal balai, nyorang sagala siksaan.
133. Dina engke Walyaomil akhiri, enya eta kiamat dunya, raina lajeng
ngawalon, eta nyawa anu wangsul, nu balik ka dunya deui, nya ieu ka
Haqul Adam, eta jalma kitu, kumaha keur di dunyana, ceuk rakana
jalma nu kitu teh rai, anu teu pisan ibadah.
134. Kawuwuhan nu teu nyaho deui, kana eta sifatna Haqullah, anu tadi geus
kacarios, nu ngaran sagara hirup, sabab tangtu bae rai, samangsa lolong
di dunya, ka Akheratna terus, lolong bae saterasna, sabab dina waktu
keur sakarati, teu bisa ninggal Haqullah.
Layang Muslimin Muslimat
128
135. Da nyahona eukeur di dohir, taya lian ukur kana barang, kana barang
dunya bae, keur sakaratna ge tangtu, taya anu dipieling, lian ti barang
dunya, boh anak boh incu, atawa ka pamajikan, kana dunya upamana
mun teu boga duit, naon bae kabeuratna.
136. Atuh tangtu eta nyawa jalmi, da imanna beurat kana dunya, nya tangtu
ragragna oge, ka dunya deui tangtu, kakurung ku alam dohir, nya jadina
marakayangan, ka onom nyalindung, kana dedemit siluman, kana batu
kana cai kana kai, boh nitis menitisan.
137. Ka manusa sok surup sumanding, lamun dina keur aya kahayang, sok
nyurup ka saha bae, pokna teh hayang surutu, jeung cikopi anu amis,
sakur kabeuki tadina, dina keurna hirup, da ilahar di dunya mah,
hirupna teh kudu barang dahar rai, kapan geuning sidik pisan.
138. Lajeng deui raina ngalahir, pasal eta rai geus percaya, ayeuna gentos
panaros, reh aya deui kabingung, hal anu langgeng ti Gusti, anu teu aya
pegatna, dohir batin oge kitu, di jaman samemeh aya, alam dunya nepi
ka Akherat deui, naon anu teu ruksak-ruksak.
Nerangkeun :
Anu Langgeng di Gusti Allah jeung di Manusa.
139. Ceuk rakana anu langgeng di Gusti, taya lian ngan Qudratna Allah, nya
eta kawasana teh, sareng kersana kitu, nu taya pegatna deui, ti awalawalna
mula, ka akhir pon kitu, terus tepi ka Akherat, langgeng bae teu
aya pegatna deui, kitu paham engkang mah.
140. Ceuk raina teu sulaya deui, kawasana sareng kersana, anu langgeng di
Allah teh, margi lamun ruksak kitu, kawasana nu Maha Suci, atuh
Allahna ge ruksak, saperti makhluk, mung kumaha di manusa, naha aya
langgengna saperti Gusti, nu teu aya pegatna.
141. Ceuk rakana tangtu bae rai, aya anu langgeng di manusa, naha tacan
kapiraos, ku rai henteu kaemut, kapan tadi geus tinggali, anu langgeng
di Allah, diluhur disebut, yen Qudrat jeung Iradatna, atuh kantun
dibalikeun bae rai, lamun langgeng di Allah.
142. Kawasana kersana yakin, di manusa kantun kabagian, nyaeta bodona
bae, tegesna bodo teh agus, teu nyaho sama sakali, asal tina hanteu aya,
geus aya pon kitu, tetep bae teu nyahona, malah-malah terus ka batin ge
rai, langgeng bae moal terang.
143. Kapan geuning urang waktu tadi, memeh turun ka alam dunya, henteu
terang naon-naon, malah keur waktu dikandung, ku Ibu salapan sasih,
didinya ge teu uninga, malah keurna turun, ti Ibu ka alam dunya, henteu
emut teu terang sama sakali, cacakan geus bukti jasad.
144. Samalahan tina orok tadi, tina kawit leutik jasad urang, tina leutik jadi
gede, sama sakali teu emut, ngagedeanana jasmani, sumawonna
Layang Muslimin Muslimat
129
datangna rasa, paninggal pangdangu, pangangseu sareng pangucap,
henteu terang duka ti mana ti mendi, da bakating bodona tea.
145. Sabab bongan katetepan dalil, Laa haula jeng wa laa quwwata, kitu eta
ceuk dalil teh, manusa mah geus tangtu, teu daya upaya rai, hartina teh
teu bisa obah, estu rokrak wungkul, raina lajeng haturan, sakumaha
piwejang engkang katampi, nuhun Alhamdulillah.
Nerangkeun Patohidan
146. Namung aya deui nu can harti, pasal eta jatining manusa, ku rai can
kapiraos, weleh henteu kaemut, mana nyatana nu sidik, rakana lajeng
ngajawab, pasal eta anu disebut, jatining manusa eta, jirimna mah teu
lepat yen, Kangjeng Nabi Muhammad Rasulullah.
147. Tapi ari ayeuna mah rai, geus teu aya jeung Nabi Muhammad, mung
kantun gaibna bae, saban umat ge teu luput, pada katetepan misti, ku
gaibna manusa, barang enggeus tangtu, lamun kaudag ilmuna, bisa oge
kapendak sarta kaharti, kana gaibna manusa.
148. Lajeng raina deui ngalahir, na kumaha bisana kapendak, kapan gaib
henteu ‘aen, ceuk raka kapan ku ilmu, pada-pada gaib deui, mun hayang
terang gaibna, nya ku gaib tangtu, jalanna nganggo tarekat, sanggeus
kitu urang bisa tohid, nyaho ka gaibna urang.
149. Geura kieu jalanna teh rai, akang bade maparin ibarat, supaya enggal
kahartos, tah ieu aya cau, cau asak dina piring, pang diayakeun ku
urang, naon nu dimaksud, naonnana anu diarah, ceuk raina hanteu aya
lian deui, ngan rasana nu diarah.
150. Lajeng deui rakana ngalahir, atuh lepat lamun ngarah rasana, kapan rasa
mah tangtos, geus aya dina sungut, dina letah urang pribadi, kapan da
ari cau mah, teu katetepan Rusul, sabab lamun boga rasa, eta cau tangtu
bisa usik malik, lumpat kawas sato hewan.
151. Saur rai yaktos kahareti, tapi atuh naonnana tea, nu dipandang ku urang
teh, rakana enggal ngawangsul, ngan amisna bae rai, kapan geuning
bukti tina, urang ninggal cau, anu masih keneh ngora, nu kacipta masih
tacan aya amis, geuning teu hayang ngadahar.
152. Kajabana mun si nafsu tadi, eukeur hayang kana kekesedan, nya
neangan cau hejo, nu masih ngora kitu, da kesedna nu dipambrih, tah
kitu paham engkang mah, raina ngawangsul, leres yaktos teu sulaya,
yen amisna atawa kesedna deui, da rasana mah geus nyampak.
153. Enggeus tetep di manusa pasti, wujud cau henteu boga rasa, ngan boga
amisna bae, rakana teras ngadawuh, tah eta tegesna rai, nu ngaran cauna
Layang Muslimin Muslimat
130
tea, amisna anu dumuk, kapan gaib amisna mah, ngan karasa amisna
mah henteu jirim, aya tapi taya rupa.
154. Tapi eta amis cau tadi, moal beunang sumawon karasa, upama wujud
cau teh, diantep bae dipayun, henteu dituang ku rai, wujud cau teu
diruksak, dibeuweung sing lembut, kakara mun geus diruksak, wujudna
kapanggih amisna misti, nya jatining cau tea.
155. Kitu deui manusa ge rai, kudu nyaho ka gaibna urang, anu aya hanteu
tembong, akalna deui nyakitu, kudu bisa ngabongkar diri, ngabongkar
wujud sorangan, kampa kawas suuk, supaya bijil minyakna, nyaeta
manusa nu sajati, nu kasebat gaib tea.
156. Raden Kamil teras nyaur deui, na kumaha ngabongkarna jasad, ku rai
tacan kahartos, da moal saperti cau, atawa saperti bungkil, keur
dibijilkeun minyakna, dikampa ku kayu, rakana enggal ngajawab, poma
rai ulah salah harti, nu tadi mah ibaratna.
157. Sanes deui yen ngabongkar diri, enya eta keur laku tarekat, Mautu anta
qoblal maut, ruksak teh mirasa suwung, ngaraos teu boga diri, bakating
fana-fanana, khusu ka Yang Agung, lat poho kana ragana, teu ngarasa
boga raga nu ngajungkiring, alam dunya ge sirna.
Kinanti
158. Raina lajeng ngawangsul. Kahartos teu lepat deui, namung anu mana
tea, nyatana manusa gaib, nu aya taya sifatna, masih bingung keneh rai.
159. Rakana deui pek nyaur, naha rai tacan kaharti, kapan eta anu ninggal,
dina waktu keur Tajali, keur Sholat Karohanian, nu ngaran manusa
gaib.
160. Kapan geuning rai puguh, pasal eta nu ninggali, aya tapi taya rupa, raina
teras ngalahir, duh kahartos ayeuna mah, nya eta manusa gaib.
161. Parantos bae Kulanun, da ku rai jol kaharti, moal lepat tangtu eta, nu
ngaran gaibing abdi, nu ninggal waktuna Sholat, waktu keur ilang
jasmani.
162. Najan ayeuna ge kitu, nu ninggal gaibing Gusti, eta bae henteu lepat,
gaib abdi pribadi, da tetela dohirna mah, panon abdi teu ninggali.
163. Nuhun ayeuna mah putus, patohidan rai nepi, moal samar moal
mangmang, kana gaib jero diri, ayeuna kantun miara, dohir abdi pribadi.
164. Ngatur laku kai wujud, satungtung gelar di dohir, kasucian laku
lampah, ngaji laku ki jasmani, bubuhan masih di dunya, dibanding
rancana Iblis.
165. Ngarancana kana nafsu, ngajakan mungkir ka Gusti, rupa-rupa
pangbibita, kasukaan alam dohir, beurang peuting hanteu kurang,
panggodana sang Idajil.
Layang Muslimin Muslimat
131
166. Saur raka bener kitu, urang kudu ati-ati, kantun ngajaga salira, sing
pageuh muntang ka Gusti, neda pitulung Pangeran, nyalindung siang
jeung wengi.
167. Nya Insya Allah rahayu, lamun tohid mah ka Gusti, Iman urang tangtu
kuat, hese katarikna Iblis, sabab geus kasafa’atan ku mu’jizat Kangjeng
Nabi.
Nerangkeun Pasal Bismillahirrahmanirrahim.
168. Raina deui lajeng miunjuk, pasal eta geus kaharti, aya deui panarosan,
muga engkang luntur galih, pasal sundana Bismillah, ku rai tacan
kaharti.
169. Rakana lajeng ngawangsul, sundana teh Bismillahi, lamun engkang
hanteu salah, kaula mimiti muji, nyebutkeun jenengan Allah, jeung aya
terasna deui.
170. Rahmanirohim disebut, kieu sundana teh rai, Rohman murah di dunya,
jeung ari hartina Rohim, Allah asih di Akherat, ka sakur jalma Muslimin.
171. Ceuk rai eta sumuhun, rai ge sok sering nguping, kitu disurahannana,
mung bae hayang kaharti, kumaha Allah murahna, ka manusa keur di
dohir.
172. Ceuk rakana kapan puguh, murahna nu Maha Suci, bukti ieu di dunya,
geus ngayakeun cai bumi, seuneu sareng angin tea, bibit sakur nu
kumelip.
173. Tatanduran ting pelentung, pang jadina taya deui, anging ku opat
perkara, tangkal asal tina leutik, jadi gede jeung buahan, rasana ge rupirupi.
174. Sanggeus jadi buah tangtu, keur dahareun jalmi-jalmi, nya didahar ku
sadaya, makhluk nu gede nu leutik, tah kitu murahna Allah, nu bukti di
alam dohir.
175. Raina enggal mihatur, jadi kitu murah Gusti, naha teu aya undakna,
salangkungna tinu tadi, rai mah tacan narima, mun eta murahna Gusti.
176. Sabab buktina teh puguh, geuning urang saupami, hayang dahar
bubuahan, mun sanes pelak pribadi, geuning langka kasorang, lamun
urang hanteu meuli.
177. Mun maksa ngala nu batur, kadangkala sok dibui, tah dina lebah etana,
rai ewed liwat saking, malahan ceuk dina kitab, geus unggel dina
Hadist.
178. Lamun manusa keur hirup, sok miresep kana maling, maling barang anu
lian, engke di Akherat misti, bakal disiksa ku Allah, asup ka Naraka
pasti.
179. Atuh meureun sanes kitu, murahna nu Maha Suci, da teu rata ka sadaya,
eta mah emutan rai, kamurahannana Allah, sanes murahna Yang Widi.
Layang Muslimin Muslimat
132
180. Rakana lajeng ngadawuh, ngagelenyu imut leutik, sarta teras sasauran,
bari mencrong raray rai, edas bae bet rai mah, teu meunang pisan pahili.
181. Teu kaop luar ti wujud, teu kaop ical ti diri, sok tara weleh ngungudag,
heug atuh ayeuna rai, ku engkang arek dipedar, murahna nu Maha Suci.
182. Murahna Gusti Yang Agung, ka manusa keur didohir, parantos maparin
tangan, ka manusa dua siki, keur ngajadikeun sadaya, kaayaan alam
dohir.
183. Geura mangga bae emut, ieu kaayaan dohir, nu sakitu arahengna,
saperti adegan bumi, kareta api jeung kapal, kapal udara jeung mobil.
184. Pang bisana jadi tangtu, ku tangan teu salah deui, sanajan pabrikpabrikna,
anu golangna ku cai, atawa ku seuneu tea, kenging leungeun
bae rai.
185. Maju eureunna ge puguh, boh kapal boh pabrik-pabrik, motor-motor
saterasna, ku tangan bae geus sidik, naon nu henteu ku tangan, nu jadi
di alam dohir.
186. Najan tatanduran tangtu, sakur nu jadi di bumi, asalna aya nu melak, di
pelak ku leungeun jalmi, ahirna jadi buah, diala ku tangan deui.
187. Malah keur ibadah kitu, tangan bae nu mimiti, nu dipake ngabantun
Qur’an, dibukana kitu deui, ti awal tug dugi ka ahirna, ku tangan bae
geus misti.
188. Malah dina waktu keur, ngalakonan Sholat geuning, dina waktu
Sembahiyang, tangan bae anu mimiti, tina kawit wulu mula, nepi ka
nangtungna deui.
189. Tangan mimiti dijungjung, kaluhur dianggo takbir, terus dongko ruku
tea, ku tangan dibantu deui, dina tuur pake nulak,mun teu ditulak mah
pasti.
190. Meureun tijongklok geus tangtu, sujudna ge kitu deui, mun teu dibantu
ku tangan, tisusud teu salah deui, rek hudang tina sujudna, niat bade
lungguh calik.
191. Mun teu ku tangan dibantu, rek lunguhna hese deui, raina mani
ngalenggak, bakating ku kahareti, sidik pisan teu sulaya, sasaur-saur teh
bukti.
192. Kantun Rohimna Yang Agung, nyaeta asihna Gusti, di alam akherat tea,
naon sifatna nu bukti, rakana lajeng ngajawab, kapan eta keneh rai.
193. Piraku henteu kaemut, pang rai bisa ningali kaayaan di akherat, ku asihasihna
Gusti, waktu keur jalan tarekat, bisa nyaho alam goib.
194. Akherat samemeh pupus, malah ayeuna ge geuning, akherat teh
kababawa, babarengan siang wengi, dunya sarawuh akherat, geus
gulung ngajadi hiji.
195. Lajeng raina mihatur, duh engkang karaos teuing, parantos teu kedah
panjang, mung ayeuna gentos pasal, rek naros keur pasal puji.
Nerangkeun Pasal Puji
Layang Muslimin Muslimat
133
196. Reh dalil Alhamdu, Alhamdulillahi tadi, Robbil ‘alamin terasna, sundana nu
kakuping, umumna nu nyurahan, yen ari sakabeh puji.
197. Eta kagungan Yang Agung, tapi kalumbrahan jalmi, keukeuh
patekadannana, eta pasal puji dzikir, diangken puji manehna, dipake
muji ka Gusti.
198. Keukeuh sok diaku, mun parantos muji dzikir, pokna tas muji ka Allah,
rakana lajeng ngalahir, nya bener bae eta mah, nu dilisankeun mah rai.
199. Eta teh puji ti mahluk, neneda ka Maha Suci, neda dihampura dosa, dosa
gede dosa leutik, jadi puji lisan eta, bener ti urang ka Gusti.
200. Ceuk raina mana atuh, sategesna puji Gusti, rakana deui ngajawab,
lamun rai can tingali, tegesna puji Allah, nya wujud urang pribadi.
201. Tah ieu badan sakujur, sategesna puji Gusti, pujina Allah Ta’ala, tapi
kitu oge rai, mun teu acan ma’rifat mah, teu jadi pujina Gusti.
202. Sabab mun tacan ma’rifatu, dalil laa haola teh pasti, moal enya kapirasa,
ukur pangakuan biwir, ati mah teu mirasa, ngan wungkul tuturut
munding.
203. Kumaha rek mangaku, teu daya upaya diri, lamun tacan uninga mah, ka
nu ngobahkeun jasmani, nyaeta sifat roh tea, anu ngusikeun jasmani.
204. Malah saterusna kitu, kudu nganyahokeun diri, kanu ngobahkeun roh
eta, nyaeta sifatna Gusti, sabab lamun teu uninga, eta jalma bisa jadi.
205. Ngangken Allah na teh tangtu, kana rohna pribadi, lamun kitu jadi
salah, sasatna teu acan tepi, teu sampurna ma’rifatna, ma’rifat ka Maha
Suci.
206. Sabab nu tepi mah tangtu, sumawon ieu jasmani, sanajan rohna pisan,
jadi laa haola deui, anging dzat bae nyalira, nu jumeneng lahir batin.
207. Mun tohid jalma geus kitu, wujud teh ngajadi puji, geus jadi pujina
Allah, sabab sagala perkawis, parantos teu dipiboga, teu ngarasa pakir
miskin.
208. Tumarima rokrak wungkul, jadi saniskara rupi, nu tumiba ka badan,
sanajan usik malik, ngan ku Kudrat IradatNa, Gusti anu Maha Suci.
209. Usik malikna jeung nangtung, mun geus kitu tohid jalmi, geus jadi puji
sadaya, ngajadi pujina Gusti, sumawonna ibadahna, tingal danguna ge
jadi.
210. Ditarima ku Yang Agung, pangbaktina ditampi, saniskarana engeus sah,
sah Dzat sah Sifatna deui, sah Asmana sah Af’alna, enggoning hirup di
dohir.
211. Raina enggal miunjuk, reh bieu engkang milahir, anu geus kitu tohidna,
sah bae sagala rupi, kumaha mun eta jalma, sanggeus kitu nyorang deui.
212. Nyorang laku nu teu puguh, ngalanggar sala sahiji, anu dicegah ku sara,
naha sah bae geus misti, rakana enggal ngajawab, ulah rek kaliru rai.
Layang Muslimin Muslimat
134
213. Atuh mun milaku kitu, nyorang cecegahna Gusti, sasat ngaku geus
ma’rifat, sabab teu sieun ku isin, nu kitu martabat hewan, ciung bisa
ngomong jalmi.
214. Ngan sungut wungkul nu harus, hanteu terus kana ati, da kapan anu
bener mah, ngakuna tohid ka Gusti, nu terus kana atina, tangtu sok boga
pamilih.
215. Sabab Allah teh kaceluk, dina Qur’an dina Hadist, ku sadaya geus
disebat, Gusti Allah sifat Suci, suci Dzat suci Sifatna, suci Asma Af’alna
deui.
216. Kari-kari urang lamun, ngaku geus tohid ka Gusti, geus teu ngarasa
pipisahan, aqrob bae beurang peuting, tegesna taya antara, babarengan
jeung nu suci.
217. Tapi laku nurus tunjung, masih keneh resep cicing, dina laku nu ma’siat,
dinu kotor haram najis, kumaha arek jadina, ngaku geus ma’rifat jati.
218. Sidik nu kitu mah wadul, nyebutna tohid ka Gusti, najan geus boga
tarekat, batal tegesna teu jadi, lamun pare mah ku hama, gapong moal
jadi siki.
219. Tangtu bakal meunang hukum, ti dunya terus ka batin, lamun teu
gancang pertobat, sumpah moal deui-deui, ngajalankeun kitu lampah,
rek tohid deui ka Gusti.
220. Tapi tobatna teh tangtu, beurat leuwihan ti tadi, sabab bongan geus
uninga, bet henteu sieun teu isin, hare-hare jeung Pangeran, teu saadat
jeung nu suci.
221. Pantes rek gancang kasiku, doraka ti Maha Suci, jauh kamulyaanana, ti
dohir dugi ka batin, hese rek dihampurana, teu gampang saperti tadi.
222. Bilih rai tacan mafhum, tegesna perkara tohid, nyaeta anu geus bisa,
misahkeun tina rurujit, nyingkiran laku ma’siat, ngahiji kanu beresih.
223. Raina lajeng mihatur, yaktos ayeuna mah harti, samangsa-mangsa
manusa, anu masih keneh cicing, betah dina laku salah, atuh nyalindung
ka Iblis.
Pangkur
224. Ayeuna teu panasaran, parantos seep kapanasaran kang rai, hal tohidtohidna
Ilmu, ageman urang tea, geus kieu mah kantun ngajaga hal laku,
kudu beres laku tekad, ucapna pon kitu deui.
225. Saur rakana kantenan, saupami ngarasa aqrob jeung Gusti, kudu
ngaberesihan laku, jaga bisi kakotoran, turut-turut ka Gusti Allah nu
Agung, kudu sarua sucina, sangkan dalit jeung hiji.
226. Sing isin kunu nyarengan, siang wengi nu hanteu anggang ti diri, tingali
sagala laku, kana hade jeung gorengna, lampah urang enggeus moal
nyumput, kudu ngarasa isinna, sangkan laku teh diaji.
Layang Muslimin Muslimat
135
227. Kapan tadi teh nu matak, diwajibkeun kudu ma’rifat ka Gusti, gunana
nyakitu, supaya hade lampah, tekad ucap satungtung urang keur hirup,
gumelar di alam dunya, sing isin ku Maha Suci.
228. Mun ngarasa geus isin mah, sugan sageuy boga keneh sirik pidik, ujub
ria jeung takabur, hasud sumawon khianat, ka manusa ka sasama pada
hirup, da tangtu meureun ngarasa, saniskara kersa Gusti.
229. Upama henteu ma’rifat, moal bisa Iman kanu Maha Suci, najan ibadahna
suhud, sabab moal ngarasa, di bodona hina apesna si wujud, samangsa
henteu ngarasa, di apesna ku ki jasmani.
230. Tangtu boga patekadan, urang ngaku boga kawasa geus misti usik malik
diuk nangtung, diaku usik sorangan, nya doraka ngahinakeun kanu
Agung, ngakukeun boga kawasa, jadi musyrik ka Yang Widi.
231. Sabalikna lamun urang, geus mirasa hina apesna diri, estu teu aya
kagaduh, pakir miskin bodo hina, jadi timbul Gusti Allahna nu Agung,
nu kawasa anu kersa, nu murba dohir lan batin.
232. Kitu puji anu enya, sanes puji nu diharewoskeun ku biwir, kudu
ngarasakeun kitu, kudu tumarima hina, pakir miskin estuning taya
kagaduh, sagala kersana Allah, ti dunya nepi ka batin.
233. Najan nu ahli ibadah, wajib bae kudu ma’rifat ka Gusti, sabab lamun
henteu kitu, sok rajeun salah weselna, elmuna teh beunang ngaji ti
lelembut, berkasna rajeun sulaya, sok dipake sirik pidik.
Nerangkeun Rijalul ‘Alam jeung Rijalullah
234. Kahartos saur raina, kantun ieu aya deui nu can harti, nu ngaran Rijal
disebut, kumaha eta hartina, sareng naon kanyataannana nu estu, rakana
lajeng ngajawab, lamun rai tacan ngarti.
235. Sategesna basa Rijal, hartina teh nyaeta Senapati, malah dua nu kasebut,
kahiji Rijalul ‘alam nu kadua Rijalullah eta kitu,Senapati duanana,
kapangkatannana sami.
236. Ngan ari Rijalul ‘alam, Senapati ngagelarkeun Ilmu dohir, Ilmu
Kadewaan kitu, gelaran ti Sayid Anwar, nu nurunkeun para Dewa
kapungkur, nepi ka jaman ayeuna, turun tumuruna rai.
237. Nyekelan Ilmu Istijrad, kagagahan eta anu dicangking, sapanedana sok
dimakbul, lamun hayang bisa gagah, sapertina hayang kuat hayang
weduk, hayang Maen Po ge bisa, ku ditepak ge jadi.
238. Hayang gampang ngarah sarat, hayang nyirep atawa ngemat jalmi,
najan hayang jadi dukun, nyageurkeun nu gering payah, ku ditepak
tempo-tempo sok Kabul, bisa cageur ngadak-ngadak, henteu aya tempo
deui.
239. Kusabab Ilmu Istijrad, naon bae sakahayang bisa jadi, wantu Senapati
kitu, urusan hal kadohiran, tuturunan ti Dewa Guru, terus nepi ka
Ayeuna, turun tumurunna misti.
Layang Muslimin Muslimat
136
240. Malah manusa ayeuna, enggeus campur pagalo ngajadi hiji, malah
Ilmuna ge tangtu, lantaran geus loba pisan, anu nyekel ilmu Kadewaan
kitu, ngakukeun Ilmu Ma’rifat, agama Islam Sajati.
241. Pedah sakur panedana, sok dikabul naon bae tekad ati, sanajan hayang
patepung, jeung karuhun nu geus wafat, ku ditepak ge harita geus
tangtu tunduh, nya terus ngimpi patepang, jeung karuhun nu geus mati.
242. Tapi anu masih aya, anu tacan sampurna Rohna rai, anu marakayangan
kitu, anu aya keneh didunya, tangtu bisa dina sare bisa patepung, tatapi
nu sampurna mah, weleh teu bisa kapanggih.
243. Lajeng raina haturan, Pasal eta Rijalul ‘alam kaharti, Senapati Dewa
Guru, turunan ti Sayid Anwar, kantun eta Rijalullah, timana turunanana,
tabeatna kitu deui.
244. Rakana teras ngajawab, pasal eta Rijalullah mah rai, turunan anu
kasebut, ti Syaidina Anwas, nu nurunkeun turun-tumuruna Rasul, teges
Senapati Allah, nu ngagelarkeun bumi.
245. Sare’at sareng Hakekat, jeung Tarekat Ma’rifatna kitu deui, tepi ka poe
panutup, tuturunanana natrat, terus bae Agamana ge nya kitu, nyekelan
Agama Islam, saksina Qur’an jeung Hadist.
246. Teu nirca tina amarna, nyaeta parentah Kangjeng Nabi Muhammad
Rasulullahu, nyaeta rukun Islam, rukun Iman sadayana ge diturut, raina
enggal ngajawab, nuhun parantos kaharti.
247. Namung rai masih samar, tacan terang sajarahna anu tadi, asal-usulna
kapungkur, Sayid Anwas sareng Anwar, naha eta teh tunggal sadulur,
atawa misah turunan, muga ku engkang pilahir.
248. Rakana lajeng ngajawab, geura kieu eta sajarahna tadi, lamun rai tacan
mafhum, Sayid Anwas sareng Anwar, estu dulur sarama henteu saibu,
ramana anu kasebat, nu jenengan Nabi Isis.
249. Putra Kangjeng Nabi Adam, ngan sahiji anu dijadikeun Nabi, Nabi Sis
anu kasebat, kocapkeun Nabi Sis tea, geus kagungan garwa putri leuwih
lucu, putri geulis ti Sawarga, sang Dewi Mulat kakasih.
250. Gancangna bae nu kocap, Dewi Mulat ngandeg enggeus tilu sasih,
gaduh kakandungan kitu, aya deui anu kocap, hiji putri aya didasaring
laut, ngaranna Dewi Jelajah, nyaeta anak Idajil.
251. Sang Idajil la’natullah, nu dibendon tadi ku Maha Suci nu asal
Malaikatu, kocapkeun Dewi Jelajah, hiji mangsa jeung Nabi Sis geus
patepung, keur pelesir jeung garwana, ngalantung sisi basisir.
252. Dewi Jelajah kabita, ningal Nabi kasepna kaliwat saking, cahayana mani
mancur, gancangna Dewi Jelajah, geus teu tahan ngabijilkeun akal tipu,
terus eta Dewi Mulat, disamber henteu katawis.
253. Diserenkeun ka Bapana, sarta terus ditenung sama sakali, Dewi Mulat
geus teu emut, saperti anu sare tibra, kakocapkeun Dewi Jelajah
dipungkur, wantu-wantu anak setan, sacipta-ciptana jadi.
Layang Muslimin Muslimat
137
254. Digedogkeun salirana, diijabah manehna salin rupi, ilang rupana
kapungkur, ceples rupa Dewi Mulat, Nabi Isis teu terang aya nu
nyamur, raos garwana nu enya, teu terang aya nu nyalin.
255. Gancangna bae geus mulang, ka bumina pakaleng-kaleng jeung Nabi,
kocapkeun anu dicatur, biasa bae jeung garwa, geus salulut dina jero
tempat tidur, teu lami deui waktuna, geus reuneuh deui Nyi Dewi.
256. Parantos gaduh kakandungan, sanggeus boga perasaan Nyai Dewi, boga
ingetan rek wangsul, barang dina hiji mangsa, tengah peuting keur
meujeuhna simpe kitu, Nabi Sis keur kulem tibra, ditinggalkeun ku Nyi
Dewi.
257. Balik deui ka bapana, gancang bae bapana ge indit, mawa putri nu
ditenung, dipulangkeun ka Nagara, diebogkeun dina jero tempat tidur,
digedengeun carogena, nyaeta Jeng Nabi Isis.
258. Duanana teu mirasa, dipacikeuh anjeuna ku Idajil, kocap deui anu
dicatur, Dewi Mulat geus waktuna, ngababarkeun murangkalih sarta
mulus, jeung moncorong cahyana, murangkalihna lalaki.
259. Kasep taya papadana, wantu-wantu nu bakal nurunkeun Nabi, para
Wali Mu’min kitu, nya teras dijenengan Sayid Anwas nu geus pada
nyarebut, kocapna Dewi Jelajah, garwa anu palsu tadi.
260. Ngababarkeun deui putra, sami bae putrana oge lalaki, jenengannana
disebut Sayid Anwar katelahna, sanggeus ageung yuswana sapuluh
taun, ka ibu nanyakeun rama, saha ari rama abdi.
261. Teu hese deui ibuna, terus terang ka putra teu lila deui, ibuna gancang
cacatur, yen tuang rama ujang, Nabi Isis putra Nabi Adam estu, di
Nagara jadi Raja, barang ku putrana kakuping.
262. Anjeunna teras pamitan, bade nyusul ramana di nagri, bade
nyuhunkeun diaku,diangken yen putrana, hanteu lami murangkalih teh
geus cunduk, geus tepang sareng ramana, nyaeta Jeng Nabi Sis.
263. Yaktos dina sagokan mah, teu diangken ku rama sama sakali, ditampik
henteu diaku, kabujeng aya dawuhan, nyaeta Nabi diturunkeun wahyu,
yen enya eta teh putra, Ibuna Jelajah Dewi.
264. Nu bakal nurunkeun Dewa, nu teu nurut kana agama Yang Widi,
tekadna hayang ngaratu, sasat ngan Allah sorangan, malah-malah
saumurna embung pupus, satungtung ayana dunya, memeh ruksak
bumi langit.
265. Ari eta Sayid Anwas, anak maneh anu cikal enggeus pasti, nu bakal
nurunkeun Rasul, nurunkeun para Anbiya, enya eta para Nabi Wali kitu,
jeung para Mu’min sadaya, nu nurut Agama Aing.
266. Kitu rai sajarahna, Sayid Anwas sareng Sayid Anwar tadi, jadi
kusababna kitu, ayeuna geus akhir jaman, geus pacorok turunannana
patepung, turunan Anwas jeung Anwar, geus gulung ngajadi hiji.
Layang Muslimin Muslimat
138
267. Geus loba jalma Kadewaan, baster Bapa Dewa Indung Jalmi, Agamana
ge pon kitu, campur geus sarosopan, da buktina loba anu niru-niru, niruniru
siga Islam, caritana make dalil.
268. Malah-malah aya tarekatna, niru-niru tarekatna para Wali, dipake
kedokna kitu, dipake mipindingan, mipindingan enya eta ilmu tenung,
ngakuna mah kabatinan, tapi buktina mah lain.
269. Puguh ilmu kadohiran, da buktina ditembongkeun di dohir, Istijradna
ilmu tenung, jeung teu kudu ditapaan, asal bae percaya terus jeung
kalbu, sagala ge di ijabah, jeung kalimahna di puhit.
270. Najan nyokot nyawa jalma, ku ditepak harita geus hanteu eling, kawas
nu sare malulu, tapi ka jalma salancar, anu henteu boga kayakinan kitu,
kapercayaannana ka Allah, sinareng ka Kangjeng Nabi.
271. Gampang pisan katerapna, ku dipencrong beungeutna eta jalmi, lamun
imanna teu teguh, maunatna sok kaluar, ngaburinyai katingali gancang
dikepuk, ditepak lebah-lebahna, nya terus bae teu eling.
272. Siga anu sasarean, anu tibra sarena teu eling-eling, sidik pisan ilmu
tenung, hirup tapi hanteu obah, da buktina nafasna mah ongkoh terus,
kitu eta padikana, netepkeun laa haola tadi.
273. Nu matak urang sing awas, lamun bae rek neangan elmu batin,
mangkade bisi kapalsu, ku ilmu Rijalul ‘Alam, kajabana mun ku urang
nu dimaksud, nyiar ilmu kadohiran, nya mangsa bodo teuing.
274. Raina lajeng haturan, margi eta rai kedah dipaparin, cicirenna eta ilmu,
ilmu Rijalul ‘Alam, bilih rai engke kapalsu dipayun, rakana lajeng
ngajawab, kieu cirina teh rai.
Asmarandana
275. Cirina nu saperkawis, dina waktu rek narima, nampa eta tarekat teh, teu
nganggo kudu puasa, dina samemehna nampa. Jol prak bae dipiwuruk,
teu aya bema karama.
276. Sarsilahna kitu deui, teu Bismillah teu Syahadat, jeung ari saenggeusna
teh, kudu bae sok ditepak, dina palebahan tarang, anu jadi mah sok
terus, neunggeulan badan sorangan.
277. Terus nangtung jeung sisirig, pek hut het maenpo sorangan, tah kitu
padikana teh, coba ku rai dimanah, anu kitu polahna, eta teh Agama
Rasul, asa pamohalan pisan.
278. Teu cocog jeung Hadis Dalil, sanajan aya Ru’yatna, lain Ru’yat nu
sayaktos, Johar Firid nu kitu mah, cahya dunya kasebatna, bagian
Banujan kitu, atawa para Dewa.
279. Da kapan Dewa mah rai, jasadna ngabadan cahya, ceuk dina sajarahna
ge, maotna para Dewa mah teu terus ka Akherat, surup sinurupan kitu,
losna ka Sawarga Loka.
Layang Muslimin Muslimat
139
280. Ciri kadua perkawis, mun geus nyangking ilmu eta, hanteu kudu
marigawe, kana amal Rasulullah, patokanana Islam, ari sababna da
puguh, sok jadi aya matakna.
281. Sok camal ilmuna rai, teu jadi pangawasana, mun khusu ka Agama teh,
anu matak sidik pisan, lain ilmu kabatinan, estu keur didunya wungkul,
tara dirampid ilmu mah.
282. Ilmu dohir keur di dohir, pikeun nganteur nafsu hawa, batin mah keur
batin bae, kajaba mun getol tapa, saperti Wali baheula, karamatna tangtu
timbul, bisa dipake di dunya.
283. Tapi lain kana Julig, tara nirca tina sara, sareng tara boga hate, hasud
takabur sareng ria, ngaku luhur sorangan teu pambrih dipuji batur,
jeung geus teu hayang dudunya.
284. Ciri nu katilu perkawis, tabe’at Rijalul ‘Alam, saurna sok harung
gampong, ngagedekeun ujub ria, takabur caritana, ngaku ilmu aing
punjul, sadunya ge moal aya.
285. Lamun kitu eta sidik, ical ti patokan Islam, taya pisan sucina teh, kapan
tadi ceuk Islam mah, tekad kitu teh teu meunang, sumawon ujub
takabur, ngahina ka papada jalma.
286. Kapan manusa mah rai, teu ngabogaan kawasa, bodo tur taya kanyaho,
jadi mun boga tabe’at, ujub takabur ria, nyaruaan Maha Agung, ngaku
aing jadi Allah.
287. Nu sarupa kitu rai, lain tabe’at manusa, Idajil anu di tiron, sabab ngan
tabe’at setan, anu wani nyaruaan, kana kawasa Yang Agung, mangpang
meungpeung keur di dunya.
288. Sabab engke mah di akhir, dina geus kiamat dunya, geus dipatok ku
Yang Manon, bakal langgeng di Naraka, dina intipna Jahanam, sakancakancana
tangtu, nyaeta nyawa manusa.
289. Anu waktuna di dohir, nu biluk ka tabe’atna, milu Musyrik ka Yang
Manon, jeung teu nurut ka Amarna, parentahna Rasulullah, utusan Yang
Agung, tetep keur eusi Naraka.
290. Raina ngalahir deui, parantos percanten pisan, anu tabe’at kitu teh,
eukeur waktuna di dunya, pibatureunana setan, cadang Naraka Waelul,
anu kalangkung poekna.
291. Ayeuna mah aya deui, nu ditaroskeun ka engkang, pasal nyawana nu
maot, nyawana eta kamana, ku rai tacan kapaham, naha bijil naha asup.
Tina kurungan manusa.
292. Rakana lajeng ngalahir, perkara nyawa manusa, ceuk kitab mah geus
diparios, ditetepkeun yen kaluar, bijil tina kurungan, jalanna oge
kaluhur, nya kana embun-embunan.
293. Raina ngalahir deui, upami nyawa manusa, make kaluar mah tangtos,
meureun masih ka kurungan, ku ieu alam dunya, atuh mun kitu teu
wangsul, tetep di pangumbaraan.
Layang Muslimin Muslimat
140
294. Ceuk rakana bener rai, eta cariosan kitab, yen nyawana manusa teh,
kaluar tina kurungan, tapi nyawana manusa, anu hanteu bisa wangsul,
lantaran hanteu kapendak.
295. Sareng jalanna di dohir, jalan balik ka Akherat, kana asalna bareto,
hanteu kapendak ilmuna, ilmu nganyahokeun asal, nya tangtu bae
kasorang, manggih poek sakaratna.
296. Mun poek mah tangtu rai, moal ninggal aya jalan, dihijab hanteu
katembong, nya tangtu nyasab jadina, rasana ge tangtu eungap,
sakaratna renghap ranjug, tina ku bakating eungap.
297. Lila-lila bitu pasti, ibaratna dina ban mah, kaliwatan ngompana teh, nya
tangtu bitu jadina, nu mawi akang percaya, yen nyawa bijil tina wujud,
nobros ti embun-embunan.
298. Nya tetep aya di dohir, dina jero Haqul Adam, marakayangan terusna
teh, kapan sidik kabuktian, ieu di jero alam dunya, ku Dedemit ampir
pinuh, bangsa Onom jeung Siluman.
299. Numawi urang di Dohir, hirup ulah kajongjonan, buru-buru memeh
maot, geura teangan ilmuna, ilmu kasampurnaan tea, tarekatna sing
kasusul, sing nepi ka ma’rifatna.
300. Kana asal urang tadi, jeung jalanna kudu sorang, dipigawe saban poe,
sabab urang sing rumasa, ganti menit jeung ganti jam, umur urang
kapan maju, ngadeukeutan ka Akherat.
301. Kudu dibarengan misti, disorang jalanna wafat, poma ulah lelewodeh,
bisi tinggaleun engkena, mun geus tepi ka waktuna, Roh jasmanina teu
katut, nyawa teu kabawa mulang.
302. Tinggaleun aya di dohir, tetep dina Haqul Adam, dina kurungan
pabuen, teu balik ka Haqullah, nya eta sifatna Iman, kana Nurna Maha
Agung, akherat nu sajati.
303. Ceuk raina nembe harti, pasal nyawa nu kaluar, bijil ti kurungan teh,
nyaeta nu sampurna, kumaha sabalikna, nyawa jalma nu kasebut, nu
ngaran sampurna tea.
Nerangkeun Kasampurnaan Nyawa
304. Rakana ngajawab deui, pasal nyawa nu sampurna, teu kaluar teu kajero,
hanteu tetep-tetep acan, da basana ge sampurna, hartina kapan geus
puguh, basa sampurna teh beak.
305. Sirna sampurna beresih, mun mungguh dina damar mah, pareum beak
minyakna teh, beak hurung beak panas, beresih taya sesana, hurungna
ibarat nafsu, panasna ibarat rasa.
306. Minyak teh eta rai, ibaratna Rohna manusa, sadayana oge seep, bareng
bae teu ayana, beresih taya sesana, henteu aya nu kakantun, kitu anu
sampurna mah.
Layang Muslimin Muslimat
141
307. Raina haturan deui, kaharos ari kitu mah, basa sampurna teh seep, tapi
kumaha terasna, saparantosna beak, naha teras bae kitu, ngan sasemet
beak tea.
308. Saperti asalna tadi, teu aya ngeunah teu ngeunah, suwung taya nanaon,
ceuk rakana aeh kutan, ku rai tacan kamanah, atuh mun cara kapungkur,
teu aya ngeunah teu ngeunah.
309. Saperti memeh ka dohir, martabat hewan kitu mah, sabab ngan ngan
martabat sato, anu hanteu ngabogaan Naraka jeung Sawarga, sabab ku
dalil disebut, nyaeta Kuntu turobba.
310. Kieu hartina teh rai, pangandika Gusti Allah, ka sadaya sato-sato, asal
maneh hanteu aya, ayeuna ngajadi aya, sanggeus engke aya tangtu, balik
deui ka teu aya.
311. Taya Naraka taya Sawargi, nyaeta ngeunah teu ngeunah, balik ka asal
bareto, waktu samemeh ka dunya, nu matak teu katetepan, teu boga
Agama kitu, beda deui jeung manusa.
312. Kapan manusa mah rai, dina dalilna ge beda, kieu dalilna ge eces, Kuntu
kanjan makhfian, eta bagian manusa, hartina teh kapan kitu,
pangandikana Gusti Allah.
313. Manusa teh asal tadi, tina asal teu aya, dikersakeun ku Yang Manon, tina
euweuh jadi aya, gumelar di alam dunya, tapi engke dina waktu,
sanggeus mulang ti dunya.
314. Bakal disampakeun deui, siksaan sareng ganjaran, nya eta nu kacarios,
Naraka Sareng Sawarga, Naraka pikeun tempat, nyawa jalma nu
dihukum, anu teu nurut parentah.
315. Barang Sawarga mah rai, pikeun tempat sadiaan, ganjaran Gusti Yang
Manon, nyaeta kanu sampurna, geus tangtu bakal nampa, ganjaran ti
Maha Agung, ni’mat taya upamana.
316. Raina ngalahir deui, hal perkara nu diganjar, ku engkang geus dicarios,
nya eta anu sampurna, tegesna anu beak tea, naha naonnana atuh, anu
narima ganjaran.
317. Ku rai tacan harti, rakana lajeng ngajawab, bener anu diganjar teh,
manusa anu sampurna, nyaeta anu seep tea, seep rasa seep nafsu, seep
ka wujud-wujudna.
318. Mung ulah kaliru rai, yen anu kudu sampurna, nyaeta rasa dunya teh,
anu dipake ayeuna, teu ngeunah najan ngeunahna, sumawonna nafsu,
sadaya ge kudu sampurna.
319. Saupama rasa dohir, tegesna rasa jasad, nu ayeuna keur dipake, bisa
sampurna sadaya, tegesna beak tea, engke aya anu timbul, rasa anu
saenyana.
320. Nu kasebat rasa jati, tah eta nu bakal nampa, ganjaran Gusti Yang
Manon, ni’mat nu taya bangsana, sarta langgeng hanteu pegat, raina
lajeng mihatur, duh engkang kahartos pisan.
Layang Muslimin Muslimat
142
321. Nu nampa ganjaran Gusti, engke waktu di Akherat, anu bakal nampana
teh, rasa sajatina tea, rai parantos percaya, mung bae rada bingung, dina
rasa jati tea.
322. Naon eta anu ngajadi, rasa anu sajatina, rakana enggal ngawalon, lamun
rai can terang, Rasa Jati asalna, aci tina rasa Wujud, Rasa jasmani ayeuna.
323. Engke mah rasa jasmani, jadi hampas ibaratna, tatapina kitu oge, mun
ayeuna di dunyana, kapanggih sareng ilmuna, ilmu kasampurnaan kitu,
lamun henteu kapanggih mah.
324. Tetep bae eta misti, rasa dunya nu ayeuna, bakal kababawa bae,
langgeng teu aya anggeusna, pantes atuh mun kitu mah, bakal nyorang
enggeus tangtu, nyorang sagala siksaan.
325. Pendek bae mun di batin, make rasa nu ayeuna, nu dipake di dunya teh,
moal rek bisa narima, ganjaran ti Gusti Allah, Sawarga moal asup, tetep
keur eusi Naraka.
326. Sabab ari ni’mat batin, sanes keur bagian rasa, rasa dunya ayeuna teh, da
kapan rasa dunya mah, ngan ukur pikeun nampa, kani’matanana
wungkul, sanes pikeun nampa ni’mat.
327. Raina ngalahir deui, kutan teh aya bedana, ni’mat jeung kani’matan teh,
ceuk rakana tangtu beda, ari eta kani’matan lamun rai tacan mafhum,
anu make pagawean.
328. Saperti urang di dohir, resep betah dinu caang, kapan make dipigawe,
buktina kudu ditingal, tunggal keneh pagawean, najan boga imah alus,
ngeunahna kudu ditingal.
329. Malah saresmi jeung istri, eta oge kani’matan, sabab make dipigawe,
jeung tangtu aya bosenna, teu langgeng salamina, tah rasa dunya mah
ukur, sakitu bagiannana.
330. Dupi ni’mat Maha Suci, nyaeta Sawarga tea, eukeur di batin mah engke,
teu kalawan pagawean, teu dituang teu ditingal, teu diangseu teu
didangu, kapan dalilna oge aya.
331. Ceuk dina unggeling dalil, Maa laa ‘Aena Roat, jeung aya saterasna teh,
Wa laa Udunun Sami’at, kieu eta hartina, mungguh Sawarga Yang Agung,
henteu katinggal ku soca.
332. Hanteu kadangu ku cepil, geus teu make pagawean, mung ni’mat anu
karaos, atuh mun kawas di dunya, meureun Sawarga teh tempat, aya
gedong nu aralus, istri-istri nu arendah.
333. Enya soteh unggel Hadist, dicarioskeun ku kitab, dirupakeun ku
gedong-gedong, sareng Widadari tea, rupa-rupa kaanehan, sangkan
manusa narurut, kabita ku kaayaan.
334. Jeung supaya sieun deui ku Naraka Akherat, anu matak ku Hadist teh,
disapertikeun di dunya, Naraka teh seuneu panas, godogan timah nu
hurung, pitempateun nu doraka.
Layang Muslimin Muslimat
143
335. Tapi mun menurut dalil, anu bieu diluhur tea, Sawarga teh hanteu
tembong, atuh nyatana Sawarga, ngan wungkul bae ngeunah, Naraka ge
pon kitu deui, ngan wungkul bae nyerina.
336. Lamun di Naraka api, panas bae nu karasa, lamun di Naraka poek,
eungap bae karasana, pon kitu mun di Naraka, keur dina Naraka banyu,
tirisna anu karasa.
337. Di dunya ge kapan bukti, lamun keur muriang panas, awak teh asa
digodog, tur seuneuna mah teu aya, najan dina nirisan, tirisna kapan
sakitu, hanteu beunang disimbutan.
338. Tur kapan teu aya cai, ngan mungguhing di dunya mah, lamun nampa
Naraka teh, nyaeta nampa teu ngeunah, sok rajeun aya cageurna, kitu
deui urang lamun, nuju aya kani’matan.
339. Tara langgeng bae rai, sok bae aya tungtungna, nyorang deui Naraka
teh, tatapi ari engke mah, urang di alam Akherat, ngeunah teu ngeunah
teu campur, teu saperti waktu di dunya.
340. Di Akherat mah geus misti, lamun jatoh ka Naraka, tetep teu ngeunahna
bae, langgeng teu aya watesna, kitu deui lamun urang, jatoh ka Sawarga
kitu, langgeng dina ni’mat tea.
341. Raina milahir deui, ni’mat teh anu kumaha, naha di dunya ge nyondong,
eta anu ngaran ni’mat, rakana teras ngajawab, di dunya mah ngan
saukur, saper sarebu Akherat.
342. Anu mana saur rai, ni’mat saper sarebuna, nu katampa ku urang teh,
rakana enggal ngajawab, tah eta sare tibra, dina waktu hanteu emut,
keur poho ka alam dunya.
343. Tapi lain waktu ngimpi, nyaeta di waktu tibra, keur poho ka naon-naon,
tah eta ni’mat Akherat, nu saper sarebuna, geuning karek ku sakitu, rasa
jasmani teu kuat.
344. Geus beak sama sakali, geus ilang dunya barana, boga duit ewon-ewon,
najan anak pamajikan, anu tadi dipicinta, lebah dinya mah teu emut,
ni’mat bae anu aya.
345. Tah eta kapan geus sidik, anu nampa ni’mat eta, nya eta rasa jati teh, da
rasa jasmani mah, kapan enggeus hanteu aya, nya rasa jati nu timbul, aci
tina rasa jasad.
346. Ari rasana jasmani, asal tina katuangan, da kapan eukeur waktu orok,
samemehna di daharan, ku aci-aci nu opat, aci seuneu angin banyu,
geuning tacan boga rasa.
347. Ayeuna mah enggeus wengi, itu jam geus tabuh dua, urang parantosan
bae, gampang isuk pagetona, lamun rai masih aya, dina manah nya
kabingung, taroskeun deui ka engkang.
Tamat Jilid ka IV

No comments:

Post a Comment